Skip to main content

Ngawadalkeun Nyawa (Bagian 1) - Karya Moh. Ambri

 1. WASIAT

    Alam baheula di Japara kakocapkeun aya sudagar sugih mukti, punjul ti sasamana, malah loba para ratu di Tanah Jawa nu.kaungkulan dunya baranana. 


Ngawadalkeun Nyawa (Bagian 1) - Karya Moh. Ambri

    Padagangna mangpirang-pirang, aya rebuna, tapi henteu kabeh.buburuh malar upah, sawareh mah ngayuh. Cek pikirna mending ngayuh batan buburuh, sabab ari ngayuh mah jaba ti ngarah sapirilik, nurutkeun patokan dunungan, boga pangharepan, susuganan aya negtogna. Jeungna deui ladang barang, samemeh waktuna diserenkeun ka dunungan beunang digolangkeun heula. Enya ari senangna mah senang buburuh, usaha teu nanggung rugi, pangasilan ngocor katampa dina waktuna, saibarat nandean cai saringan, ari usaha meta sorangan mah lir upama nandean cihujan.

    Lamun aya nu nginjeum modal rupa duit, ku Ki Sudagar tara dibere, sabab ari modal pulang jinis mah taya hasilna; nampa riba teu daekeun, da diharamkeun ku agama. Jalanna ngamodalan nu hayang mancari taya deui ngan kudu sina ngayuh mimitina, tuluyna mah kari kumaha karepna. Tapi sanajan anu geus bisa macakal sorangan oge, teu pegat kahadean jeung Ki Sudagar, tina rumasa bisa beunta ti dinya lantaranana. Nyokot barang boh

ngayuh, boh nganjuk, teu pegat. Kitu sababna nu matak loba padagangna bacacar di unggal nagara. Di Japara mah da puguh banjar karangna teu kudu dicaritakeun deui.

    Kuda jeung padati mani ngalidek, paranti iang dagang; tukang.ngurusna aya lulurahna. Ari kuda nurutkeun gawena mah aya tilu rupa: kuda-tunggang, kuda-umbal jeung kuda roda, purah narik padati. Salian ti kuda atawa munding aya deui jelema nu ngabaku

buburuh narik jeung nyorong padati, disebutna kebo jengkeng. Biasana padati hiji teh kebo jengkengna opat, nu duaan ti hareup narik, diseundak, aya parantina minangka pasangan, dan

deui nyorong ti tukang. Alam harita mah nu ngadon dagang ka nagara jauh, inditna kudu ngabubuhan, teu bisa balanyang-belenyeng cara jaman kiwari. Jaba ti kudu sadia bekel teh, kudu

samakta pakarang jeung kudu rea batur deuih. Kumaha atuh da sajalan-jalan loba pibalaieun, begal, rampog jeung sato leuweung nu garalak. Jadi jelema leutik burih mah geus tara wae lunta ka

nagara lian teh.

    Kawantu Ki Sudagar teh dagangna lain di Tanah Jawa bae, sok balayar ka tanah sabrang, boga kapal nanahaon, kapal gede kapal leutik, sumawonna parahu mah. Kapal cukup sapuratina, mualimna tarabah kana elmu palak, kalasina walanter jeung tarangginas.

    Pokona pacarian Ki Sudagar jual meuli bangsa permata jeung barana emas perak. Ari dagangan batikan jeung bangsa ukir-ukiran kai, kuningan, tambaga mah dijieun sambian.

    Jelema lampar, jauh panyabaan, tangtu loba luang, loba pamanggihna. Nya kitu deui Ki Sudagar tea, katara dina nyieun imahna, nyieun gedong pasaka, niron gedong sudagar beunghar di

Bongbay. Gedong gede ngajunggiring, ka luhurna make loteng paranti ngalong, ngemplong awas ka laut, ka palabuan, kaayan di jero gedong matak resep gararenah, parabotna hurung-herang

ngalempur, keur model teh aralus buatanana. Pancaraken teu aya hiji nu henteu diukir. Malah-malah tiang-tiang, panto, Jandela kabeh diukir, mangkaning beunang tukang ngukir petingan. Ari

tukang ngukir urang Japara, sok sumawona petinganana, nu ka

lumbraban oge, beubeunanganana teu aya nu nyaruaan, ditandingkeun jeung buatan alas peuntas, teu eleh. Pantes nepi ka kamashurkeun ka mana mendi oge.

    Pendekna kaalusan gedong Ki Sudagar di jerona geus lain wae. Upama dilinggihan ku raja oge pantes. Kumaha atuh da lantena oge dikeput ku alketip nu karandel haripu.

    Satukangeun gedong, Kebon kembang diselang-selang ku tangkal bubuahan nu marodel, anu amis seungit buahna. Taman opat bau legana lain kebon leutik. Demi ngaturna niron taman urang Bagdad. Tukang ngurus kebon wungkul aya duaan katilu mandorna, tapi lain mandor jentul, bentik curuk balas nunjuk, leu mah sarua bae jeung baturna, pada-pada digawe, ngan manehna jadi kokolotna. Lamun dunungan aya kateupanujuna, nya manèhna anu dipentog. Da puguh taman diurus unggal poe, nya beresih nya beres. Jukut-jukut anu dihaja sina jadi, rata mani siga alketip hejo. Dina lebah anu kudu linggih, mani lalening, teu aya

jukut atawa runtah keur pisarateun. Sisi-sisi bunderan bareres rata. Jalan-jalan tingarileu matak lucu, sisina rapat dibalay, keusikna keusik lembut, sagede-gede pedes, ana ditincak ngarekek

semu rangu sorana. Lebah anu iuh aya pangdiukan, batu lempar dibangun babancik. Sawareh deui direka-reka, malar resmi nu ngersakeun calik. Ari bangku-bangku kai, ngan papan pangdiukanana anu limit beunang nyugu, anu sejen-sejenna kai pulukan, tapi bisana ki mandor tea, aya kasar jadi nambahan sari. Tengah-tengah taman aya balong, caina ngagenyas herang, dipelakan kembang tarate, dihaja tarate teu meunang subur ngagemplek, tapi sina ancal-ancalan, supaya aya lolongkrang pikeun waliwis ngarojay. Tengah balong aya pulo, dibangun gugunungan, dipuncakna nyongclo palalangon juru-genep, ditambatan

ku areuy-areuyan, daun gomplok ngemploh hejo. Ari dina lamping-lampingna taringgul ku batu karang, tingrunggunuk kembang karang, malah aya akar-bahar nanaon. Surup naker pa.

lalangon keur nu ngeueung, ngalangeu ngabangbang-areuy, jararauh panineungan.

    Kitu deui kabeh tutuwuhan di taman euweuh anu teu diriksa. Lamun aya dahan paeh, tara diantep nepi ka mangpung, tapi gancang dipiceun, anu leutik atuh dikeureut, anu gede ditutuh atawa dipotong ku ragaji, Mangandeuh teu meunang jadi, supa buluk di keríkan. Lamun tangkal ngalenggeceng, henteu alus kajeueungna, ki mandor henteu inggis nitah munggel. Dahan ngangsar, ngulapes teu matak beres, teu meunang henteu ditigas, Camara beke, da diurus tea, aya lalucu tinggaremplek, Pringgandani di tengah bunderan siga pepelendungan lamak hejo, baluleneng.

    Demi kekembanganana nu alus rupa, nu seungit diurusna leuwih-leuwih, teu meunang aya nu layu, sumawonna nu perang mah. Ana mangsana karembangan, seungit nyambuang kasilir angin, kaangseu ka jero gedong, komo ka lebah loteng mah.

    Pakarangan jeung taman legana aya tujuh bau, sabudeurna dikuta tembok. Pakarangan perelu lega, sabab jaba ti gedong tea loba deui wawangunan anu sejen, saperti: bale-arga 1), patamanan, kudang paparabotan, kudang uang jeung emas inten dagangan, masigit jeung kulahna, imah-imah bujang jeung lanjang, dapur jeung jamban mah teu kudu dicaritakeun deui, gedogan kuda tunggang jeung salian ti eta.

    Najan enya luhur kuta gede dunya, Ki Sudagar handap asor, sareseh jeung bear budi, katambah ku murah tangan. Tapi sakitu geus beunghar teh tetep temen wekel rajin, tara ngaluangkeun

gawe dina usumna. Rengse gawe kakara nyenangkeun badan. Aya deui karesepna sajaba ti kana gawe, nya eta nambahan luang, teu porot nambahan kanyaho. Minangka nyenangkeun pikir, ririungan gunem catur jeung para jumhur.

    Demi tabeatna nu nembres, nu kanyahoan ku sarerea, gurat batu kana bener, tara bohong sarta tigin kana jangji. Jadi sakur nu geus nyaho, upadi anu loma mah, pada wedih asih. Ku bangsa sudagar deui diajenan dipercaya, ku kiai pada muji, lantaran getol ibadah jeung sok gede sidekahna; ku para menak dipake katineung manah, sabab Ki Sudagar uduh, mun menak aya kabutuh.

    Anak-anak Ki Sudagar nu lalaki kabeh geus sawawa, malah geus tarawekal. Ma'lum anak jelema jembar, loba kawawuh, katurug-turug rarendah harade basa, hade lampah beresih ati, sarat boga, sorot aya, nya teu susah nyiar pimitohaeun.

    Ayeuna nu jadi pikir Ki Sudagar ngan kari si Bungsu, mangkaning anak awewe ngan hiji-hijina, beunang hayang katurug-

turug bungsuna, keur kitu teh pahatu pisan, ditinggalkeunana maot ku indung keur kembang buruan, ayeuna geus lanjang, geus lagu boga salaki. Kanyaahna Ki Sudagar ka Nyi Bungsu taya wiwilanganana, pokna oge: "Si Bungsu mah tungtung nyawa jisim kuring."

    Anu datang mah, mun dibilang, geus aya ratusna, tapi teu dibikeun bae ka ieu-leu oge. Ari gerentesna ka sobatna, hayang boga

-----------

1) Tempat rupawadekah bagikeun jaket ka pakir miskin jeung salian ti eta.

-----------

minantu teh cenah, hayang ka menak tulen, nya eta menak lahir batinna. Minantu anak sudagar geus boga, minantu anak kiai geus boga omongna, kari minantu menak, tapi nya eta menak oge, ari ngan ukur menak turunanana bae mah, embung cenah, hayang nu

hade rupana, supaya si Ucu bogoheun, hayang nu hade laku lampahna, ulah nganyenyeri pamajikan, engke ari geus rimbitan, cindekna pikapanujueun awewe, matak sugema hate mitoha.

Kabogana, bawakeuneun teu dipambrih, da nyampak tea, salieuk beh, ngan kari metakeun, anu dicileuk ku Sudagar teh anu luhung panemuna, tapi tara jejerih ku cape.

    Carek sobat-sobat Ki Sudagar, anu ngadenge gerentesna: "Edas, ieu mah neangan berlian dicangkok ku emas bawa ti kudrat, lain buatan kamasan.

    Cek Ki Sudagar, lamun aya nu ngabanyolan: "Gaduh pamenta kitu teh, bawaning ku nyaah ka anak, hayang nyukakeun, hayang ngangeunahkeun, hayang ulah sumoreang ninggalkeun. Saupami si Nyai parantos dikadarkeun gaduh panutan, geusan manehna

titip diri sangsang badan, ka nu cocog jeung lelembutan, lah lillah pisan simkuring dipundut ku Nu Kagungan teh rek beurang rek peuting, iraha bae mangga teh teuing."

    Kacaritakeun di antara sobat Ki Sudagar aya nu boga anak pulung. Cek carita asalna putra bupati, katulungan ku perjurit, waktu kabupaten ramana diranjah musuh. Ibu-ramana, para saderekna, kula wargina carem, nu salamet ngan anjeunna. Ku prajurit kapanggihna ti pipir leuit keur ngadingdiut ceurik, nya dirawatan, tuluy dibawa mulang ka lemburna. Di Demak dipasantrenkeun ka pasantren gede. Dumadakan kiai teh manahna welas

ka dinya leuwih ti ka santri-santrina nu sejen. Gancangna dipenta ka prajurit tea, dipulung anak; sanggeusna disalametkeun dingaranan Datawardaya.

    Pareng Ki Sudagar ti Japara nyaba ka Demak, nyimpang ka kiai malah nepi ka ngendong tina panasaran. Ti saentas sasalaman jeung Datawardaya hatena ngageremet wae, nya ti peutingna nya

leser ka kiai. Mimitina kiai teh henteu wakca sabalakana, tapi Ki Sudagar hantem ngaguliksek. Ahirna Ki Sudagar ngucap alhamdulillah, paralak nyarita panjang. majar teh bungah asa manggih pependeman, jakaka anu dicilek teh di dinya kapanggihna.

#CAG_HANCA. (Nyambung Ka Bagian 2)

Comment Policy: Mangga dihaturanan nulis komentar perkawis artikel dina halaman ieu. Mugia kumpulan carita pondok sunda ieu tiasa janten jalan silaturahmi kangge urang sadayana.
Buka Komentar
Tutup Komentar