Nganjangan - Pangalaman Mitra
Nganjangan - ku Rahmat Sabilulungan
Kuring nurut. Tapi karék gé nurunkeun setandar, geus disemprot deui. Ari sugan téh motorna wungkul, geuning jeung nu bogana. Komo inget bahayana cairan disinfektan mun keuna kana kulit. Lebar meunang mandi satakerkebek ari disebrot ku cai wipol mah.
Ceuk dina rumpaka lagu mah demi kabogoh téh daék mapay jalan satapak, ogé meuntas laut, leuweung, gunung. Dina mangsa keur mahabuna Covid-19 mah caritana béda deui. Najan aya PSBB gé teu gedag kaanginan pikeun ngapélan kabogoh.
Apél ka imahna téh bedo waé ti saprak dilaksanakeun physical distancing nepi ka ayeuna aya Pembatasan Sosial Berskala Besar (PSBB). Ti bulan Rajab nepi ka ayeuna Romadon, inggis Syawal gé teu kacumponan niat silaturahmi ka kolotna Putri téh. Tungtungna mah peuting katilu puasa, nékad indit.
Modusna mah api-api deuk milu tarawéh di masjid nu teu jauh ti imah Putri. Matak dina setelénna gé diluyukeun, jerona mah kaméja ka handapna calana chino. Bismillah, geuleuyeung indit. Jalan lowong. Barang deuk bélok ka komplék Imah Putri, aya portal nu dijaga ku sababara urang. Ampir-ampiran teu bisa asup, alusna salah saurang pengurusna téh wawuh, kuring bisa ngaliwat, tapi aya saratna.
“Wayahna nya disemprot heula,”

“Sok ayeuna mah meunang ngaliwat. Kadé apélna ulah lila teuing bisi dikawinkeun ku hansip. Komo usum Corona mah moal loba teuing kaluar duit,” babaturan ngaharéwos.
Maksakeun seuri najan haté mah ngabagel.
Laju nuluykeun deui lalampahan.
Sanepina imah kabogoh, kuring dibagéakeun. Atoh puguh gé. Najan kabungah téh teu lila da ningali pasemon robah.
“Aa naha baraseuh? Jeung éta barodas deuih!” tanyana téh bari nutupan liang irungna.
Hémeng puguh gé. Barang ditingali deui téh, beu, Gusti. Teuing sakumaha wipolna mani nanggleg. Ningali motor gé sarua barodas. Duh nya jaba karék nyicil sataun, inggis kotor permanen dina kaper jeung ngaruksak onderdil.
Niat asup ka imah téh ditunda heula. Kaéraan sing demi gé. Komo mun nepungan kolotna, teu pédé deuk ngobrol téh.
Nya kuring inisiatif nyalingker ka tukang, kabeneran aya jamban. Ceuk Putri maha aya dua jamban téh nu di luar jeung di jero. Dititah ka jero téh wegah, pan caritana gé embung cambéwék disinféktan.
Jamban nu di luar gé kasebut lengkep, ngan pédah luhurna henteu ditutupan. Pindingna gé rada pendék, sataktakeun. Jadi saha waé nu aya di jero téh bisa kaciri ti luar.
“Néng, ulah noong nya?” cekéng téh da ningali manéhna terus wé mencrong. Ari geus dikitukeun mah pan ngabalieur.
Cingogo heula da asa kumaha muka baju katempo ti luar. Nyabak jakét téh enya wé carepel. Siga nu loba teuing campuran batan caina. Pantes wé deuk ngahiek gé. Gancang wé dibuka, disampaykeun. Terus muka kaméja, tunda gigireun jakét. Ungas-ingus kana awak mah da masih seungit sabun jeung parfum. Kapikiran wéh teu kudu gegejebusan, cukup nyemprotkeun minyak seungit wé kana baju, sugan éta cairan disinfektan téh bisa katindih. Teu kudu mandi, katiris-tiris.
Sabot leungeun ngararampa kana kantong leutik, kadéngé sora panto dituturkeun sada suku ngaléngkah.
“Putri, nuju naon di luar? Bantosan Mamah masak daging hayam kanggo engké saur méh kantun ngahaneutkeun. Tos kénging Bapa nyabutan buluna,”
“Bapa kélaaa…” ceuk Putri mani harus.
Byur… aya nu miceun cai ti luar. Cai hanyir jeung loba bulu hayam.
“Di lebet jamban téh eusi jalmi, Pa.”
“Oh, saha kitu?”
Jung nangtung. Di luar jamban kasampak aya bapa-bapa ngajingjing ember nu masih narapel bulu hayam. Putri bangun hareugeueun. Tapi tuluy seuri bari nutupan baham.
“Aéh Ujang téh saha? Punten manawi téh teu aya nu ngiring ka jamban.” ceuk éta Bapa-bapa.
Kuring bingung rék némbalan naon. Nu sidik mah, niat mandi teu bisa diengkékeun. Lolos tina disinfektan, kasémbor cai urut nyabutan bulu hayam.***
Katerangan:
Carlu Nganjangan karya Rahmat Sabilulungan téh parantos medal di Mangle nomer 2781.