Pangalaman Mistis Muru Nini Paraji
Carpon Pangalaman Mistis Muru Nini Paraji - Wanci sareureuh kolot, Héndi nu keur gogoléran bari ngadéngékeun wayang golék dina radio, kagareuwahkeun ku sora nu gegeroan ti jero kamar. Barang disampeurkeun kasampak pamajikanana keur adug songkol bari jeung pupuringisan, leungeunna ngusapan beuteungna nu bureuyeung. Kawantu can boga pangalaman nyanghareupan nu rék orokan, keur Héndi mah mani asa rampang-reumpeung.
"Ku naon, karasa beuteung, Nyai?" ceuk Ma Icih nyampeurkeun, tayohna kahudangkeun ku sora nu duaan.
"Muhun, Ma! Mules," témbalna bari ngaganjelkeun bantal kana beuteung.
"Jang Héndi, wayahna téang Né Erum ka Cilingga. Geuwat! Ngan pangyokotkeun heula bawang beureum jeung minyak keletik kétang, jang balur," pokna deui bari melong ka Héndi, nu keur ngarancétan suku Nyi Dédah.
"Eu, muhun mangga, Ma!" témbalna bari tuluy ngaléos ka dapur. Sanggeus mikeun bawang beureum jeung minyak keletik paménta mitohana, Héndi ngajéwang sarung nu ngalumbuk, tuluy dikongkoyangkeun.
Né Erum téh paraji nu geus legok tapak genténg kadék dina nyanghareupan rupa-rupa pasualan nu ilahar dialaman ku nu ngajuru, ti mimiti nu sungsang, orok nu kabeulit tali ari-ari, malah kungsi ogé narékahan orok kembar nu lahir déngkép, mun ku dokter mah kudu dioperasi pikeun misahkeunana gé, ari Né Erum mah cenah ngan ukur ngandelkeun hinis haur konéng.
Mun teu perelu-perelu teuing mah saha jelemana nu wani ka Cilingga sorangan dina wanci kitu. Jalan satapak nu tarahal, jaba kudu ngaliwatan astana Mbah Jambrong nu geus kawentar sangetna. Can deui dina cukang awi nu aya di susukan Lebak Cibatu téh apan tilu bulan katukang kungsi geger ku ayana kajadian rajapati. Mang Hamid nu ngudag bangsat munding beuheungna méh sapat disabet bedog Si Bangsat.
Enyaan harita mah Héndi téh bangun nu keur diuji kabélana ka nu jadi pamajikanana, pikeun ngabuktikeun yén manéhna téh lain lalaki nu ngan hayang ngeunahna wungkul. Bréh ngolébat deui beungeut Nyi Dédah nu keur pupuringisan nahan kanyeri alatan Si Utun nu totojér, bangun nu geus teu sabar hayang nyeuseup hawa dunya.
Dumadakan peuting harita mah di lemburna téh euweuh ronda saurang-urang acan, teuing carapéun meureun duméh beurangna tas mariluan gotong royong, ngala keusik jang masigit di wahangan Cikunten. Ari rék ngahudangkeun tatanggana, bisi matak ngabarubahkeun. Sanggeus negerkeun haténa, tuluy amitan ka Nyi Dédah katut Ma Icih mitohana.
"Yeuh, bekel ieu, Jang Héndi!" ceuk Ma Icih bari ngasongkeun nyéré kawung tujuh leunjeur meunang nyabut tina sapu. Sanggeus ditampanan mah tuluy wé indit.
Can jejeg tujuh léngkah, karasa aya angin nu nebak kana awakna, haneut, ngan tumerapna kana awak bet tingsariak, matak maruringkak. Héndi babacaan sabisa-bisa tuluy leumpang bari ngupat-ngapit nyéré pamahanan mitohana téa, nu cenah éta téh palakiah urang lembur pikeun nyinglar dedemit nu boga karep rék cilimit.
Manéhna geus anjog ka tungtung lembur Cikendung, bréh di hareupeun témbong runggunukna caringin nu aya di astana Mbah Jambrong. Dahanna nu ngaroyom ka jalan, lir ranggoasna leungeun buta nu keur sayaga rék néwak jelema nu borangan.
Sakumaha diteger-teger ogé angger wé laun-laun mah kawanina téh kawas kurupuk nu kacaian. Méotan. Komo basa irungna ngangseu bau kembang acung mah, nu kacipta dina uteukna téh badéna di hareupeunana téh jol aya mayit ngajelepeng. Leumpangna beuki rusuh nu satuluyna manéhna lumpat mani tipaparétot.
Haténa karasa ngemplong sanggeus ngaliwatan astana mah, sumangetna kahudang deui nempo cahaya damar nu célak-célak di peuntaseun susukan. Cahaya damar nu bijil tina liang-liang bilik imah panggung urang Cilingga.
Hanjakal bijil kawanina téh ukur sakeudeung, nepi kana pudunan rék nyorang sasak, dina susukan kapireng sora nu tingcariak, kapirengna sada anak hayam tinggaleun indung, tuluy ditéma ku sora nu ngageleber. Daun awi séah katebak anginna, tangkalna tingpelenod. Selengseng, bau hanyir matak ongkék. Sora nu tadi kadéngéna ciciakan kawas anak hayam téh lila-lila mah bet sada sora nu seuri. Nyikikik.
Héndi geus leungiteun jiwa kalalakianana, manéhna lumpat nyorang tanjakan bari teu eureun gogorowokan.
"Tut, tulung ...! Kuk, kunti ...!" pokna bari ngabecir. Barang nepi ka sisi lembur Cilingga, manéhna bangun béakeun tanaga. Nangkarak bengkang bari hah-héh-hoh, dadana karasa eungap. Awakna leuleus taya tangan pangawasa.
Heuleut sakeudeung tanagana karasa ngarumpul deui, haténa bungah nempo aya nu bijil ti hiji imah, awéwé disasamping jangkung, leungeun katuhuna nyekelan colén. Sidik pisan leumpangna muru ka dinya.
"Har, na' saha éta téh, kunaon ngalungsar di dinya?" ceuk éta awéwé bari ngadeukeutkeun colén dipaké nyaangan beungeut Héndi.
"Duh, mani kaleresan, Né, puguh abdi téh badé nepangan Ené!" walon Héndi, sanggeus sidik ka éta awéwé.
"Kutan téh, Sujang? Hayu atuh ka imah heula!" ceuk Né Erum giak ngaku. Sanggeus Héndi diuk, Né Erum asup ka goah, teu lila geus bijil deui.
"Nyalsé wé Sujang, da Si Nyai mah moal kumaonam. Malah Si Utun ogé geus gebrol geura!" ceuk Né Erum bari ngasongkeun cai nginum.
"Abdi téh asa teu paruguh ari teu nungkulan mah, upami tiasa mah hayu ayeuna, Né!" ceuk Héndi rada maksa.
"Hayu atuh ari Si Ujang geus teu sabar mah, enya kétang ti ayeuna mak kudu nyaah ka pamajikan téh, ulah cara tiheula. Rumasa?" ceuk Né Erum, curukna ngacir nunjuk beungeut. Héndi tungkul, manéhna kacida reuwasna alatan rusiahna nu salila ieu disumput-sumput, bet kabokér ku jelema nu arang panggih.
"Naha anggur ngahuleng, Sujang? Hayu! Geus kalakuan nu enggeus-enggeus mah tong diinget deui, tinggal tobatna. Ngan wayahna Ujang kudu daék ménta dihampura ka nu jadi pamajikan. Mun henteu, tingalikeun wé!" ceuk Né Erum, caritaanana bangun nu ngandung pangancam. Héndi unggeuk bari tungkul, teu wani males paneuteup Né Erum nu ceuk tetempoanana semu ngagebur.
Teu lila Né Erum ngajak indit. Najan pangawak nini-nini leumpangna téh mani gancang, méh-méhan teu kasusul. Sababaraha kali Héndi kapaksa lumpat bisi tinggaleun.
Bulan moncorong nyaangan léngkah nu duaan, bulan nu bijilna samalangsa sabab némbonganana dina malem pananggalan. Ti kajauhan kapireng cungungungna sora anjing nu babaung. Ngan haté Héndi karasa teger leumpang dibaturan Né Erum mah. Malah basa ngaliwatan astana Mbah Jambrong nu angger bau acung ogé maké jeung luas melong kana parentul tetengger.
Janari leutik duanana geus anjog ka hareupeun imahna.
"Jung Ujang mah ti heula, Ené mah teu kuat hayang kiih. Ngan peupeujeuh kudu inget kana jangji Ujang tadi!" pokna bari ngaléos ka pipir, muru kana pancuran. Héndi nu geus teu sabar hayang nempo kaayaan Nyi Dédah, gagancang asup ka imah. Barang sup, sajongjongan manéhna colohok, biwirna calangap. Rék ngomong ngan hésé untap, kawantu asa hookeun nempo budakna geus lahir kalayan salamet. Orok nu geus meunang ngabedong téh ngahénén diéyong-éyong ku Né Erum. Nu matak teu kahontal ku pikirna, pan cikénéh Né Erum ngomong rék ka cai heula.
"Ari Jang Héndi ti mana waé? Dititah néang Si Ené téh geuning ngadon ngablu. Untung aya Jang Nanang jeung Mang Aléh nu daék mangnéangkeun," ceuk Ma Icih rada ngagelendeng. Héndi teu waka némbalan, anggur nyicikeun cai kana cangkir, tuluy nginum kawantu tikorona asa tuhureun.
Sanggeus kumpul pangacianana, barabat Héndi ngadongéngkeun kajadian nu kaalamanana, ti mimiti jrut nepi ka balikna deui. Saréréa bati gogodeg ngadéngé lalakon Héndi téh. Sirah Né Erum témbong unggut-unggutan, teuing naon maksudna, iwal manéhna nu nyahoeun.
"Wayahna Ujang kudu nedunan kasanggup nu geus dikedalkeun ka sepuh nu tadi maturan Ujang. Jung gancang geura ménta dihampura!" ceuk Né Erum ngajurungkeun.
"Saha manéhna téh, Né?"
"Hush! Teu meunang munah-manéh bisi kawalat! Geus teu kudu tatanya ngeunaan saha-sahana mah da moal saha deui iwal ti karuhun Si Nyai!" témbal Né Erum rada ngagebés. Héndi teu wani baha, manéhna ngojéngkang ka kamar, ngusapan sirah Nyi Dédah bari ménta dihampura tina sagala kasalahanana. Manéhna nyaritakeun sagala rusiahna, yén salila buburuh di Bandung manéhna téh lain gawé di proyék, tapi jadi cocooan tanteu-tanteu.
Sanajan ngarasa kuciwa ngadéngé kalakuan salakina kitu, ngan ras ka budak nu karék gebrol, Nyi Dédah antukna teu burung ngahampura.***
Sariwangi 240620.
Carita Puriding Puringkak nu judul aslina Nini Paraji Ku Dadang Romansyah parantos medal dina Majalah Mangle No. 2789.