NU NÉMBONGAN DI SAWAH - Puriding Puringkak
NU NÉMBONGAN DI SAWAH - Bérés solat magrib, tuluy wiridan jeung ngadu’a. Teu lila kadéngé bapa ngageroan ti patengahan.
“Nono, enggeus solatna?” sora bapa semu ngosom.
“Entos,” témbal kuring bari nilepan sarung jeung sajadah.
Deregdeg disampeurkeun ka dapur nu dicaangan ku bohlam lima wat bari bohlamna katutupan ku haranghangsu.
“Anter bapa ka sawah,” pokna ngajakan ka sawah.
Najan sangheuk antukna mah nurut kana pangajak bapa. Geus pada apal yén bapa mah borangan pisan.
“Jung anteur, tunggu cai,” ema nyampeurkeun bari masih kénéh maké mukena.
Keur usum katiga. Cai hésé. Duka iraha rék hujan. Rajeun aya ngaruy sugan téh rék tuluy hujan, tapi ngan saparalak. Garing deui lemah téh. Loba anu kakurangan cai kaasup anu boga sawah. Paré sok sieun teu kapuluk alatan halodo anu geus mangbulan-bulan.
Hadéna téh bapa jeung batur-batur nyawahna teu hawek kana cai. Dibagi-bagi. Bapa kabagian caina tas magrib nepikeun ka tabuh satengah dalapan. Lumayan. Sahenteuna sawah moal ngolétrak teuing. Kabaseuhan. Paré téh kakeueum ku cai. Biasana mah inditna téh teu nyorangan. Sok duaan jeung Mang Kosim nu sawahna padeukeut jeung sawah anu bapa. Ngan teu ku hanteu Mang Kosim keur kapapatenan tadi beurang pamajikanna tilar dunya.
Imah Mang Kosim jeung imah kuring béda désa. Pamajikanna anu keur bureuyeung kakandungan tilu bulan maot tabuh salapan beurang. Geunjleung. Éta awéwé nu pangawakanna pendék busekel téh ragrag. Nepi ka teu katulungan. Puguh atuh saréréa jadi ketir ngadéngéna ogé.
Teu anéh mun lembur téh ngadadak simpé. Kaasup di daérah kuring, najan béda désa. Bapa anu borangan beuki ngandelan kasieunna téh. Keur mah eukeur bapa remen nganjang ka imah Mang Kosim. Geus wawuheun pisan ka manehna jeung Bi Edah, pamajikanna. Nya pon kitu kuring. Nya kuring ogé boga kasieun.
Ti imah ka sawah téh laleumpang. Mapay pilemburan anu sarimpé. Padahal ieu téh karék oge magrib. Teu kadéngé nu batuk-batukna acan. Padahal biasana mah tabuh salapan ogé masih kénéh narongkrong di warung. Warung Bi Tiah ogé ngadadak geus tutup. Beuki nambah kasieun. Bapa leumpang di hareup diturkeun ku kuring nu ngiclik bari mamawa smarphone nu aya senter-an.
Béak pilemburan ditema ku pakebonan. Mapay-mapay jalan satapak anu méh teu katempo awahing katutupan jukut. Aranglangka kasaba ayeuna mah lantaran warga kajeun milih nguir batan leumpang. Kana motor mapay jalan raya. Kénca katuhu jalan satapak pinuh ku tatangkalan samodel tangkal cau jeung gedang. Teu kaurus sigana mah pakebonan téh nu lila-lila mah harib-harib kawas leuweung. Duaan laleumpang mani rusuh hayang tereh tepi. Euweuh nu nyarita estu ngabaretem. Ngan pikiran mah ngacacang kamana mendi.
Kuring ngarasa sieun aya anu nuturkeun ti tukang. Atuh bapa oge sieun pasarandog jeung jurig. Pamikiran téh geus ngacaprak kana sagala rupa anu can tangtu bukti. Keur anteng leumpang sada aya anu ragrag tukangeun kuring. Lengkah kandeg bari panasaran. Kahayang mah dilieuk ngan kasieun leuwih gedé. Nuturkeun deui bapa anu geus ngingkig. Leumpang digancangan.
“Cing caangan itu!” titah bapa basa rék nanjak.
Sénter disorotkeun ka lebah anu dituduhkeun ku bapa.
“Teu aya nanaon,” kuring nyarita.
Bapa ngajeten.
“Titingalian panginten,” kuring nyarita deui.
Suku bapa ngaléngkah deui diturkeun ku kuring. Mapay tanjakan anu nyambungkeun pakebonan anu poék mongkléng jeung jalan raya.
“Tepi ogé ka jalan raya,” sora bapa renghap ranjug.
Senter dipareuman. Duaan meuntas jalan raya. Kendaraan anu balawiri lumayan loba. Geus kitu mah mudun saeutik bras ka pasawahan. Sawah nu kolot kuring téh ayana beulah kidul. Leumpang heula mapay galengan sawah batur.
“Siga aya candukul di saung,” ceuk bapa bari ngalieuk ka kuring.
Langit teu pati bengras. Aya bulan ngan sapasi. Hawa tiris. Mata kuring nenjo ka nu aya di saung. Tarang kerung bari renung ku késang. Teu mangkuk lila les ngalengit éta jirim nu wujudna bodas téh. Bapa ngalieuk deui ka lebah saung sawah nu rada anggang ti tempat duaan ngajengjen.
“Gening ngaleungit,” sora bapa haroshos.
Sakedapan mah kalah ngajareten dina luhureun galengan sawah. Asa dipaku. Kasieun mimiti karasa katambah ku hiriwik angin peuting nu nyecep kana tulang.
“Tetempoan sugan saking ku sieun,” ngagedean kaludeung sangkan bapa teu sieun.
Suku bapa ngalengkah deui lalaunan. Biwirna gegerenyeman mapatkeun du’a. Anjog ka deukeut saung. Euweuh nanaon. Kosong. Di sawah palebah dinya taya saurang-urang acan anu ngulampreng. Biasana mah sok aya jalma najan waktuna tunggu cai lila kénéh. Aya untungna ogé peuting ieu téh. Tunggu cai mun daék mah nepikeun ka subuh mun ludeung mah.
“Dagoan di dieu,” ceuk bapa.
Nu menerkeun cai téh bapa. Kuring mah embung kokotoran. Jaba pangsieunna ku oray. Kumaha lamun keur menerkeun cai téh ujug-ujug aya oray ngegel kana suku. Cicing di saung ogé bari taki-taki sieun aya sato galak lian ti oray téh nya langgir. Jantung keketegan. Sidik tadi duaan nenjo aya jirim bodas. Tapi ilang teu lila téh. Mahluk nanahaon atuh nya? Pocong palangsiang. Beu, asa kakaraeun di saung kuring aya mahluk model kitu. Ti mana holna. Barina oge jauh ka pakuburan, mun enya téa mah aya nu paéh bari tuluy marakayangan. Ah, piraku deui jalma geus tilar dunya ngadon ngulayaban ka dunya. Pa jelas, jalma nu geus abus ka alam barzakh mah moal bisa balik deui ka dunya. Cicinng di alam kubur ngadagoan kiamat hol. Aya nu meunang nikmat kubur, aya oge nu meunang siksa kubur.
Pastina ogé saking ku gedé kasieun mikiran Bi Edah nu tadi maot jaba beuteungna keur bureuyeung. Indungna maot nya pon kitu deui jabang bayina. Mun janinna nyawaan kénéh, ras inget carita beranak dalam kubur. Diuk di saung sawah bari ngomekeun smartphone. Saung téh rada lega. Jirim nu ngawujud pocong téh tadi katenjona beulah girang. Ngahaja diuk beulah wetan. Ngarah teu katembong deui. Kumaha lamun hol deui ujug-ujug ngarendeng atawa ngadak-ngadak aya dina lahunan. Pikiran kalah jadi ngacaprak ka mana mendi.
Cai ngagulidag. Ngocor ka sawah. Geus kitu témbong bapa leumpang rurusuhan.
“Ulah lumpat Pa, bisi labuh!” senter disorotkeun ka bapa anu muru ka lebah saung.
Barang nepi, bapa langsung nyaritakeun. Derekdek bapa nyaritakeun kajadian bieu.
“Sugan téh sora lalaki. Tapi ari diteges-teges téh sora awewe,” ngomongna bari nyusutan kesang.
“Baruk? Piraku awewe ngadon tunggu cai. Saha kitu, oh paling Ceu Adah, pan salakina nyaba ka kota,” kuring ngolongan.
“Lain, tapi sada sora Bi Edah,” haroshos.
Duaan ngabaretem. Ngarasa keueung ku kaeueung nu sarua.
Lian ngadenge sora awewe mata bapa oge sabengbatan nenjo mahluk anu pendek busekel warna bodas. Keur mah eukeur kaayaan reyem-reyem jadi katara pisan warna bodas téh. Najan ukur sajorelat tapi matak inggis.
“Hayu ah, urang balik,” ajak bapa.
Tunggu cai téh luyu jeung waktu. Sawah teu burung kabaseuhan najan bari dikukuntit ku kasieun. Geus dua kali aya pocong nu di sawah. Kakaraeun. Saumur-umur aya anu kitu. Sugan téh dina carita atawa film wae. Meureun carita atawa film oge sigana téh meunang nyokot tina pangalaman. Leumpang rurusuhan. Angger kawas tadi, bapa panghareupna. Kuring nuturkeun ti tukang bari nyorotkeun senter tina smartphone. Sieun ku pocong jeung sieun ku oray. Mapay-mapay galengan sawah.
“Pa,” ceuk kuring ngagentraan.
“Tong didéngé. Hayu teruskeun leumpangna sangkan téréh tepi ka jalan raya.
Satepina ka jalan raya mah senter téh dipareuman. Longsong. Bebas tina kasieun nu ti tadi nyangkaruk.
“Hayu rék baralik mah,” kadéngé aya nu nyarita nalika duaan keur ngareureuhekun kacapé bari napas renghap ranjug.
Kang Odang. Ojeg lembur. Tas nganteurkeun muatan sigana mah.
“Tas ti mana ari manéh?” bapa ngahegak awahing ku capé.
“Har, piraku teu apal. Pan Mang Kosim maot. Kapanggih keur ngagantung maneh di kamerna. Kapanggih tas Magrib ku mitohana,” tembalna matak nyentug.
Kuring jeung bapa paadu teuteup.
“Hayu baralik,” ajakna.
Clak duaan naek kana motor. Bapa di tengah. Ninggalkeun pasawahan nu kahalodoan. Ninggalkeun sora orok nu ngear. Ninggalkeun mahluk nu tadi nembongan nepikeun ka tilu kalina. Malah nu katilu kalina mah mangrupa pocong leutik nu katenjo ukur ku kuring basa diliieuk bari ngear ceurik. Bapa mah teu apaleun ngan ngadéngé sorana wungkul.
Mang Kosim kaleleban gara-gara pamajikanna maot. Nu ngalayad riab ka imahna. Padahal tadi beurang téh tas ngaralayad pamajikanna anu keur hamil tea. Ngurus deui layon. Kapanggih ku mitohana nalika neang ka kamer pikeun acara tahlilan. Disangkana keur wiridan. Kasampak ngagantung make tambang. Létahna ngelel bari panonna buncelik.***
Katerangan: Seratan Hermana
Ieu seratan teh parantos medal di Mangle nomer 2696