Skip to main content

Tangkal Jati Tukangeun Imah - Carpon Sunda

TANGKAL JATI TUKANGEUN IMAH - Seratan Rudi Riadi

 Pamajikan nu mimiti ngaributkeun sual tangkal jati tukangeun imah téh. Cenah aya buta héjoan. Ah, teu percaya. Piraku teuing aya buta héjo dina tangkal jati nu caang ku lampu ti sisi ti gigirna. jurig mah sok ngageugeuhna di tempat nu poék meredong. 

 “Ih, Bapa mah teu percayaan.”
 “Mémang henteu.”
 “Mun asup ka imah urang kumaha?”
 “Moal mungkin da euweuh buta héjona gé.”

 Teu cukup ka kuring ngadongéngna téh deuih. Ka tatangga-tatangga ogé. 
 Sok rajeun ngadédéngékeun mun keur guntreng jeung ibu-ibu, bari nyarepengan hapéna séwang-séwangan – ibu-ibu ayeuna mah geus teu usum sigana ngobrol bari silih siaran téh. Duka saha-sahana mah, da sorana ampir sarua. Ukur apal ku sora pamajikan baé.

 “Mas Ijan nu ngawitan ningal mah.”
 “Oh, muhun ... percanten ka Mas Ijan mah, da anjeunna mah tiasaan.”
 “Tiasaan kumaha?”
 “Muhun tiasaan ningal nu karitu.”
 “Nu karitu naon?”
 “Muhun, ningal nu goib-goib.”
 “Oh, muhun atuh Mas Ijan mah tiasaan ningal nu karitu. Da anjeunna mah sok yasinan unggal malem juma’ah.”

 Naon hubunganana coba, sok yasinan unggal malem Juma’ah jeung bisa ningali jurig. Ah, ibu-ibu mah sok aya-aya waé. Sok disambung-sambungkeun nanaon téh. Bari jeung tara nyararambung.
 Teu disebut nompo. Maksud tukangeun imah téh pédah katénjo ngajegirna upama muka panto tukang. Aya lima puluh méter mah ti imah. Da kahalangan deui ku sababaraha imah. Kapegat ku jalan satapak deuih. Teu kungsi milu riweuh nyapuan kalakayna nu maruragan. Salian ti tangkal jati aya ogé tangkal buah jeung tangkal kupa. Tangkal jadi ku manéh, da éta mah tanah batur nu teu kungsi apal saha nu bogana. Tara aya nu ngaku deuih ku saha éta tangkal téh dipelakna. Jadina gé paselang jeung ngajijimbrungna rungkun-rungkun.
Tangkal Jati Tukangeun Imah - Carpon Sunda

Mun arék gé nu gujrud mah tatangga nu deukeut pisan kana éta tangkal. Imah Pa Adnan, satpam salahsahiji bank, nu nampeu pisan kana éta tangkal. tapi manéhna teu kungsi kabéjakeun ngangluh. Adem ayem waé. kalahka pamajikan nu ribut téh. Nyung-Nyong ka ditu ka dieu, ngadongéngkeun nu can puguh benerna.

 “Ulah waka héboh, ih. Hayoh ké dianggap hoak.” cekéng hiji mangsa.
 “Ah, ceuk Mas Ijan gé ayaan.”
 “Ari Ibu geus kungsi ningali buta héjona acan?”
 “Acan.”
 “Nya, enggeus atuh, ulah haliwu! Keun baé antep sina jongjon si jurig téh di dinya. Boa kétang harita mah Mas Ijan téh ningalina pas éta buta héjo keur ngadon istirahat di lebah dinya. Can puguh nu ngageugeuh.” pok téh deui bari nyéréngéh. Ngahaja wé diheureuyan. Sauted ogé kuring mah teu percaya.

 Kungsi éta gé nanyakeun langsung ka Mas Ijan. Iseng wé nanyakeun sotéh bari hayang ngalonyéng. 
 “Bener dina tangkal jati téh aya buta héjo, Mas?”
 “Leres Pa Burhan. Abdi ningali minggu kamari. Badak pisan,” pokna. Ngomong ku basa Sunda tapi lebah huruf ‘b’ jeung ‘d’ siga aya nu bitu dina sungutna. 
 “Naha henteu dina tangkal kupa atawa tangkal buah?” tanya téh bari seuri.
 “Duka atuh te terang. Ngan sigana mah bekina kana tangkal jati.”
 “Oh, enya nya, paingan awakna lintuh buta héjo mah, da teu beuki kana bungbuahan,” cekéng deui, dibarung ku seuri deui. Saréréa nu ngadéngé ogé saleuseurian.

 Mas Ijan mah ukur imut wé. Teu ieuh ngambek diheureuyan kitu téh, Teu kasigeungan jelemana.
 “Bentukna siga Hulk sigana mah nya, Mas,” ceuk nu séjén. Ger deui saleuseurian. Éak-éakan. Peuting harita mah ngaronda téh béak ku ngaheureuyan Mas Ijan.
 Tapi da nya kitu téa. Béja ngeunaan tangkal jadi nu digeugeuh ku buta héjo beuki sumebar baé. Jadi sabiwir hiji. Nepika imah Pa Adnan kungsi kadatangan tim uji nyali nu keur surpéy lokasi. Ku Pa Adnan dibuburak. 
 “Euweuh nanaon di dieu mah. Percaya teuing kana dongéng!” cenah harita ka tim surpéy uji nyali.
 Nu boga dosana mah jongjon wé nyebarkeun gosip: pamajikan jeung Mas Ijan.
***

 Hujan angin ti soré mula can waé rék pileuleuyan. Nambah ketir téh diwuwuh ku dor-dar gelap. Padahal karék jam salapanan, tapi simpé kacida.  Saréréa geus narumpi.  Sora token listrik geus nit-nitan, totondén sakarat. Tadi mah rinéh sotéh pédah boga andelan, pamajikan sok déposit dina OVO. Ari pék keur kosong, cenah. Teu béakeun ketak, laju baé nga-Wa ka babaturan nu sok ngajualan pulsa. Tilu urang nyarita “keur kosong”, nu saurang mah poksang pisan, “nu tiheula gé can dibayar!” Lebah dieu mah kuring kudu rada kapiasem nyaritakeunana.

 Nungguan raat. Lain tungguaneun. Listrik kaburu pareum. Kapaksa ieu mah kudu ka konter. Kencling baé. Ukur dibekelan payung, duit limapuluh lima rébu, jeung babacaan sabisa-bisa ti pamajikan indit téh. Sual babacaan mah kuring gé ngarojong pisan, ngan maksud du’ana nu teu pati sapuk téh: pédah ngaliwatan tangkal jati. Ah teu kudu kitu ceuk haté, rék ngadu’a mah nya sok baé, ngan nu jelas kuring teu butuh du’a pédah rék nyorang hal nu sorangan teu percaya.

 Simpé pisan suasana lembur téh ari keur hujan mah. Angin nyéor nebakan tatangkalan. Tingkorosak. Plak-pluk babaraha pentil buah nu murag kana kenténg imah. 
 Gorobas ... ! Lebah rungkun teu jauh tina tangkal jati nu keur jadi sabiwir hiji téa. Reuwas. Lain. Lain reuwas ku béja ngeunaan aya buta héjo lebah dinya. Kuring ngarandeg. Panon ngulincer. Taki-taki bisi aya bancang pakéwuh. Rét kana tangkal jati. Panasaran wé angger najan teu percaya ogé. Euweuh nanaon. Gorobas ...! Teu lila aya nu kaluar tina rungkun. Jangkung badag. 
 “Badé Ka mana Pa Burhan?” tanyana. Pa Adnan kaluar tina rungkun.

 “Euh, ...ni reuwas. Sugan téh buta héjo nu nuju piral,” pok téh bari seuri. Pa Adnan ogé milu seuri, “Badé ka konter mésér token.”  
 “Sanés tadi ti siang atuh.”
 “Hilap,” pok téh padu némbalan.
 “Ieu nuju ngalereskeun paralon. Taweuran nguyumbang, bilih bocor ka patengahan.” pokna, padahal can ditanya. Oh, cekéng bari tuluy amitan.

 Lalampahan muru konter dituluykeun. Lumayan jauh. Ngan ku hujan mah asa leuwih jauh. Kukucuprakan. bari diwuwuh ku taki-taki, bisi aya kajadian nu teu dipiharep. Modél tangkal nu rungkad atawa barangbang semplak upamana. Beuki jauh muru konter, asa teu nepi-nepi, asa can nepi-nepi. Boa sasab, ceuk haté. Tapi rarasaan mah teu salah jalan téh. Muru ka dieu. Ka lebah dieu.

 Sababaraha imah nu kaliwatan paroék. Aliran kitu? Atawa sanasib jeung kuring béak pulsa token? Asa piraku mani kompak béak téh. Aliran alesan nu panglohisna. Apanan keur hujan angin kieu biasana gardu listrik sok aya masalah téh. 
 Kaduhung teu mawa sénter. Angkeuhan téh rék ngaliwatan imah nu raang ku lampu tuda. 
 Kuring terus kebat ka jauhna. Teu nepi-nepi. Can nepi-nepi. Poék beuki meredong. Beuki jauh beuki poék. Poék.
***

 “Tah geuning tos beunta!” ceuk hiji sora. Sora Ustad Didin. 
 “Alhamdulillah ... !” méh bareng. Kuring rarat-rérét. Geuning keur dirariung. Titingalian ranyay. Tapi bisa kénéh nempo pamajikan nu keur rawah-riwih.
 “Aya naon ieu téh?” tanya kuring bari cengkat. Awak karasa beurat.
 “Tadi téh Pa Burhan pingsan di jalan. Pas lebah rungkun caket tangkal jati. Untung ku abdi kapendak,” ceuk Mas Ijan. 

 “Pingsan?”
 “Muhun, Pa,” ceuk Pa Adnan. Kuring rarat-rérét deui. Asa teu wawuh ieu rohangan téh. Lain imah kuring. “Bapa nuju di bumi abdi.”
 Sor cai. Duka saha nu ngasongkeun. Leguk kuring nginum. Ustad Didin ngusapan tonggong. 
 “Ulah seueur émutan, nya,” pokna.
 Kuring bingung. Da rarasaan mah teu keur loba pikiran nanaon. Teu boga masalah nanaon. Rét ka Pa Adnan.

 “Abdi téh tadi ningal Pa Adnan nuju ngalereskeun paralon dina rungkun,” cekéng. 
 Pa Adnan kerung. Kerung teu rumasa. Kuring nelek-nelek waruga Pa Adnan, mémang jangkung badag, tapi da teu sajalugjug nu katempo tadi waktu kaluar tina rungkun. 
 “Piraku ngalereskeun paralon dina rungkun?” ceuk Pa Adnan.
 Saréréa silih rérét. Pamajikan mah angger rawah-riwih.
Bandung, 2019
Katerangan:
Seratan puriding ieu tos midang di Manglé nomer 2730.
Comment Policy: Mangga dihaturanan nulis komentar perkawis artikel dina halaman ieu. Mugia kumpulan carita pondok sunda ieu tiasa janten jalan silaturahmi kangge urang sadayana.
Buka Komentar
Tutup Komentar