Skip to main content

Teluh - Carita Pondok Sunda

 TELUH – Sanggeus amitan ka Ceu Yuni, Hérman ngabiur ka imah Nyi Acah, adina. Pasemonna baketut, duméh teu tepung jeung Amir, lanceukna. Puguh wéh Nyi Acah colohok ningali lanceukna nu balik ti Bandung bari jeung ujug-ujug némbongkeun SMS kawas kitu.

"Abdi mah awéwé Kang, héngkér. Kumaha alusna waé. Ngan kahayang mah ulah nepikeun ka dijual, Kang Hérman ogé meureun apal kumaha pérjuangan bapa basa mikahayang éta sawah, ceuk paribasana nepikeun ka dahar ogé karo uyah. Ayeuna rék dijual ka Ki Sapta bari jeung dimumurah, punten!" ceuk Nyi Acah sasat ngahulag.

"Enya. Sarua kahayang akang ogé, keun wé sawah nu éta mah itung-itung pusaka. Ngan ari kahayang Kang Amir kitu mah urang moal bisa ngahalangan. Manéhna lanceuk lalaki panggedéna."

"Ngan éta wéh nu teu panuju téh ku eusi SMS-na maké jeung ngancam sagala. Ka urang téh ngaréken budak rodék hulu meureun, maké jeung nyabit-nyabit sual waragad urut bapa basa dirawat di rumahsakit sagala. Pan sidik bapa mah bogaeun kartu jaminan kaséhatan ti pamaréntah," ceuk Nyi Acah bari semu jejebris.

"Lamun Kang Amir keukeuh peuteukeuh hayang kitu, hayu urang riungkeun wéh jeung pangurus. Urang bagikeun heula, kumaha dinya teuing bagéanana mah rék dijual ogé," ceuk Hérman ka nu jadi adina. 

Duanana sapuk yén isuk rék babarengan nepungan lanceukna. Di luareun imah sapasang ceuli teu sirikna dirancung-rancungkeun ngadédéngékeun obrolanana. Biwirna nyéréngéh, bangun nu nyidem niat nu teu hadé.

Peuting mingkin jempling. Di luar kadéngé sora hujan ngaririncik.

Hérman nu ngarereb di imah adina, gulinggasahan teu daék saré. Haténa teu puguh rasa, lalewang tur seseblakan. Bréh, ngalangkang beungeut indung-bapana bangun nu nganaha-naha mun téa mah teu bisa mélaan titinggalna.

Séoor, séoor! Sora angin ngagelebug dibarung tingcungungungna sora anjing nu babaung. Riyeg! Imah inggeung bareng jeung sora nu ngagarapak kana suhunan. Hosss... Hosss....! Kadéngéna sada sora éntog, kaayaan jadi geueuman. Keur kitu... Hi-hi-hi-hi-hi...! kapireng sora awéwé nyikikik matak kukurayeun. Hérman ngoréjat, tuluy babacaan sabisa-bisa mapatkeun dunga panyinglar.

"Tulung..., nyeri ..., aduh ...!" kadéngé sora nu jejeritan, anu jolna ti kamar adina, geuwat diburu.

"Cah...! Acah!" pokna bari ngetrokkan panto kamarna. Euweuh nu némbal, ngan kadéngé sora nu tinggareblug. Teu loba catur, panto kamar Nyi Acah diteumbrag satakerna. Braaak! Bréh, katempo Nyi Acah keur adug songkol. Leungeunna tipepereket nyekék beuheung sorangan. Puguh wéh Hérman reuwaseun.  "Cah! Éling, Cah!" Hérman nyekelan leungeun adina, bari tuluy ngagorolang maca Ayat Kursi. Acah teterejelan hayang leupas ngan teu burung bisa diungkulan, antukna ngalempréh bangun nu béak tanaga, ngan kaciri ambekanana nu rénghap ranjug.

Hérman ngarénjag melong beuteung adina nu bureuyeung kawas nu sagebroleun.

"Teluh...? Kutan téh di jaman kiwari ogé masih kénéh aya nu nyangking élmu kararitu?" gerendengna bari gogodeg.

Sora angin mimiti leler, dina kaayaan bingung Hérman ka luar, tuluy nepungan Mang Jumad tatanggana. Teu lila Mang Jumad jeung Bi Lilis tingkurunyung.

"Téang Bah Salya, Jang!" ceuk Mang Jumad, bari ngomprés sirah Acah nu karasa nyebrét. Teu talangké Hérman rurusuhan muru ka Ciganéo, kawantu rada anggang kapaksa ménta dianteur ku Iwan budak Mang Jumad. Kaparengan di jalan amprok jeung Kohar nu peuting éta kapapancénan ngaronda, nu ngalanteur téh katambahan ku Ucup jeung Hambali. Ari Kohar mah geuwat muru ka imah Nyi Acah, sakalian nyampeur RT.

***

  "Cik caritakeun kumaha mimitina ieu téh, Jang Hérman?" Bah Salya tumanya, hayang nyaho kasang tukangna. Sabab ceuk ironganana durukan moal ngagugudag mun teu disuluhan. Tuluy ku Hérman didongéngkeun naon rupa kajadian nu geus kaalamanana.

  "Pokona mah moal néangan jurig teu kadeuleu, pasti pagawéan manéhna!" ceuk Hérman basa mungkas caritaanana.

  "Ké heula, Jang! Ulah waka nuduh saacan aya bukti."

"Pan ieu buktosna, Bah!" ceuk Hérman nunjuk beuteung adina.

"Bisa. Ngan teu cukup pikeun nyokot kacindekan saha-sahana nu boga pagawéan. Pikeun ngabuktikeun kacurigaan Jang Hérman wayahna ayeuna kénéh téang Jang Amir!" ceuk Bah Salya nitah Iwan jeung ronda sangkan néang Amir di Cigurawés. Bari nungguan Bah Salya ménta cai hérang dina siwur batok. Rada kotététéngan puguh gé, kawantu sanajan enya di pilemburan ayeuna mah geus arang nu boga. Untung aya nu nuduhan yén Ma Iti bogaeun.

Cai 'na siwur téh ditundaan hinis haur konéng jeung kembang tujuh rupa.

"Wayahna kabéh babacaan sabisa-bisa! Ieu nu ngirim teluh lain jalma sabongbrong, élmuna éstuning geus masagi," ceuk Bah Salya ngingetan ka nu araya di dinya. Reup peureum, biwirna kunyam-kunyem. Clom, nganclomkeun curukna kana cai. Kajadian saterusna matak hookeun, teu kahontal ku akal cai téh ngajorojos lir nu diancloman beusi panas.       "Astaghfirulloohaladziim.... Allohu Akbar!" méh bareng saréréa maca istighfar.

Di luar sora angin tinghariuk. Hossss... Hosss..., geleger! Kapireng deui sora loklok ditéma ku sora guludug. Kulisik, Nyi Acah lilir. Jegoh, jegoh, orolo...! Batuk tuluy ngautahkeun getih kentel semu hideung. Padanyusutan.

"Innalillahi wa innailaihirrojiun.... Beu, untung masih kénéh aya dina panangtayungana Na, Si Nyai téh, mun seug keuna ka nu séjén mah biheung kumaha? Yeuh, inumkeun!" Bah Salya ngasongkeun cai dina siwur. Nyi Acah ngalekik bangun nu tuhureun.

Kaayaan di luar mimiti jempling, sora-sora nu tadi kukurayeun geus teu kadéngé deui. Bah Salya nyusutan késang nu renung dina tarangna.

Teu lila kadéngé sora tinggarebligna dampal suku, tuluy kadéngé nu uluk salam. Bray, panto dibuka singhoréng téh Amir bareng jeung nu tiluan. Sup.

Teu kanyahoan jol séak téh Herman narajang. Peureupna nyeleber ngincer caréham Amir. Untung kagiwarkeun.

"Heup! Ku naon manéh téh, Hér?" ceuk Amir bari colohok, teu ngarti ku polah adina.

"Manéh nu kasarumahan jurig nanahaon mah, Mir! Ka adi sorangan wani nandasa. Aing mah tibatan paéh dibongohan hayu urang patutunggalan, siah!"

"Meunggeus montong ngalajur napsu, Jang! Ceuk abah ogé kudu aya bukti nu kuat, eum! Mending urang tarékahan heula Si Nyaina karunya," Bah Salya geuwat misah, bari nyekel leungeun nu duaan. Gék, dariuk nyanghareupan Nyi Acah nu ngagolér.

"Sakanyaho abah nu boga élmu kitu patut téh iwal ti jenatna Bah Doblang. Ngan nu can kapikir saha nu geus ngawaris élmuna, nya? Da asana mah teu bogaeun murid," ceuk Bah Salya bari kerung. Nu ngariung tingharuleng nginget-nginget kajadian sawatara taun ka larung.

"Kinten-kinten saha atuh, Bah?"

"Cikan, inget-inget sugan aya nu kungsi boga pasualan jeung turunan Bah Doblang? Da moal mungkin ari nu séjén mah kahiji sakumaha nu dicaritakeun tadi, yén manéhna téh teu bogaeun murid, kaduana nurutkeun béja ti guru abah, yén élmu nu kitu mah bisa turun-tumurun. Ngan pikeun ngabuktikeunana mah hayu urang babarengan tarékahan sangkan Nyi Acah cageur deui, keun engké ogé tangtu bakal aya wewengan," cenah bari nitah ka nu araya di dinya sangkan warudlu. Kabéh narurut, tuluy dariuk ngajajar tukangeun Bah Salya bari ngawirid Asmaul Husna.

Bah Salya gegerenceman, ngetrukkeun élmu panemuna. Leungeunna ngageleter, gap ngarampa beuteung Nyi Acah nu mendeyang. Sawatara kedapan nahan ambekan. Teu lila leungeunna kaciri usik bangun nu keur nyurungkeun barang nu kacida beuratna. Riyeg, riyeg! Imah inggeung. Blug! Di para aya sora nu ngageblug. "Ampuuun..., puanaaas!" teuing ti mana jolna ujug-ujug aya sora nu ngocéak. Sora angin ngagelebug deui. Leungeun Bah Salya ngageterna mingkin tarik, gubag-gibeg kawas nu beurat naker. Brus, leungeunna téh dikana siwurkeun. Cara tadi cai téh ngajorojos deui. Ngebul. Haseupna gumulung ngawangun hiji tangtungan.

"Ngampuuun ngaula naluk! Huh..., huh...." kadéngé deui sora nu ampun-ampunan dibarung jeung humarurung. Ngirung.

"Jung balik siah ka nu geus nitah manéh!" ceuk Bah Salya bari ngadorongkeun leungeunna ka éta jirim. Haseup téh robah kelir jadi beureum tuluy ngabelesat nobros lalangit ninggalkeun tapak nu bolohor. "Alhamdulillah...!" gerendengna, dituturkeun ku nu lian saur manuk. Muji sukur ka dzat mantenNa nu nangtayungan.

"Pék ayeuna mah geura silihlubarkeun! Atuh sual pakaya titinggal jenatna bapa geura bagikeun kalayan nu saadil-adilna nurutkeun hukum agama! Karunya ka nu ninggalan dipaséakeun mah," ceuk Bah Salya méré papatah.

Amir colohok manéhna kakarék nyaho yén adi-adina masualkeun tanah titinggal kolotna. Basa Hérman némbongkeun eusi SMS, Amir kalah ngahuleng, kawantu manéhna teu rumasaeun ngirim SMS sarupa kitu. Bener éta nomer nu manéhna ngan apan sabulan ka tukang téh leungit jeung hénponna.

"Bisi Hérman cangcaya, jung tanyakeun ka Euceuna!" pokna tandes. Hérman jeung Nyi Acah tingharuleng, kakarék engeuh yén maranéhna aya nu ngadukeun.

Isukna pangeusi lembur Ciréyod geunjleung, Ki Sapta perlaya bari dina kaayaan nu matak pikawatireun. Awakna tutung lir nu kabéntar gelap. Ngan nu teu kaharti mun bener nu tumiba ka Nyi Acah téh pagawéan manéhna, kapi kumaha manéhna ka Bah Doblang?Ngan bisa waé mun manéhna téh salahsahiji turunanana, sabab ceuk béja Bah Doblang téh pamajikanana di ditu di dieu.*** Sariwangi, 260419.

Katerangan:

Diserat Ku Dadang Romansyah, Carpon Puriding Puringkak ieu téh parantos medal di Manglé nomer 2732.

Comment Policy: Mangga dihaturanan nulis komentar perkawis artikel dina halaman ieu. Mugia kumpulan carita pondok sunda ieu tiasa janten jalan silaturahmi kangge urang sadayana.
Buka Komentar
Tutup Komentar