Mim Pitu - Carpon Akhmad Bakrie
MIM PITU - Rongkah pisan kariaan Haji Gojali téh. Mupugkeun tai kanjut cenah, pakaulan si bungsu tepung jodo jeung nu sawaja, papada anak nu jegud. Teu kapalang balandonganana ogé, cék nu rahul mah sawidak kali sawidak deupa cenah awahing ku gedé-gedéna.
Dina babadamian mimiti jeung kulawarga, kungsi aya nu usul supaya nanggap wayang, ngangkir dalang Cigebar nu kamashur, sakalian itung-itung ngaruat lembur cenah. Tapi cék Kuwu, nu ngahaja diangkir nungkulan, teu pantes Haji kariaan nanggap wayang. Mending ngondang ajengan sina tablig, aya-aya pulunganeunana pibekeleun ka ahérat. Mun rék aya kasenianana matak naon ngangkir tagoni ti Awipari. Tengah peuting, terus tablig, der waéh cenah.
"Leres kairing," cék Haji Gojali, "cop pisan kana émutan téh. Perlu kasambut sunat kalampah, sapusan-sapisan kariaan bari ibadah."
"Pan muhun kitu,” cék Kuwu, "najan betah gé di dunya, urang téh kudu geus mikir-mikir bawaeun balik."
"Bongbong panuju Emang téh... Teu panasaran ngarubuhkeun sapi dua-tilu gé keur nyuguhan nu ngaraji mah sasatna," cék pribumi.
Putus waéh rék ngangkir ajengan ti dayeuh, ngahaja kiai petingan, nu baréto kungsi tablig di Kacamatan. Matak kataji, da selang-selang tina ngadalil téh maké sok ngabojég sagala. Sapusan-sapisan cék barudak ngora mah, ngaji ongkoh, itung-itung lalajo bobodoran ongkoh, ngadagoan réog mah arang langka.
Dina waktuna, jelema tumplek ka lembur Girang. Balandongan nu sakitu mayakpakna téh nepi ka mudal ka buruan-buruan tatangga jeung ka jalan. Kabeneran ongkoh tas ngecrek waé manggih halodo. Harayang nyenghap urut ngahékok waé di imah turug-turug aya béja sakur nu datang rék disuguhan najan teu diondang ogé.
Nu daragang maréma, nu jarajan kawas nu mamayu, mangpang-meungpeung hayang ganti parab, ngaruah bébécék, nu jeung pamajikan nu jeung bébéné. Tukang bandrek kakurangan batok. Cindekna jelema téh marijah asa dikariaankeun.
Jam dalapan bada Isa acara dibuka.
"Para sadérék," cék protokol, "Kersa Ajengan nu ku urang diantos-antos parantos rawuh. Sakedap deui baris miwejang, pioboreun urang di dunya sareng aherat ... Alhamdulillah, nu sasari saban wengi ngecrek baé téh, wengi ieu halodo lénglang. Hiji tawis, yén pasamoan wengi ieu kenging rido ti Gusti Nu Maha Suci. Sateuacanna Kersa Ajengan miwejang, Bapa Kuwu disuhunkeun sambutanana, étang-étang dawuh restu ti nu kagungan wewenang di désa ieu ... Sumangga dihaturanan."
Keprok ngageder. Bapa Kuwu hanjat ka panggung. Kuwu ngora, dedeg sampe rupa hadé, meumeujeuhna buta tulang buta daging, nya gagah nya boga pamor. Urut tadi ngaguruh gandeng téh ngadak-ngadak jempé lir gaang katincak.
"Assalamu'alaikum warohmatullohi wabarokatuh ... Hatur nuhun sim kuring dipaparin kasempetan cumarios, étang-étang ngabagéakeun ka Kersa Ajengan nu parantos luntur galih kersa sumping kanggo miwejang urang sadaya ... Rumaos ditakdirkeun jadi kokolot di désa ieu, jadi bapa rahayat sadésa ieu, sim kuring hoyong ngiring jabung tumalapung nyelapkeun kecap kanyaah, manawi aya mangpaatna kanggo para sadérék nu sasat jadi asuhan sim kuring. Tugas Kuwu téh sanés abot meueus-meueus, kapancénan ngasuh rahayat sangkan lembur jadi aman, sepi tingtrim gemah ripah loh jinawi. Cék paripaos téa mah, sepi paling towong rampog, nu tani saruka-seuri, anu dagang barungah ... Nanging mungguhing di dunya téa teu luput tina cocobi, kanggo nguji iman manusa ... Ahir-ahir ieu sering kawartoskeun timbul rupi-rupi kajahatan nu jadi gangguan kana katengtreman hirup kumbuh. Kituna téh taya sanés, ku margi seueur jelema nu mopohokeun kana ajaran agama, nukang nonggong kana paréntah Pangéran ... Mun sadaya jelema leres-leres iman jeung takwa, sim kuring yakin, alam dunya baris aman répéh-rapih ... Dibantun cindekna baé, sadaya jelema kedah tumut tuhu kana paréntah Pangéran bari nyingkahan sagala laranganana ... Ku para sepuh baheula, larangan Pangéran téh dikumkeun dina mim pitu ... Naon nu disebat mim pitu téh ...? Hiji minum, nya éta ngaleueut sabangsa arak, temahna matak mabok, leungit sagala wiwaha, poho kana bebeneran, tunggul dirarud catang dirumpak, loklok dilebok heulang dihakan ... Dua madat nya éta mirucaan sabangsa candu, ganja, narkotik jeung sabangsana. Ahir-ahir ieu remen kabéjakeun réa barudak nu keur mareumeujeuhna tigebrus kana jurang ganja nepi ka ruksak jiwana ruksak cita-citana tinggal bangkarak manusa nu taya gunana pikeun bangsa, nagara katut agama ... Katiluna maén alias rupa-rupa adu-aduan. Réa nu nepi ka bébéakan dipaké pawit ngadu nepi ka baruntak rumahtanggana ... Kaopatna madon, nya éta jinah cék agama hukumanana kudu dirajam ... Kumaha ari dirajam téh ...? Dibalédogan ku batu nepi ka paéh. A'uzubillahi min zalik ... jinah ... rajam ... kecapna gé matak kukurayeun ... Kalimana mateni nya éta maéhan jelema ... Kagenepna maling, babadog rarampog, korupsi jeung sajabana, para sadérék moal aya anu bireuk ... Katujuhna mangani, barang-dahar nu dilarang ku agama ..."
Tuluy dijéntrekeun deui, dibahas sarupa-sarupa, bahayana ka diri nu ngalakonan katut ka sakumna masarakat. Jelema réa nu tingbirigidig, paur ku mamalana mim pitu.
"Cindekna sim kuring mépélingan ka sakumna rahayat asuhan sim kuring sangkan nyingkahan sakur nu kasebat dina mim pitu. Désa ieu kudu bebas tina mim pitu, desa ieu kudu bebas tina sagala kama'siatan, désa ieu kudu jadi dé nu pinuh ku rido Alloh ... Insya Alloh, pangeusi désa ieu baris salamet dunya ahérat. Mung sakitu sambutan sim kuring, sakalian neda widi ka Kersa Ajengan, réh sim kuring teu tiasa teras nungkulan, margi kedah nohonan panyaur Bapa Camat, aya perkawis anu teu kinten pentingna ... Hatur nuhun, wassalamu'alaikum warohmatullohi wabarokatuh."
Nu keprok ngageder alah batan tadi. Bapa Kuwu lungsur ti panggung, sasat kateureuy ku teuteup asih jeung kayungyun sakur nu aya di balandongan jeung nu mudal ka jalan.
"Reugreug boga Kuwu téh ... Ku kiai kitu-kitu waé mah moal éléh," cék Haji Gojali ka tamu gigireunana, "asa enya boga panyaluuhan jeung panyalindungan."
"Leres ... leres, kairing."
Pa Kuwu munjungan ka Kersa Ajengan sakalian amit, tuluy ngadeukeutan Jurutulis.
"Ulis, tungguan di dieu tepi ka anggeus, ngawakilan Bapa."
"Mangga," témbal Ulis.
Pa Kuwu muru ka luar. Jelema nyingray méréan jalan, ajrih ku panutan nu rék ngalangkung.
"Ripuh nya euy jadi Kuwu téh. Mani teu kaur reureuh. Wayah kieu disaur-saur kénéh ku Camat. Moal teu urusan gawé éta téh," cék saurang ka baturna, "uyuhan katanagaan. Pan urang mah wanci kieu téh usum reureuh."
"Heueuh," tembal baturna, "rék ngaji ongkoh urang mah, reres ngaji rék manggih karesep lalajo tagoni ... Mangkaning gareulis, euy, mojang petingan wungkul."
"Tah-tah-tah ... bet leos kana geulis-geulisna ... Kumaha tadi saur Bapa Kuwu?"
"Hih, semet nyeueung mah na matak nahaon ...? Kaasup kana ni'mat nu kudu disukurankeun ... Pek geura tanyakeun ka santri!"
Pa Kuwu nyimpang ka tukang roko. "Gudang Garam, Jang!" cenah bari song lambaran lima réwuan.
"Teu aya angsulna, Bapa ... Artos alit waé," cék tukang roko.
"Nyéta euweuh ... Kumaha atuh?"
"Sawios, Bapa, ku abdi diartosan," cék nu diuk gigireun tukang roko.
"Saha éta téh ...? Ih, geuning Wiria ... Sukur atuh. Puguh Bapa teu boga récéh."
Léos waéh rurusuhan.
"Tah kitu ari ka dunungan téh, kudu béla," cék baturna Wiria.
"Teu asa ka dunungan uing mah, asa ka Bapa ... Itung-itung mangalakeun suluh waé, sakumaha ilahar baheula béjana."
"Heueuh ... barina gé meujeuhna waé, da éta téh nu ngaping ngajaring ka urang ... Gawéna capé tanggung-jawabna beurat, sagala kudu katowéksa. Cék paribasa ogé geuning, upih ragrag ogé kudu katiten ..."
Pa Kuwu ngiciprit sorangan. Lebah pasar, nu sasarina sok haneuteun téh harita mah jempling, da kabéh jelema bahé ka ditu, ka nu kariaan. Lebah Kacamatan teu ngalieuk-lieuk acan, ngagidig waé kawétankeun.
Srog ka tungtung lembur, combrék tiiseun lir di kuburan. Lebah imah nu nenggang, sup ka buruan, kuliwed ka pipir, trok-trok-trok ngetrokan jandéla.
"Nyi... Nyi...!"
Jempé ... semet sora jangkrik sada mangnémbalankeun.
Trok-trok-trok deui.
"Nyi... Nyi...!"
"Saha ...?" cék sora ti jero.
"Bapa!"
"Bapa... saha?"
"Lah ... sok aya-aya waé ... Buka panto."
Rekét sada nu muka panto enggon. Pa Kuwu gura-giru muru ka panto hareup. Bray muka.
"Geuning Bapa ... Sanés nuju di ditu, di nu kagungan damel?"
"Nyelang sakeudeung, sono ka Nyai."
"Yéy, Bapa mah, ari taeun téh," cék Si Nyai bari gumeulis, "ari pun lanceuk di mana?"
"Di ditu Ulis mah, dititah ngokolotan, ngawakilan Bapa," cék Pa Kuwu bari asup nyedekkeun nu ngajanteng dina lawang.
"Ning atuh Bapa ngantunkeun?"
"Sono cék Bapa gé, hayang leleson sakeudeung."
"Lah ... Bapa mah, mani teu bosen-bosen," cék Nyi Ulis bari ngarempet.
"Bongan waé ..."
"Bongan kumaha?"
"Bongan Nyai ... eu... geulis," cenah bari ngarangkul, tuluy dipayang ka enggon.
"Yéy, boga dunungan téh bangor ... Salakina dipelak di balandongan, bojona di... di..."
"Dikumaha...?"
"Duka ah!" cenah bari ngadelek gumeulis, "tong lami teuing atuh, bilih pun lanceuk dongkap manten."
"Moal... moal lami. Barina gé moal wanieun ninggalkeun Ajengan Ulis mah, da diomat-omatan ku Bapa."
"Raos nya ari nu kagungan wewenang mah," cék Nyi Ulis ngelétan.
Nyeueung kitu téh Pa Kuwu beuki karanjingan, asa ditangtang, gabrug deui ngarangkul, nu geulis diteueulkeun kana hariguna. Nyi Ulis nyampay teu walakaya.
"Leuh, mun hadé mah disamualkeun."
"Saha nu disamualkeun téh ...? Abdi... atanapi ... Bapa?" Pa Kuwu beuki geregeteun.
"Aduh, tarik-teuing ...," cék Nyi Ulis bari ngarampa biwir, "katawis geura ke tapak waos ku pun lanceuk ...!"
"Yu atuh, lah!"
"Ké atuh badé mérésan pangkuleumanana ... Mani ambacak, isin," cenah bari ngadudut sepré, diganti ku nu anyar tina lomari. Ka sarung-sarung bantal diganti.
Pa Kuwu geus teu sabar sigana. Nu keur bébérés téh dipangku, digolédagkeun dina kasur.
"Ké heula atuh ... Mani teu sabar Bapa mah ... Tuh lésot waéh!"
"Naon ...?"
"Kutang .... Copot cantélna ... Tuda didudut Bapa mah!
"Keun waé lah, meuli deui waé ... Geus sono pisan tuda!"
"Sok aya-aya waé ... Teu wareg kitu ku nu di bumi?"
"Lah ... ari taeun téh sok paribasa ..."
"Nyaah kitu Bapa téh ka abdi?"
"Har, kieu gé moal atuh teu nyaah mah."
"Leres...? Nyaah pisan?"
"Nyaah ... nyaah .... Nyaah kacida!"
"Na matak naon atuh mun dipigarwa ...? Da abdi mah nandéan ieuh."
"Hih, pan Nyai kagungan carogé."
"Ari leres-leres mah Bapa ngamanah badé nyaah, matak naon nyuhunkeun pirak ogé ... Win waéh tos séép idah mah. Diwayuh gé teu sawios abdi mah."
"Leuh, mana teuing meureun ..."
"Mana teuing kumaha ...?"
"Gujrud ...! Salelembur!"
"Ti batan sareng kieu mah saumur-umur ..."
"Puguh mending kieu ... Unggal tepang unggal sono ..."
"Nanging abdina teu raos, teu weléh hariwang sieun kitu sieun kieu ... Ditikah mah jongjon, digéléng-diponténg dititimang gé moal sieun kaperego ku batur ..."
"Atuh kudu nyandung nya Bapa téh?"
"Na matak naon, pameget mah lumrah ieuh."
"Réa sesekelanana nyandung téh ... Ongkoh pan kasengker ku aturan nagara..."
"Kumaha maksad Bapa téh?"
"Heeh kitu ..., kasengker ku Undang-Undang Perkawinan. Angot deui nu kasebut pagawé nagara mah ... Nu matak mending kieu cék Bapa gé."
Kakara rék pok Nyi Ulis ngomong kaburu digé mantén. Saterusna mah semet humarurung sada nu muriang keur nirisan.
Heuleut sajam gura-giru balik, dijajapkeun ku Nyi Ulis nepi ka lawang bari ngaléléké. Gidig muru ka ditu, ka nu keur kariaan. Seselendep di nu heurin. Jelema nyiklak méréan jalan, isin ku Bapa pamuntangan sadésa, ajrih ku luhung budina, pinandita.
"Lah geuning Bapa sumping deui," cék Haji Gojali, "mangga ngaleueut ... Ké tuang mah sareng Ajengan."
"Ning énggal pisan, tos sumping deui?" cék Jurutulis.
"Diburu perluna waé ... Inget waé ka dieu, hayang milu mulungan piwejang Ajengan," tembal Kuwu bari ngareret ka Ajengan nu keur meujeuhna capetang tablig di panggung.
"Aya naon...? Bilih aya pidameleun abdi...," cék Jurutulis.
"Éta ... eu ... sakabéh munding kudu disuntik, saur Pa Camat téh, usum pagebug cacar," cék Kuwu, inget kana surat ti Kacamatan tadi wanci Lohor, basa Jurutulis meneran euweuh di Balé Désa.
Jurutulis unggeuk.***