Skip to main content

RIWAYAT ASIH

Panénjona teu weléh diogo saban hujan maseuhan satungkebing ondernémeng jeung pangeusina. Manéuh ngadeukeutan jandéla tuluy nyarandé kana témbok bari nangkeup harigu. Nyérangkeun nu lalumpat di buruan pabrik: tukang petik.

Matana teu lésot nunutur ngicipritna hiji jirim nu teu weléh ngagoda. Asih, kembang lamunan nu ngawujud tina skétsa Salm. Najan jauh tangéh kawas nu digambarkeun dina Carita Ratu Pakuan, ngan leuwih narik ati batan Mariétje, anak koléga bapana, mojang Éropa nu suratna datang méh saban minggu. Karasa pisan pangaruh Calvinisme dina dirina nu teu weléh blak-blakan sarta gedé wawanén jeung luas datang sorangan ti Batavia ka tempat manéhna.
Riwayat Asih - Carpon Sunda

Horéam sabenerna deudeukeutan jeung noni téh. Henteu nepi ka pacaduan mah, tapi haténa teu dibéré sir ka mojang sabangsa jeung manéhna. Dongéng indungna teu weléh natrat nepi ka kiwari. Teu bisa mungkir manéhna ogé lahir di tanah koloni jeung kungsi dirorok ku hiji awéwé pribumi. Kacida tulatén ngurusanan nepi ka umur tujuh taunan.

Hanjakal umur misahkeun manéhna jeung Ceu Inah, biasa nyebutna kitu, nu jadi korban rajapati waktu dina hiji peuting, basa narima béja nu jadi indungna gering parna; balik rurusuhan ka lemburna di Parakanmuncang. Kapanggih geus ngababatang jadi bugang di hiji saung sawah dina kaayaan buligir. Dina beuheungna ngageleng tapak ngajiret. Hasil panalungtikan pulisi ngagégérkeun Tanah Priangan, lantaran kaungkab anak priyayi nu kungsi natamu ka loji kolotna disebut-sebut dina perkara éta. Kasus dipétiéskeun sabab campur tangan Sang Ménak.
***

Ku nu jadi bapana, administratur perkebunan kopi di Ujungberung, dititipkeun ka bibina di nagri luluhurna. Sangkan meunang didikan nu leuwih hadé. Jucung sakola nepi ka universitas. Katarima di Universitas Utrécht pisan.

Selang-selang diajar di dinya, najan kudu badarat méh satengah poé, manéhna mindeng ka Perpustakaan Léiden, saukur maca manuskrip kuno nu diringkid ku para perwira kapal armada nu balik ti tanah koloni. Kataji ku History of Java sok pirajeunan dibekel ka Taman Hortus Botanicus. Atawa mun geus bosen niis di juru taman dituluykeun ka Muséum Volkenkunde. Karesep macana jadi pamecut ngulik Indologi. Kulantaran geus boga dadasar komunikasi jeung pribumi nepi ka paséhat basa Sunda.

Bet kasuat-suat waktu manéhna dikirim buku kumpulan litografi ku babaturanana nu di Batavia. Dina hiji kaca aya gambar awéwé keur ninun. Diuk dina dadampar nyanghareupan pakara. Ras inget deui ka Ceu Inah, lamun pareng nyalsé tutas baranggawé sok ninun, kapireng alat tinunna ngagotrék tukangeun imah. Sorana ngawirahma nepi ka wanci surup panonpoé. Sababaraha potong kaén tinun motif kembang kapukna dipaké ku indungna. Matak nineung. Teu sadar nepi ka manéhna ngagerendeng, "Wil meteen naar Indie." Ngan meureun moal ayeuna-ayeuna sabab diajarna di universitas masih panjang lalakon.
***

"Geus sabaraha poé Asih teu asup gawé, Rukim?" cék manéhna waktu ngaronda ka kebon kopi.
"Tilu dinten, Agan!" témbal mandor petik.
Paingan saban nyantong deukeut jandéla teu katénjo ringkang-ringkangna acan. Sasatna méh saban poé ditungguan.

"Coba téang bisi kumaonam!" cék manéhna.
Tuluy ngahuleng sakedapan, kaceplosan. Najan saliwat katénjo ku manéhna riuk beungeut Rukim robah. Dudukuy beletok dilapis tér nyamunikeun beungeutna. Gura-giru baé kuda dipecut ngajauhan mandor petik nu katénjo rengkuh.

Manuk anis kopi ngelak patémbalan. Matak kelar. Satungtung deuleu ukur katempo renggenekna tangkal kopi nu keur meuhpeuy buahna. Méh rata arasak. Karék tadi isuk manéhna maca surat ti Mariétje, eusina nyebutkeun bakal datang dina poéan panén raya. Bet aya rasa hanjakal dina haténa naha eusi surat balesan nu pangpandeurina nyabit-nyabit sual kopi panéneun. Maksudna mah nyodorkeun alesan nolak ondangan noni nu ngarep-ngarep manéhna, lantaran bapana bakal datang ka Batavia. Ngan Mariétje bangun teu surti malah negeskeun dina suratna mun manéhna teu datang ka Batavia, noni nu bakal datang ka Ujungberung.

Manéhna teu bisa majar kumaha sabab mun Mariétje boga kahayang tara bisa dipungpang, komo diulah-ulah mah. Matakna teu datang téh aya alesan kadua, sabab noni nu bakal datang nyampeurkeun. Manéhna surti naon nu jadi cukanglantaran noni neugtreug samodél kitu.

Enya baé sapoé méméh panén raya, Mariétje datang. Diiringkeun ku dua urang centéng. Barang datang ogé pamuluna geus béda. Kuraweud teu ngabudian. Teu ieuh ditakonan teu ieuh diopénan sabab moal pihadéeun. Diantep baé sina nepi ka leler. Sok hadé sorangan. Tapi salila dua poé nganjrek teu sakecap-kecap acan nu kaluar. Kalah beuki jamotrot barang dina hiji waktu nangenan manéhna keur ngobrol jeung Asih.

"Feit! Gék spélen!" cek Mariétje waktu paamprok di buruan pabrik. Teu euleum-euleum. Manéhna ngahuhuleng. Hémeng. Teu lila Mariétje balik ka Batavia.
***

Éar! Jadi sabiwir hiji. Asih geus jadi bugang di Walungan Cidurian. Kapanggih ku palika dina angkrong hiji leuwi dina kaayaan buligir. Dada beulah kéncana tatu. Aya urut nubles handapeun pinareupna.
Pulisi datang nalungtik éta kajadian. Para saksi ditanya saurang-saurang. Tapi lebeng tacan aya bukti nu kuat keur nangtukeun saha pelakuna. Hasil panalungtikan nyebutkeun yén Asih dipergasa. Rasa sungkawa nyangkaruk dina haténa. Ieu kajadian nu kadua kalina keur manéhna mah. Dua awéwé nu kungsi deukeut sarua jadi korban rajapati. Tapi kajadian éta teu mangaruhan ondernémeng. Digarawé cara biasa. Waktu manéhna ngaronda aya nu datang, laporan.
"Juragan! Mandor Rukim ngahiang tisaprak dudukuy beletokna nu dilapis tér aya nu manggihan di tempat kajadian perkara!"
****

Wiraangun-angun, 18 Oktober 2019

Catetan :

Feit! Gék spélen : Bukti! Teu eucreug!
Indologi : di Belanda studi sejarah, sastra, jeung filsapat Indonésia
Litografi : salasahiji téhnik percetakan baheula
noni : sesebutan keur awéwé rumaja turunan Belanda
pakara : alat tinun tradisional sapuratina
Salm, Abraham Salm : pelukis aliran naturalis zaman kolonial
Wil méteen naar Indie : hayang geura ka Hindia

Katerangan:
Carpon Riwayat Asih yasana Aris Kumetir kantos medal di Mangle no. 2757
Comment Policy: Mangga dihaturanan nulis komentar perkawis artikel dina halaman ieu. Mugia kumpulan carita pondok sunda ieu tiasa janten jalan silaturahmi kangge urang sadayana.
Buka Komentar
Tutup Komentar