Skip to main content

Clik Putih Clak Herang - Carpon Sunda

 CLIK PUTIH CLAK HÉRANG

Ku Nyi Roro
Ngawani-wanikeun manéh neuteup beungeut salaki. Disidik-sidik téh beuki dieu asa beuki ngolotan. Huisna nu tadina gugundukan, ayeuna geus méh rata ngabulen sirahna. Baheula mah, tara elat nyemir buukna ka salon deukeut alun-alun. Tapi, ti saprak loba huisan mah, manéhna bangun nu horéameun dangdan.

Beungeutna katénjo semu beureum. Ngan teu cara sasari, lamun keur ambek beureumna nepi ka euceuy. Panon buncelik, ambekanana ngahégak kawas nu karék nyorang tanjakan. Mun nyarita molotot bari poporongos. Kabéh ngaran sato nu aya di darentén ditataan mani nongtorowélang. Béak piomongeun, barang-barang nu aya di sabudeureunana diruksak bari dibalang-balangkeun. Teu, ari nepi ka ngebug kana awak kuring mah, palias teuing. Manéhna tara wanieun. Ngan orokaya enggeusna kuring mani sok éra ku tatangga. Aya kana saminggu waé mah tara kaluar ti imah ari teu perlu-perlu teuing balanja ka warung mah.



"Mah, geuning can datang kénéh Ahdiat téh? Geus rék jam sapuluh," Kang Abas nanya bari ngalengo ka buruan.
"Nepangan heula ibuna panginten, Kang. Da tadi mah dina WA nyariosna badé ka dieu tabuh sapuluhan," témbal kuring asa kagareuwahkeun. Tuluy ngaheneng deui bari neuteup beungeut manéhna. Beungeut kasép nu kungsi matak ngaruntagkeun jajantung, kiwari pinuh ku gurat-gurat kahirupan. Kang Abas diuk deui dina korsi.

Mimiti wawuh jeung salaki téh basa kuring nuluykeun sakola ka dayeuh; harita mah di lembur can aya SMA negeri. Kuring kapaksa kudu jauh ti indung jeung bapa, indekos ambéh teu didugdag ka lembur nu sakitu jauhna jeung hara-haraeun. Jaba hésé mobil jaman harita mah.

Kang Abas dua taun umurna leuwih kolot ti kuring. Manéhna sok remen ulin di tatangga bari api-api gigitaran, panonna mah ménéléng baé kana panto kosan kamar kuring. Nyaho téh ti Ceu Yani, lanceuk kuring nu sok pirajeunan nyampeurkeun. Anak tatangga téh babaturanana. Bakat ku dihayoh-hayoh ku babaturanana, antukna kuring daék jadi kabogoh Kang Abas.

Cinta kuring ka Kang Abas mangrupa cinta munggaran sakaligus pamungkas. Kuring ngadahup ka manéhna ba’da kuring réngsé kuliah. Harita mah dunya téh karasa pisan éndahna, teu petot-petot muji sukur nyandingkeun lalaki nu dipikacinta, enggoning nyorang sagara rumah tangga.

Hanjakal, harepan tinggal lamunan. Harepan nu geus diimpleng bakal hirup pisenangeun téh geuning dina émprona mah baroraah senang. Enya, Kang Abas téh anak jalma jegud, lubak-libuk loba rajakayana, tapi pan banda nu kolotna mah teu bisa diandelkeun. Barina gé lain manéhna wungkul anakna téh. Piraku kolotna kudu nyaah ka manéhna wungkul. Atuh kuring hirup istuning ngabayuan diri sorangan. Tihothat, sagala dicabak, sagala dipigawé ambéh bisa boga duit keur ngabayuan barudak. Horéng manéhna mah kedul digawé, bari nyandu pisan kana ulin.

Tirilik, sora hapé disada. Dibuka téh aya pesen WA, sihoréng ti Ahdiat nu méré béja yén manéhna keur di jalan. Sakeudeung deui nepi ka imah. Manéhna ngarasa bingung rék amprok jeung salaki téh, da Kang Abas nu hayangeun panggih jeung Ahdiat. Kuring ngahuleng.

Ras inget kana kajadian sababaraha taun ka tukang. Harita keur meujeuhna baluweng jaba dina kaayaan kakandungan ku anak nu katilu. Ti pukul dua subuh, cuh-cih di dapur nyieun rupa-rupa kadaharan keur dagangkeuneun di pasar. Sagala dipigawé ku sorangan, ti mimiti meuli bahan jieuneun nepi ka jadi kuéh. Salaki mah baroraah mantuan, kérék baé nu aya. Euweuh rasa rumasa jeung karunya ka nu jadi pamajikan.

Ba’da shalat subuh, kuéh-kuéh téh dianteurkeun ku sorangan, da pasar mah teu pati jauh. Bérés dipihapékeun ka nu daragang, kuring tuluy baé balik. Kaluar ti pasar, suku ngadak-ngadak karasa leuleus. Awak muriang, sirah lieur. Duh, Gusti, kiatkeun abdi. Awak ngagaléong rék labuh. Ujug-ujug karasa aya leungeun nu nyanggap. Teuing saha. Kuring didiukkeun di tempat nu rada buni ti nu lalar-liwat. Nu nulungan indit sakeudeung, balik deui geus mawa cai dina gelas.

“Sok, geura eueut cihaneut, Geulis,” cék éta lalaki. Gebeg, ngadéngé éta sora, asa apal. Panon sakuat tanaga dibelélkeun. Dina poékna subuh ngan ukur kasorot ku lampu kios pasar nu teu pati caang, kuring langsung bisa neguh saha éta lalaki.
“Kang Ahdiat!” cék kuring rada tarik. Manéhna neueulkeun curuk kana biwirna, bari tuluy nitah kuring nginum deui.

Teu lila, awak karasa rada jagjag. Kuring diécagkeun tuluy dibéyéng ku Ahdiat jeung tukang béca nu dipéntaan tulung, asup kana mobilna. Kuring dianteurkeun nepi ka imah. Untung salaki keur euweuh. Ahdiat, buru-buru balik bari ngeupeulan duit jeung kartu nama manéhna.
Ti saprak kajadian harita kuring jadi raket jeung Ahdiat. Méh saban poé aya waé kontak jeung manéhna ngaliwatan hapé, boh WA atawa nelepon. Kuring jadi boga tempat curhat. Manéhna remen pisan ngabantuan, lain waé mangrupa duit, tapi ogé mangrupa pakakas pikeun usaha nu hargana puluhan juta, nepi ka bisa dagang ku sorangan. Kahirupan kuring menyat deui, teu pati ripuh teuing cara baheula.
“Kang Diat, naha mani sakitu nyaahna jeung perhatian ka abdi?” cék kuring nanya basa ménta panggih di hiji tempat jeung manéhna.
“Resmi, akang hoyong ningal salira janten ratu deui sapertos kapungkur. Saleresna tos ti jaman SMP kénéh Akang nyidem rasa,” cék manéhna bari neuteup. Kuring ukur colohok, teu puguh rasa nénjo paneuteupna nu sakitu liuhna.

“Naha atuh teu wawartos?”
“Isin, Resmi mah putra ménak, sedeng akang mah pan cacah kuricakan. Mana teuing sepuh Resmi bendueun pami akang mileuleuheungkeun putrana,” cék manéhna dareuda.
“Abdi mah tara ngabénten-béntenkeun jalmi, Kang. Mun seug terang ti kapungkur," jawab kuring teu kebat. Teu ngabibisani yén di lembur mah kolot kuring téh lain jalma joré-joré, dipikasérab ku jalma réa. Pantes lamun Ahdiat teu wanieun mileuleuheungkeun kuring ogé.

Ahdiat tuluy nyaritakeun pangalaman hirupna. Kumaha ngungudag kuring ti keur sakelas kénéh di SMP nepi ka nuluykeun sakola ka kota. Paingan atuh lamun kuring pindah kosan manéhna gé sok milu pindah. Di gigireun pisan kamarna ogé. Di kelas mah geus puguh deui, remen mantuan ngagawékeun tugas jeung PR. Ulin gé sok bareng. Istuning nunutur ka mana baé kuring indit. Tapi, dasar kuring da ku teu engeuh téa, disangka baé babaturan biasa.

Basa Ahdiat nyahoeun yén kuring kawin ka Kang Abas, manéhna kuciwa pisan. Nyerieun haténa. Hayang ngambek, ngambek ka saha? Tungtungna kuliahna jadi teu bener, gaul jeung barudak baong. Nepi ka hiji waktu, manéhna kapanggih keur mabok ku lanceukna. Ahdiat ngarasa éraeun tuluy kabur ka Sumatra. Ti dinya manéhna sadar, tuluy babalik pikir jadi jalma bener. Kuliahna dituluykeun nepi ka lulusna.

Alhamdulillah, sanggeus sababaraha kali pindah pagawéan, kiwari dipercaya jadi manager di salah sahiji perusahaan swasta. Ahdiat gé geus kawin ka urang Cianjur, nu dedegan jeung beungeutna sarimbag pisan jeung kuring, Risma ngaranna. Geus boga anak dua, sajodo.

“Sanaos Resmi teu kapimilik ku akang, tapi akang tara lirén nalingakeun salira ti katebihan. Aya wartos, salira teu mendak kabagjaan rumah tangga,” cék manéhna deui, neuteup bangun nu karunyaeun pisan. Luk, kuring tungkul teu ngomong sakemék-kemék acan, da enya kitu pisan kaayaanana. Teu kawawa, tuluy nyegruk ceurik. Ahdiat ukur ngahuleng bari rét deui rét deui ka kuring. Bingung meureun kudu kumaha.

“Mani hoyong kabur abdi mah Kang, sing tebih!” cék kuring bari nyusutan cipanon tuluy ngabudalkeun sagala karerepet hirup nu keur kaalaman ku kuring kaasup geus paséa rongkah jeung salaki poé kamari.

”Ih, ulah kitu Res, ulah téga ninggalkeun kulawarga. Burung palung ogé Kang Abas téh carogé Resmi, nu kedah dihormat sareng diajénan. Bongan, kapungkur kersa ditikah. Anggap baé, ieu mah sambara rumah tangga, ladang ibadah. Jung, geura uih,” cek Ahdiat, teuteupna pinuh ku kanyaah.
Kuring balik deui ka imah. Geus leler, ngomong ka salaki yén salila ieu téh bisa hirup ditulungan ku Ahdiat, sobat ti baheula nu kungsi nendeun haté jeung nepi ka kiwari nyaaheun ka kuring. Dibéjaan kitu paroman Kang Abas ngadak-ngadak beureum, euceuy.

“Jadi Mamah hanjakal nikah sareng Papah?” cék salaki.
“Henteu. Mung Papah kedah jangji, kersa didamel naon baé, asal halal. Kulawarga téh pan tanggel waler Papah,” témbal kuring teugeug.

Ti dinya, Kang Abas lir nu kapeupeuh. Nu kasaksian ku kuring, lalaunan manéhna sadar, kalakuanana robah saeutik-saeutik. Teu pati loba ulin jeung ngaluis. Daék mikiran kulawarga. Daék digawé najan lain pagawéan nu kawilang alus, tapi keur kuring mah sakitu ogé geus nganuhunkeun pisan.
“Tuh, geuing Ahdiat datang,” cék salaki bari muru mobil bodas ka buruan. Ahdiat turun dipapag ku Kang Abas. Duanana tuluy ngajanteng. Nénjo dua jalma adu hareupan bari silih pencrong, kuring ngarasa hariwang sieun kumaha onam. Buru-buru baé disampeurkeun. Rét ka Ahdiat, rét ka Kang Abas.

“Hapunten abdi, Kang,” cék Ahdiat ngomong ti heula bari ngasongkeun leungeunna.
“Akang nu kudu dihampura, Yi,” cék Kang Abas nampanan leungeun Ahdiat bari tuluy digabrug.
Teu kawawa kuring tuluy nyegruk. Na jero haté nganuhunkeun ka Gusti Nu Maha Suci. Poé ayeuna pinuh ku barokah. Dua lalaki nu geus mapaésan hirup kuring silih hampura. Beresih jalan sasapuan. Clik putih clak hérang, taya tedeng aling aling deui. ***
Katerangan:

Seratan carpon ieu téh kantos medal di Manglé no. 2741 | 1 - 7 Agustus 2019.
Comment Policy: Mangga dihaturanan nulis komentar perkawis artikel dina halaman ieu. Mugia kumpulan carita pondok sunda ieu tiasa janten jalan silaturahmi kangge urang sadayana.
Buka Komentar
Tutup Komentar