Skip to main content

Dongeng Enteng Ti Pasantren - RAF

 Di batur mah aya kecap "What is in a name?". Taya hartina cenah ngaran mah. Nu penting mah lain ngaranna, tapi nu ngabogaan éta ngaran. 


Dongeng Enteng Ti Pasantren - RAF

Henteu kitu éta téh ari pikeun di pasantrén mah. Ngaran téh pohara pentingna jeung saenyana taya bédana meueus-meueus acan jeung di kota. Maksud téh soal dina nyieun ngaran éta. Kapan geuning, aya anggapan yén harkat urang téh sahandapeun Eropa, ari ngaran téh sok nurutan ngaran Éropa. Saperti: Éddy, Max, Hanny, Mammy, jeung saterusna. Asa karasa matak éra malah, lamun ngaran jiga teuing ngaran bangsa urang. Éra maké ngaran: Adung, Maksum, Haniah, Salamah, jeung sajabana.

Tah kitu di pasantrén ogé. Ngarasa kurang terhormat, lamun ngaran henteu nyokot tina basa Arab. Ari kitu téa mah, da kapan ari balik ti Mekah téh sok garanti ngaran. Saperti haji Muhammad Badrudin, nu beunghar di Pengkolan, kapan méméh ka Mekahna mah ngaranna Sanukri. Lurah Hormat baé kapan méméh ka Mekah mah ngaranna Wihardi, ari geus jadi haji robah jadi Abdul Arief. Kamashuran mah Haji Arip.

Ku kituna teu anéh, mun barudak pasantren baroga ngaran rangkepan. Biasana meunang Ajengan ngaran rangkep téh. Kudu beunang Ajengan, sabab Ajengan ku anjeun geus nyebutkeun, yén teu meunang maké ngaran nu "salapan puluh salapan" tanpa maké Abdul di hareupna. Nu dimaksud "salapan puluh salapan" téh, jenengan Pangeran. Kapan cenah jumlah salapan puluh salapan téh dicatetkeun dina leungeun manusa. Dina garis-garis dampal leungeun. Geura titénan baé, leungeun kenca angka 81 (angka Arab tangtuna ogé). Leungeun katuhu 18 Lamun dijumlahkeun leungeun katuhu jeung kenca jadi 99. Tah pikeun nu rék maké jenengan Pangeran mah, kudu maké Abdul. Saperti ngaran Abdullah contona mah. Kapan éta téh asalna tina kecap: Abdul jeung Allah. Jadi lamun teu maké éta téh, moal enya ngaran jelema kudu Allah onaman. Gopur, éta ogé jenengan Allah. Teu meunang Gopur wungkul, kudu Abdul Gopur. Cék Ajengan, teu merenah mun jelma ngaranna Rahman atawa Rohim, tapi kudu: Abdurrahman, Abdurrohim jst, jst.

Rata-rata barudak pasantrén baroga ngaran rangkepan, atawa malah lolobana mah digaranti ngaranna.

Aya nu kaliwat. Kungsi kuring sorangan nanyakeun ka Ajengan naon sababna pangna (méh) unggal jelema nu balik ti Mekah kudu baé diganti ngaran. Katerangan Ajengan kieu, "Kapan ari jelema indit ka Mekah téh ngadon nyucikeun diri. Jadi, lamun urang tas munggah haji, kabéh dosa nu enggeus-enggeus téh kalebur. Nepi ka sanggeus kitu, éta jelema téh jadi suci deui, teu béda ti orok nu kakara brol. Ku kituna, éstu merenah tur munasabah, lamun éta jelema ngaganti ngaran. Da mémang beunang disebutkeun ngabaru deui hirup. Éta deuih sababna, pangna lamun maot keur munggah haji, dianggap pohara bagjana. Ari sababna, maot téh sasatna dina 'status' orok nu kakara gubrag. Jadi, 'beresih' tina sagala dosa." Nu matak cénah, hadéna jadi haji mah kudu geus kolot. Kapan saréatna nu geus kolot mah umurna moal lila deui, dibandingkeun jeung nu ngora. Lain éta mah, lain papahaman Ajengan. Cek kuring tadi, aya kapercayaan!

Mang Udin béjana basa datang ka pasantrén mah ngaranna téh Kardun.  Diganti ku Ajengan jadi Syamsudin ('Syamsu téh panon poé, ari din téh agama). Cek Si Atok, padahal keur Mang Udin mah mending kénéh Kardun, sabab surup kana rupana  (ari kardun téh hartina monyét).

Kuring dibéré ngaran ku Ajengan téh alus pisan Rochmatullah. Nepi ka sakola menengah kelas II mun teu salah, kuring maké kénéh ngaran pameré éta téh. Nepi ka ayeuna, R dina RAF saenyana mah tina Rochmatullah éta téh. Ngaran paméré Ajengan. Batur kuring nu kungsi sakola di Sakola Tani Unggaran (Semarang), tangtu ingeteun kénéh, yén ngaran kuring make Rochmat di hareupna.

Kungsi aya riributan tina perkara ngaran téh. Nepi ka Ajengan disaur ku Juragan Camat sagala rupa. Si Umar (nu boga dosana) aya beja rek diperkarakeun malah. Ari alatanana kieu.

Anak camat -ku kuring kungsi dicaritakeun- Dang Engkos téa kungsi lar-sup ka pondok. Cék Si Atok mah, ngahelaran Nyi Halimah. Kuring dina lebah dinya milu salah. Ah, da salah-salah, teu rumasa! Ieu mah pédah teu nyaho baé kumaha dudukna perkara

Béjana -kuring keur ka lembur- aya Dang Engkos ngadon ngéndong ka pondok. Ngobrol-ngobrol di kobong, bras kana soal ngaran. Dang Engkos harita ménta ngaran anu asalna tina basa Arab. Ka Mang Udin méntana mah (dongéng Si Atok ka kuring tea). Mang Udin teu manggih ngaran alus. Na ari celengkeung téh Si Umar ti jero, "Kumaha mun Adang mah jenengan téh Muhammad Khinjir baé." Saréréa ogé reuwas santri-santri téh, sabab nyaho yén Si Umar téh heureuyna kaliwatan. Teu disangka-sangka atoheun Dang Engkos téh! Malah pokna, enya alus lamun ngaran kuring (kuring ngabasakeunana téh) Radén Kosasih Muhammad Khinjir. Taya santri nu wani ngomong, nepi ka Dang Engkos balik. Ngan sanggeus balik, Si Umar pada ngagelendeng. Tapi ngan ukur

 cicirihilan. Marukana moal aya buntutna.

Hiji poé kuring ka kacamatan. Keur ngobrol-ngobrol jeung Juragan Camat istri pameget, pok Juragan Camat istri, "leuh, Si Engkos aya nu méré ngaran alus, Muhammad Khinjir . Malah rék dihajatan sagala rupa, da kahayangna." Cék kuring, "Moal enya Khinjir . Margi upama teu lepat, ari khinjir téh hartosna; bagong." Éta Juragan Camat pameget kaciri reup beureum, ray pias. Bakat ku bendu.

Cék kuring tadi, nepi jadi perkara. Ajengan disaur, Si Umar rék diperkarakeun. Duka kumaha bérésna. Ngan nu inget mah, Si Umar kungsi meunang dua bulan leuwih indit ti pasantren. Kabur, teuing ka mana. Datang deui sotéh, sanggeus ngadéngékeun, yén geus bérés, teu jadi diperkarakeun! 

(Seratan RAF - Rochmatullah Ading Affandi Alm)

Comment Policy: Mangga dihaturanan nulis komentar perkawis artikel dina halaman ieu. Mugia kumpulan carita pondok sunda ieu tiasa janten jalan silaturahmi kangge urang sadayana.
Buka Komentar
Tutup Komentar