BEDUG PUASA
Kiwari teu gampang pikeun nu di kota ngadéngé sora bedug téh. Sakalieun ngadéngé sora bedug téh lamun waktuna bulan puasa jeung maleman takbiran. Bedug nu ngahaja dijieun heula pikeun ngageuingkeun nu rék saur, atawa ngaramékeun malem takbiran. Digarotong ngurilingan lémbur, bari ngadurugdug ditakol. Sanggeus liwat waktu lebaran mah cul deui wé bedug téh ngajugrug teu digunakeun deui.
Tapi aya ogé di sabagéan wewengkon, bedug téh masih dipaké di masigit-masigit. Malah teu ngan saukur keur tanggara datangna waktu solat wungkul, tapi ogé keur tanggara-tanggara séjénna. Kawas di wewengkon Pulo Belitung. Sakumaha kabiasaan di ieu wewengkon, mun aya sora bedug lain dina waktuna solat, bisa dipastikeun éta téh tanggara aya nu maot.
Kungsi sakali mangsa dina bulan puasa, Cupu, budak nu sok rajin beberesih di masigit, kasaréan di jero masigit. Tayohna tunduheun pisan perbawa keur puasa, sanggeus réngsé solat asar reup wé saré tibra naker di juru masigit. Taya nu ngageureuh-geureuh, da sapopoéna gé tara jauh ti masigit manéhna mah.
Rada ngampleng saréna téh da euweuh nu ngaganggu, méh tabuh lima karék lilir. Gigisik bari rucang-riceng. Rét kana jam nu naplok luhureun paimbaran, kacida reuwaseunana, perbawa lulungu katempona jam téh geus tabuh genep! Gidig kaluar. Gura-giru nyampeurkeun bedug nu nangoh di gigireun masigit. Cek kana panakol bedug, teu weléh gurung gusuh, panakol bedug gé ampir rék murag. Teu antaparah deui habek habek-bedug ditakol ngadurugdug. Geus kitu mah léos ka cai rék beberesih saméméh adan magrib. Nyalsé beberesihna téh da reugreug geus nakol bedog. Bérés beberesih, blus deui ka jero masigit. Ngan kacida reuwasna, disidik-sidik jam nu naplok téh kakara nunjukeun tabuh lima kurang lima menit! Bingung lain dikieuna, nya kumaha pipetaeun? Geus teg wé ieu hal baris jadi piomongeun.
Ari urang lembur kabéh sing raringeuh, aya sora bedug lain wayah anggang kénéh ka buka puasa. Ampir kabéh kalaluar ti imah séwang-séwangan. Antukna ngagimbung di sisi jalan, silih tanya saha nu maot? Kabeneran di éta lembur aya hiji kolot, Kaké Tiing, nu geus lila gering ripuh. Saréréa teg wé ka dinya. Tungtungna mah bring ka imah Kaké Tiing, rék mastikeun enya henteuna. Anjog ka nu dituju, bet sepi, taya tanda-tanda aya nu maot. Da mun seug aya nu maot mah pasti geus loba kulawargana ngarumpul. Méakeun kapanasaran, nu ngabring téh unggah ka imah nu gering. Kaké Tiing ngalempréh ditungguan ku pamajikanana. Pamajikanana kitu deui angger ayem, teu katémbong rawah-riwih. Antukna bring deui sararéa ka masigit, rék nanyakeun tanggara naon bedug ditakol lain wayah.
Nepi ka masigit langsung nalék Si Cupu. Puguh wé atuh nu ditalék geumpeur, najan geus neger-neger karep ogé. Manéhna ukur bisa balaka bari ménta dihampura ka sararéa.
“Nu matak montong ngadon saré di masigit,” ceuk salah saurang ngajorowok.
“Jeung tempo heula atuh sing bener geus jam sabaraha saméméh nakol bedug téh.”
Sawaréh kukulutus. Teu kurang nu ngadon seuseurian ogé, kagugu ku ieu kajadian.
Si Cupu ukur bisa ngabéléhém bari pok deui pok deui ménta dihampura. Tapi bareng jeung kitu manéhna ngagerentes di jero haténa, asa anéh ku pamolah jalma nu ngabring. Ari ngadéngé sora bedug mangsana solat, loba nu teu daratang ka masigit téh. Na ari salah mangsa nakolna mani ngabring, teu sirikna saeusi lembur kaluar kabéh.***
Ku Agus R Munggaran
Rancaékék, Mei 2019