Skip to main content

NU NYURUP KA MANG USUP - Puriding Puringkak

 Nu Nyurup Ka Mang Usup - "Tuluuung...!" Ti pangkéng Mang Usup kadéngé aya nu ngagorowok ménta tulung. 

"Saha nu tulung-tulungan Pa? Sora Mang Usup?" Bu Diah hariweusweus ka Pa Rohman nu keur anteng lalajo telepisi. 

"Enya, sora Si Usup." 

"Henjung téang ka ituh!" 

"Aya naon, Mah?" Néng Yati, parawan Pa Rohman jeung Bu Diah norojol. 

"Itu Mang Usup sora tulung-tulungan." 

"Oooh....," ngan sakitu nu kedal tina sungut Yati. Langgéor deui ka kamarna.


 Demi Pa Rohman gancang muru kamar Mang Usup nu perenahna di tukang, deukeut dapur. Barang blus, da panto kamarna ngewag siga nu ngahaja dibukakeun, kasampak Mang Usup keur jejengkengan. Leungeunna roroés kana buukna tangka kusut. Panonna katangen ku Pa Rohman bolotot...semu beureum. 

"Sup, ku naon euy?" 

"Hahahaaa...aing lain Usup. Lain Usup aing mah lain!" 

Ngadéngé kitu Pa Rohman reuwas. Torojol Bu Diah da hariwang jeung hayang nyaho naon nu kajadian. Pangpangna mah bisi kumaonam wé. 

"Ku naon Mang Usup téh?" Bu Diah hariweusweus. 

"Aing lain Usup, lain!" témbal Mang Usup ngajawab pananya dunungan awéwéna. 

Pa Rohman jeung Bu Diah silih pelong, teu ngarti naon nu keur kaalaman ku badegana. Teg wé haté Pa Rohman nyangka yén Mang Usup kasurupan. Warugana aya nu nginjeum ti sabangsa lelembut. Ngan teuing saha.

Geus tilu poé Mang Usup ngaringkuk di kamarna da cenah teu ngarareunah awak. Atuh baranggawé gé ditunda heula. Untung dununganana, Pa Rohman, bageur da meureunan piraku jelema gering kudu dikukuprak baranggawé mah manasina jaman Romusa. 

Ceuk Mang Usup mah geus diubaran ku obat warung. Panyangka Pa Rohman rék terus cageur ari pék kalah ka gogorowokan siga nu teu éling da nyebut-nyebut lain Usup sagala. 

Puguh wé Pa Rohman jeung istrina, Bu Diah, bati bingung. Kudu kumaha ngubaranana. 

"Mang, Mang Usup?" Pa Rohman keukeuh nyalukan Mang Usup. 

"Lain, lain Usup ngaing mah!" témbal nu ditanya, kituna téh bari goak deui tulung-tulungan. 

"Ari lain Mang Usup saha atuh?" Bu Diah panasaran. 

"Sok aringet-inget, saha ngaing?" 

Pa Rohman jeung Bu Diah tiba silih pelong.

"Nyao teu apal," ceuk Pa Rohman. 

"Kami gé sarua," Bu Diah gé nyelengkeung.

"Haaaaa.....barelet ning! Ngaing karuhun manéh deuleu!" 

"Karuhun?" Pa Rohman ngembang kadu nya kitu deui Bu Diah. Néng Yati mah ngadedempes rada anggang ti indung bapana. Gelenyu imut. Taksiran teu percayaeun kana sesebutan karuhun. Jaman geus sakitu canggihna aya kénéh karuhun. 

"Saha atuh salira téh?" Pa Rohman mimiti percaya. Yakin Mang Usup aya nu ngeusian. Ragana keur diinjeum ku lelembut nu nyurup nu ceuk Mang Usup karuhunna. Boa-boa enya? Pa Rohman kakara sadar. 

***

"Omat, Yati, ulah sagawayah narima lalaki." 

Pa Rohman mindeng pisan ngawawadian ku kalimah kitu ka Néng Yati, anakna nu ngan hiji-hijina nu keur meumeujeuhna padangadeukeutan. Teu rék kitu kumaha da Yati mah geulis bawa ngajadi, hérang bawa ti kudrat. Orokaya unggal lalaki nu nganjing cai téh siga nu rugag-regog da saréréa geus padaapal yén Yati mah parawan petingan nu teu sambarangan jajaka bisa ngadeukeutan. 

"Na atuh Apana, keun baé urusan jodo mah ulah ulubiung, kuma kahayang anak asal nu tanggung jawab," Bu Diah sasatna mapagahan Pa Rohman da banget teu suka salakina ngahihileudan jodo anak. 

Bu Diah geus apal karepna Pa Rohman mah Yati téh kudu narima lamaran Cép Yayan, putra juragan Oyib da cenah kajaba réa pakaya ogé alus bibitna, teureuh waja. Cocog ngajodo lamun ngahiji téh. Demi Néng Yati, geus boga pamilih sorangan, Jang Iday. Najan Iday lain anak jelema beunghar, Néng Yati kataji kapati-pati ku paripolahna nu taya cawadeun.

"Ari ibuna. Na teu apal papagah luluhur Bapa?" Pasemon Pa Rohman dumadak ngabeusi asak kaduruk harga dirina ku kekecapan bojona nu teu sapamadegan. 

"Yeuh, ibuna! Pan luluhur Bapa mah, enya Éyang Bajramanggala geus peupeujeuh ka anak incuna nya kitu deui rundayan séjénna ulah sakarep-karep meunang jodo. Kudu sakocoran ménakna, teureuhna. Lamun aya nu nyoba-nyoba bahula bakal aya mamalana, nyaéta keuna ku supata Éyang!" ceuk Pa Rohman sasatna bébéakan mudalkeun kaheneg angenna. 

"Nanging..." Bu Diah aya kénéh kawani engab. 

"Tong nanging-nangingan!" Pa Rohman gasik pisan megat omongan pamajikanana. Antukna, blep wé Bu Diah balem. 

"Nyai, ka dieu!" Pa Rohman ngagentraan Yati, dina hiji waktu. Torojol nu dicalukan nyampeurkeun dina paroman alum. 

"Sok diuk!" 

Néng Yati nurut.

"Tong loba pamikir. Ayeuna mah geura tarima lamaran Juragan Oyib." 

"Tapi...Pa." 

"Keukeuh hayang ka Si Iday?" 

Blep Yati ngabetem, biwirna rapet siga meunang ngalakban. 

"Lain ku nanaon Bapa mah karunya. Lamun Nyai keukeuh peuteukeuh ka Si Iday, heug Si Iday kakeunaan supata Éyang Bajra, cik rék kumaha?" 

Kituna téh Pa Rohman bari rét ka Bu Diah, rét ka Yati bangun hayang puas ngésék-ngésékkeun bongan teu palercaya kana kasaktén supata Éyang Bajra. 

"Geus kabuktian apan. Tuh Si Darsa kakeunaan supata Éyang Bajra alatan dulak-delék ka Nyai. Jelema taya kacedo hayang ka nu geulis turunan ménak. Pan manéhna geuring ripuh tah!" ceuk Pa Rohman teu euleum-euleum. 

"Hayang bukti deui? Si Kardi, heueuh apan arapal gara-gara Nyai diuk tumpang kaki, pingping ka mana karep, Si Kardi mani moho nénjo teu titén kana tincakeun, beletuk titajong. Éta téh saréatna titajong, hakékatna mah keuna supata Mama Éyang!" ceuk  Pa Rohman deui beuki ka mana karep nu ceuk pamikirna mah bener.

Bu Diah jeung Yati tiba silihrérét bari dina jero haténa mah nyeungseurikeun paripolah Pa Rohman. 

"Si Omon gé pan nyeri panon da teu uyahan kucap-kiceup, lumah-laméh ka Nyai!" ceuk Pa Rohman deui bangun hayang leuwih mupuas.

"Tah Si Iday gé lamun peuteukeuh hayang ka Nyai geus moal boa bakal katibanan supata Mama Éyang!" 

Reg Pa Rohman eureun heula nyaritana, neuteup seukeut ka Néng Yati siga nu keur ngolongan eusi haténa. Laju papadon deui. 

"Naon hartina rumah tangga lamun kaayaan lalaki keuna ku supata, boh geringna, boh cacadna, boh laku lampah goréngna? Tah lamun jeung Cép Yayan, heueuh putrana Juragan Oyib jeung Mamih Otih, Mama Éyang gé pasti ngaridoan. Pibagjaeun pokona mah!" 

Kitu papadon Pa Rohman ka Néng Yati nu méh unggal usik ditepikeun ka manéhna. Yati bati bingung antara nyosok jero bogoh ka Iday batur salemburna nu geus hahadéan ti keur SMP kénéh jeung teu wasa nolak kahayang bapana nu geus ngajodokeun manéhna jeung Yayan. 

"Na enya aya supata?" ceuk Yati ka Iday dina hiji waktu. 

"Ari Yati ngukut kénéh kapercayaan ka nu kitu." 

"Henteu, teu percaya Yati ogé. Ngan Bapa mah mani percaya buktina ngahalang-halang karep urang." 

"Éta Yati, copna ka saha? Ka Akang atawa lalaki pilihan tuang rama. Ngarah teu keuna supata mah nya tumut wé kapalay tuang rama." 

"Yéy, ga usé yé." Jeletit Yati nyiwit leungeun bébénéna. Nu diciwit muringis. 

"Aduuuh......" 

"Tuda kalah nyarios kitu. Cangcaya nya?" 

"Saratus peresén, Iday mah!" 

"Kumaha atuh mayunan pun Bapa?" 

"Percayakeun ka Akang. Insaaloh baris aya jalan tur harepan urang duaan tiasa kacumponan." 

"Amiiin...." Néng Yati ngemplong.

***

"Sok inget-inget saha kula?" Mang Usup ngowowong deui. Pa Rohman ngarénjag. 

"Éyang Bajra?" Pa Rohman nyoba-nyoba neguh. 

"Hahahaaa...tah geuning katebak. Heueuh kula Éyang Bajra. Luluhur silaing, euy!" 

"Bagéa Éyang. Hapunten anu diteda ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal.....!" cedok Pa Rohman mendeko baning ajrih. 

"Kula ngahaja datang ka dieu nginjeum awak badega manéh. Maksudna taya lian rék peupeujeuh turunan kula Si Yati tong dihalang-halang jodona jeung nu dipikahayangna." 

Meg kana jajantung Pa Rohman asa aya nu nonjok. Na enya ieu téh Éyang Bajra? Nu cenah kudu ngajodokeun turunanana ka teureuh waja mun henteu bakal keuna ku supata? Mang Usup apal ti mana ngeunaan Yati jeung supata da tara panganggguran ucah-acéh ka sasaha ari lain ka Bu Diah jeung Yati mah. 

Inget ka lebah dinya Pa Rohman yakin yén enya Mang Usup téh kasurupan ku Éyang Bajra. 

"Apan saur Éyang upami  turunan urang dijodokeun sanés ka nu kedahna mah baris katibanan supata?" Pa Rohman nyoba-nyoba nyelok. 

"Bolaykeun! Ceuk kula, turut kahayang anak. Lamun henteu, supata kula bakal tumiba ka ilaing!" 

"Ampun, Éyang ampun...nyanggakeun sadaya-daya."

"Hahahaaaaa....tah kitu ari  jadi turunan Éyang. Éyang pamit nya, karunya ka Mang Usup nyerieun tikoro urut gogorowokan. Awas lamun jalir jangji, udar subaya, ulah sambat kaniaya supata Éyang bakal tumiba!" 

Jep jempling. Mang Usup ngalempréh siga nu teu empés-empés.

Pa Rohman rét ka Bu Diah, rét ka Mang Usup nu ngadedempes bangun teu walakaya, siga nu kapiuhan. 

"Mang, Mang Usup!" Pa Rohman ngageubig-geubig awak Mang Usup. Rénghapna mah aya kénéh. 

"Cai, manéhna! Cai!" ceuk Pa Rohman ka Bu Diah. Bu Diah surti, ngoloyong nyokot cai. Teu kungsi lila geus norojol deui bari nanggeuy cihaneut dina gelas. 

Cai téh ku Pa Rohman dicakclakkeun kana biwir Mang Usup. Sawaréh deui diceuceuhkeun kana tarangna. 

Kulisik Mang Usup usik. Nyah beunta. Gigisik. Hulang-huleng, culang-cileung badis hayam panyambungan. 

"Aduh, aya naon ieu téh Pa, Bu?" Mang Usup rampang-reumpeung. Koréjat hudang, gék diuk. 

"Éling, Sup?" 

"Sadar Pa." 

"Sukur! Sok geura sarékeun heula ari geus sadar mah. Ké deui ngadongéng kajadian  nu kaalaman ku Mang Usup mah."

Pa Rohman jeung Bu Diah arindit. Mang Usup ngagelenyu. Imut atoh rék narima buruhan kasurupan ti Néng Yati jeung Jang Iday. ***

Katerangan: Ku Fendy Sy Citrawarga,  Seratan puriding ieu téh parantos medal di Manglé nomer 2694

Comment Policy: Mangga dihaturanan nulis komentar perkawis artikel dina halaman ieu. Mugia kumpulan carita pondok sunda ieu tiasa janten jalan silaturahmi kangge urang sadayana.
Buka Komentar
Tutup Komentar