Ngadu Du’a - Carpon Usep Romli HM
Nénjo sawah gigireun kantor désa, robah jadi amparan tela, nyel Kepala Desa Cikerung keuheul. Katiga karék dua bulan, sawah sakitu léndona, ngarewag. Matak tiporos nu leumpang ka dinya. Kakalénna ngolétrak. Metet ku runtah pamiceunan sagawayah. Susukan irigasina ogé geus teu caian.
Manéhna neunggeulkeun peureupna
kana méja.
“Kaya kieu mah, geus meujeuhna
salat ménta hujan!”
Terus ngagorowok ka patugas
linmas nu jaga di hareup
“Susulan Amil. Rapat penting
kituh!”
Nu disusul teu talangké. Malum
nyampak di imah. Geus dua poé ngeduk sumur jeung ngoméan toren bocor keur
nampung cai sumur nu geus empot-empotan.
“Kumaha Pa Kadés, aya pikersaeun
naon?” pokna barang anjog ka kamar gawé Kepala Desa. Ari pipikiranana ngalayang
kana ondangan ti kabupatén. Cara basa dua bulan ka tukang disusulan ngadadak.
Diajak buka bareng ku bupati. Lumayan balik téh, ngélék sarung weuteuh, kuéh
kaléng, jeung amplop eusi duit saratus rěbu. Balakatiktrik balakacombrang,
beuteung mutiktrik berekat meunang. Sugan wé ayeuna gé kitu.
“Ieu Mang Amil, hujan acan cur baé. Pan geus Oktober ayeuna téh. Halodo ti Maret asana. Pan baheula mah, datang Maret, ret hujan raat. Datang Séptember, ber hujan turun. Geus meujeuhna salat istisqo kawasna,” Kadés norostos.
Pipikiranana kumalayang kana
pajeg nu can katagih kabéh. Alesan rayat, kaharti. Bororaah keur mayar pajeg,
keur dahareun gé geus porot. Ras deui kana kawajiban ngayakeun béas raskin.
Sedengkeun jatah triwulan tukang gé can kabayar ka Dolog. Harita dijual ka
bandar. Duitna kaciwit ku itu ku ieu. Can kasetorkeun da can aya gantina. Mun
ayeuna rayat ngocéak butuh raskin, kumaha nedunanana. Aturan Dolog sagolék
pangkék pisan. Nu can punah, teu bisa narima jatah.
“Nya mangga waé, iraha?” cék Amil
nu asa boga jalan pikeun kapaké deui, lamun tas istisko langsung aya hujan.
Tangtu Kadés moal mopohokeun pikeun ngajenengkeun deui jadi Amil periode kadua.
“Éh, apan taun ieu gé Kadés béak
mangsa baktina. Mun nyalon deui, bisa kapilih kénéh, bisa henteu. Ma’lum réa
saingan nu harayang jeneng. Papada baroga kakuatan. Tapi saha baé nu jeneng,
hasil istisko ayeuna bisa dipaké modal rebut tawar pikeun kalungguhan Amil nu
strategis jeung matak hojih,” gerentes haté Amil.
“Kumaha mun isuk, Mang Amil?”
sora Kepala Désa muyarkeun lamunan Amil.
“Énjing?” Amil kerung.
”Kumaha, da istisko mah teu tiasa
didadak, Pa Kadés. Numutkeun kaol dina kitab, kedah puasa heula tilu dinten. Malah waktu prak
salat istisqo gé kedah puasa kénéh.”
“Alah, rudet,” Kepala Désa
gégétrét.
Haténa bet ngondéal. Keuheul ka
halodo. Hayang geura hujan. Hayang geura normal deui tatanén. Ambéh pajeg
gancang lunas. Ambéh teu kudu ngamprah béas raskin nu moal disadonan da boga
tunggakan setor.
Ras manéhna inget kana surat ti
kacamatan kamari. Ngabéjaan rék aya bupati. Gancang ngageroan Sékdés. Nitah
mawa surat éta. Song surat. Gancang diilo. Enya wé ngabejaan pagéto rék aya
kunjungan kerja Bupati ka wewengkon kagaringan.
“Jigana klop lamun Bupati datang,
di dieu keur istisqo. Atawa boa Bupati bakal ngersakeun milu. Dihenteu-henteu gé santri. Boga gelar
akademik S.Ag.,” Kadés semu nyéréngéh.
“Kumaha pami pagéto salat istisqo
téh?” Kepala Desa mencrong ka Amil, “Kabeneran
aya Pa Bupati ka dieu.”
“Pa Bupati?” Amil malik mencrong.
Kasempetan. Saha nu nyaho bupati
katajieun, heug baé ngarékoméndasikeun jadi Ketua MUI tingkat kacamatan atawa kabupatén.
“Ke asana, aya kaol salat istisko
teu puasa heula. Mamang muka heula kitab atuh. Urang putuskeun sonten.”
“Nyanggakeun. Pokona urang
istisko pas aya bupati ka dieu.” Kadés katémbong bungah. Mun pareng, engké
bupati nyahoeun kaayaan gararing, tapi ihtiar teu eureun-eureun. Dalah ku cara
nu luyu jeung paréntah agama. Salat istisko. Sugan wé taun hareup, alokasi anggaran
dana désa, PNPM, katut subsidi-subsidi séjénna, nambahan ceuyah. Lumayan aya
bekel keur nyalon deui. Kajeun teu kapilih deui oge. Tapi sugan we kabiruyungan
kénéh.
Datang ka imah, Amil gancang mukaan sababaraha
kitab nu aya patula-patalina jeung salat. Goréhél dina kitab “Zadul Ma’ad”
susunan Ibnul Qoyyim al Jauziyah, riwayat istisko jaman Kangjeng Nabi Saw.
Harita Madinah katibanan halodo panjang. Kangjeng Nabi maréntahkeun para
sohabat ka mushola dina hiji poé nu ku anjeunna geus ditangtoskeun.
“Teu disebut maréntahkeun puasa
heula,” Amil kerung mikiran kalimah ‘dina poé nu geus ditangtukeun’. Boa
saméméhna Kangjeng Nabi maréntahkeun heula puasa. Terus dina poé nu
ditangtukeun pikeun istisko sabada puasa tilu poé, maréntah ka mushola. Tapi da
teu tandes. Henteu “qoth’i”. Jadi aya kamungkinan teu puasa heula.
Teu muka kitab-kitab séjénna
deui, sabab di dinya mah réréana nyebutkeun rék istisqo kudu puasa heula. Jadi
lamun rék istisko pagéto, meneran aya bupati, kudu geus puasa ti ayeuna
kénéh.
“Ahh, urang cekel wé kaol Ibnu
Qoyyim,” Amil mancegkeun pamanggih.
Pagétona, geus kumpul di tegalan.
Teu jauh ti kantor kacamatan. Acan prak salat sabab ngadagoan heula bupati
datang. Karék pupujian wé. Maca du’a Nabi Enuh. Dipingpin ku guru madrasah
urang désa Karanghonjé. Sorana rada rébék. Écés pisan tina sonsistem nu terus
diomé-omé ku patugas Satpol PP. Miceun gangguan sora kékérésékan jeung
ngahiung. Ambéh engké kitu dina waktuna dipaké pidato ku bupati, ngoncrang.
“Istaghfiru Robbakum…” Jang Guru
ngaleu, dituturkeun ku ‘huuunng’ sonsistem krodit. “Innahu kana ghoffaro…
kkkkrrkkkkkrkk… kkrrrkkkkk… yursilis sama-a…. huuuunggg… alaikum midroro……”
Kitu jeung kitu wé, tepi ka salat
dimimitian. Diimaman ku Amil Desa Cikerung. Bupati jeung aparat kabupatén milu
ngamum. Méh baé dina rokaat kadua, keur maca surat “Hal ataka haditsul
ghosiyah”, imam kapohoan saayat. Ma’lum saumur hirup ngimaman salat, karék aya
ma’mum pangkat bupati. Hadéna kasilep ku hiung jeung karasak-kérésék sonsistem.
Mun henteu téh, lapur. Katohyan malaweung.
“Mugi-mugi Alloh ngaijabah du’a
urang sadaya dina istisqo ieu. Ngalungsureun hujan nu nyandak barokah.
Nyuburkeun tatanén. Nebihkeun kamalaratan sareng kasusah urang sadayana,
mahluk-Na nu hina dina,” Amil narjamahkeun du’a ménta hujan nu dicontokeun ku
Kangjeng Nabi Saw “Allohumma asqina ghoysan mughisan…”
Tilu poé kaliwat karék aya
ceudeum-ceudeum. Kepala Désa jeung Amil bungah. Asa diijabah najan kabuktian
acan cur ogé.
Sabalikna Gumara, nu kabéjakeun
rék nyalon Kades Cikerung. Gégéjrét keuheul. Opat poé deui rék hajat badag.
Ngarayakeun akad nikah anakna nu cikal. Sakalian rék dipaké pinton tagog.
Kampanye yén manéhna rék tandang makalangan marebutkeun kapamingpinan désa.
“Mun breg hujan dina waktuna,
lapur, lapur...” Gumara jalang-jéléng di tengah imah.
Pamajikanana nu keur
kaprak-keprek di dapur nyampeurkeun. Pok ngomong, “Bapana, pihak katering teu beunang ditawar. Keur dua rébu
tatamu, keukeuh opat puluh juta. Tah ieu ménuna,” song keretas sakebét. Ku
Gumara ukur dirérét.
“Urus wé. Nu penting suksés.
Ramé. Gebyar!”
“Hiburan mah teu acan kalebet,”
cék pamajikanana deui.
“Enya sok utang-itung sing imeut.
Soal dana apan geus disiapkeun dua ratus juta!” Gumara rada nyengor.
Torojol Bahur, usung-ésang
kadeuheus.
“Aya info naon, Hur?” Gumara
meubeutkeun awak kana sofa. Nyokot udud sabatang. Bahur ngecrékkeun jipo
kameumeut. Paméré Gumara dua taun ka tukang. Ngahaja dibabawa. Sina
katémbongeun yen manéhna tumarima pisan. Gur hurung, dipaké nyeungeut udud
dununganana.
“Mangkukna salat istisqo di
kacamatan,” Bahur laporan. “Aya bupati nanaon.”
“Heueuh urang gé nyaho,” Gumara
nyenghor. “Nu matak carareudeum kieu. Paur keur urang hajat. Hujan ngayer.
Atawa saméméhna ogé, sarua cilaka, jareblog. Geus bérés hajat onaman kuma dinya
rék dicicikeun ti langit gé sabodo!”
“Urang akalan ka Abah Lahiam,”
Bahur nyebut ngaran dukun tukang nyarang hujan. Dukun lepus nu ahli ngungkulan
jeung nedunan sakur nu ménta pitulung ka manéhna.
“Aéh heueuh!” Gumara giak. Nepak
sirah. “Nuhun Hur diingetan. Wayahna indit ayeuna ka ditu. Hiras ti poé ieu
keur ngakalan ulah hujan nepi ka hajat lekasan.”
“Siap, Bos,” Bahur nyakakak.
Panonna mélétét kana leungeun Gumara nu keur ngodok saku. Nyokot duit tilu
lambar saratus rébuan. Song ka Bahur.
“Béré sakitu heula. Mun hasil,
dijejegan sajuta kituh. Yeuh, bisi motor eweuh béngsinan,” Gumara ngasongkeun
deui lima puluh rébu. “Mahikeun nepi ka minggu hareup.”
Bahur gancang indit. Duit nu tilu
ratus, dua ratus dibebeskeun kana lokétna nu geus sababaraha poé lepet pisan.
Nu saratus diajangkeun keur Abah Lahiam. Duit lima puluh gé nuturkeun kana
lokét. Keur béngsin mah nganjuk heula ka kios dua tak Odang. Bayareun engké ari
meunang deui pérélék ti dunungan. Duit sulupat-selepét ieu mah rék dipaké
masang nomer peuting isuk. Sugan wé keuna. Sakalian rék ménta pangnoongkeun ka
Abah Lahiam, sabaraha nomer nu rék kaluar engké.
Teu hésé muntangan. Geus nampa
duit saratus rébu ti Bahur, poé éta kénéh Abah Lahiam tatahar nyarang hujan.
Ayakan butut sahiji digantungkeun dina palipid juru imah. Hiji deui, dikebulan
menyan pasangkeuneun di juru imah Gumara
engké dina waktuna ngamimitian hajat.
Nu ngarep-ngarep hujan turun,
beuki marudah. Kadés murang-maring. Lain pédah hujan teu turun atawa istisko
gagal. Nu jadi masalah, kalungguhanana beuki
ngarasa kaancam. Tunggakan béas raskin can kabayar. Alokasi dana désa
moal ningkat da pajeg mandeg. Atuh wibawana bakal kagusur balukar kaayaan juwet
kieu. Kagaringan. Gagal panén. Panyéléwéngan raskin jeung sajabana, nu bisa
dipaké parabot kampanye ku calon-calon séjén, pikeun nyerang dirina. Pangpangna
ku Gumara, nu keur meujeuhna lubak-libuk réa duit, jeung ngayakeun hajat badag
méstakeun kawinan anakna. Nu rek digunakeun keur kasempetan hadé pikeun mikat
perhatian jeung kapercayaan balaréa.
Amil ogé ngan huleng-jentul.
Rumasa salah maca kaol Ibnul Qoyyim. Rumasa maksakeun istisko méngpar tina
aturan syara. Tapi mun teu kitu, meureun moal pareng ngimaman bupati nu jadi
ma’mum.
“Lain teu diijabah, acan wé.
Geuning ceudeum-ceudeumna mah geus aya. Tangtu éta hasil istisqo,” Amil
ngupahan sorangan. Pangupah-ngapéh eta nu ditepikeun ka Kepala Désa.
Itung-itung meper kageumpeurna. Ditambahan ku paparah, “Urang mah sakadar
ihtiar, nu nangtukeun anging Gusti Murbeng Alam. Istisko atos, soal curna hujan
urang sanggakeun ka Nu Maha Kawasa.”
Pésta hajat di imah Gumara, ramé
pisan. Abah Lahiam mendeko di juru. Nyangigirken cikopi sabekong katut
rupa-rupa lalawuh. Husu mapatkeun jangjawokan nyarang hujan. Teu nolih nu motah
ngajogédan dangdut, paselang jeung ngigelan jaipongan.
Katiga entak-entakan beuki karasa
angar.***
Katerangan:
Carpon ieu teh parantos dimuat di
Mangle nomer 2691