Keris Panganten
Lagu ayun ambing ngayun dina pirigan jentréng kacapi. Juru sekar ngaleu, nungtun léngkah muru rohang acara sungkeman. Poé isuk kuring panganténan. Leumpang antaré diapit ku Bibi jeung Ua ti bapa. Haté ngarakacak. Mun téa mah Apa masih aya di kieuna, tinangtu kuring jeung Ema moal kungsi katalangsara.
"Mangga calik palih dieu, Geulis!" Juru rias nungtun kuring, nitah diuk dina amparan samping kebat tujuh lambar. Juru sekar eureun nyora, kacapi halon jentréngna, kuring deku ngawasuh péan Ema. Juuh cimata.
Réwu lalakon bihari kumalangkang. Rigah Ema ngélék baskom, ditiung anduk dina mentrangna panonpoé, ngurilingan lembur ngiderkeun asakan, lambéna teu eureun gogorowokan nawarkeun dagangan.
Mun pareng peré sakola, kuring sok milu dagang. Kungsi hiji waktu panonpoé geus rék surup, sedeng dagang can kénéh ngalarisan. Tikoro garing, sirah lungleng. Katingali tukang és lilin diriung budak pantaran kuring. Ema ngarandeg.
"Hoyong?" Neuteup. Hayangna mah nataku, ngan teu wani unggeuk, kapikir ti mana duitna. Ema surti. Pais tahu ditukeurkeun kana és. Atoh kacida, leumpang tanagaan deui.
Liwat péngkolan, Pa Kuwu gugupay. Gentak disampeurkeun. Bus ka palataran bumi agréng, dipapag nyambuangna rupa-rupa kembang di patamanan, matak seger. Kuring diuk sisi téras, diusapan angin rintih, karasa lelenggutan. Ema ngécagkeun baskom. Sok, dina luhur kékéséd, teu wantuneun nyimpen dina ubin hérang, bilih kotor rupina.
"Gening pinuh kénéh baskom téh?" Pa Kuwu naros. Ema ngawaler ku unggeuk. Torojol garwana, salira bayuhyuh, emas gonjléng, disinjang Tiganagri, dipasieup kabaya brukat kelir beureum, nambih ruhruy pameunteu camidak, dilipen urahak.
"Buntil tilu siki!" Bu Lurah teugeug.
"Borong kabéh wé, Ma! Sakalian keur marab barudak Tarka, soré rék rapat di kantor désa!" Pa Kuwu ngomando. Karérét Bu Kuwu ngaburileng, koloyong deui ka lebet bumi. Sabot kitu Pa Kuwu nyelapkeun artos kana handapeun tilam goréngan.
"Jempé, keur budak," sanggemna bari culang-cileung. Ema teu kebat nampik, kabujeng torojol Bu Kuwu ngajingjing timsi kanggé wadah buntil, sadaya dagangan Ema érép diborong.
Lamunan peuray. Aya nu ngeclak kana punduk. Ema ngagaléntoran. Murubut cisocana.
"Hampura anaking, Ema teu bisa nyenangkeun hidep, ukur du'a nu ngembat, muga sing bagja dina ngambah rumah tangga," soantenna haroshos. Kuring nyuksruk 'na pangkonanana, neda hapunten. Teu nyangka sacongo buuk horéng jodo sakieu déétna.
Peuting harita, datang lalaki jeung kulawargana, mileuleuheungkeun kuring. Cenah budak yatim nu kapungkur sok dibayuan ku Apa sakolana. Kiwari dumuk di kota kalawan hirupna mulya jadi pangusaha. Najan kakara amprok harita, kuring teu bisa nolak nalika Ema nalék. Teu téga gideug ningal Ema nu katawisna bingah.
Dug sek saréngséna acara sungkeman. Manjing subuh lilir, kagareuwahkeun rekét lomari. Dirérét, Ema ngaluarkeun kanjut kundang. Gentak cengkat. Olohok. Horéng Ema nyéngcéléngan sakitu seueurna sanaos dina kaayaan hirup werit.
"Sasayagian pikeun waragad bisi hiji waktu hidep boga jodo, kulantaran ayeuna teu diperlukeun, sawaréh jang nyawér, sawaréh urang sumbangkeun ka panti asuhan budak yatim," sanggemna, ngudulkeun eusi kanjut kundang.
Alhamdulillah, ku weningna asih Alloh, kabéh waragad sukuran kawin ditanggung ku pisalakieun.
Nalika Ema ngétang tabungan, leungeun rikat nyokot nu ngaborélak. Diimeutan. Hatè ngageter.
"Éta téh keris Apa, warisan ti Mama Kuwu Sepuh, uyut hidép. Salamina tara lésot, teu weléh dicacandak. Peuting harita waktu hidep rék lahir, néang paraji rurusuhan, bakat ku geumpeur keris tinggaleun handapeun bantal.”
“Teu sawatara lila ema paraji norojol, hariweusweus, cenah sajajalan ditutur-tutur seuneu ngagebur sagedé bal poli luhureun sirah, ema paraji ngabecir, Apa nuturkeun ti pengker. Paraji teu lila cumarita, Ema kaburu pangseng. Ari brol hidep, torojol nu jajap Apa. Hanjakal teu kapuluk, sakujur salira Apa tutung. Harita Apa nembé saminggu diistrénan janten kuwu. Satuluyna jabatan kuwu dicepeng ku Gan Ocang, sobat Apa, tug nepi ka kiwari." Kuring hareugeueun nguping dongéng Ema, bari nembé dipedar ayeuna sanggeus kuring déwasa. Keris eluk tilu sagedé cingir dikeupeul, laju dibulen saputangan. Bus, kana jero kutang.
Rohang gedong pinuh tamu ondangan. Degung ngungkung. Kuring jeung pisalakieun ngaréndéng rék diwalimahan. Pa Kuwu saged jadi saksi. Panon ngulincer néangan Néng Marni nu ti kamari euweuh embol, padahal kuring sanduk-sanduk hayang kadatangan manéhna. Néng Marni téh putra Pa Kuwu.
Haté bungah waktu katingali gandeuang Bu Kuwu, susuganan sareng Néng Marni, hanjakal lebeng. Aya béja ti nu patingharéwos di dapur, cenah Néng Marni teu damang wales. Can kaburu tunyu-tanya kumaha sabenerna, angkanan ké geus bérés sukuran rék ditéang bisi enya.
Tatabeuhan simpé. Gék, Bu Kuwu calik dina korsi jajaran ka dua pengkereun Pa Kuwu. Kuring manggut, Bu Kuwu imut.
Kapireng Pa Lebé rék ngamimitian walimah, kuring teu maliré, panon teu bisa nyingkahan teuteup Bu Kuwu. Socana narik rasa kuring, ngempur. Ingetan ngoléang, nuturkeun angin nu ngagulung hideung. Les.
Jerit kuring maratan langit. Keueung di tengah leuweung luwang-liwung. Awak direjengan bari dialung boyong ku dua mahluk nu awakna pinuh ku bulu hideung, hangru.
"Hahaha, sakali deui aing kudu males kanyeri!" Karérét Bu Kuwu nyakakak, socana silalatuan. Kuring ngayékyék.
"Baheula indung bapa sia nyieun lara, ayeuna anakna sarua!" Pokna deui, hohoak. Kuring teu ngarti maksudna. Hayang nanya tapi teu wasa.
“Tuh deléh bapa sia...! Kiwari sia gé moal béda...!" Panon nuturkeun curuk Bu Kuwu. Bréh, hiji lalaki nyangsaya handapeun caringin gedé, awakna dibeulitan oray hideung. Disidik-sidik, rarayna sagambar jeung kuring.
"Apaaa...!" Kuring ngagero. Teterejelan rék muru nu ditalikung. Puluhan taun midangdam hayang panggih jeung bapa, ayeuna tepung bet dina kaayaan nu ahéng. Katingal Apa tanggah waktu ngadangu jerit kuring. Lambéna ngarenyu siga aya kedalkeuneun. Hanjakal, ngan keclak cisocana nu katingal maseuhan raray haropak, pias. Kuring sakuat tanaga ojah. Mingkin kuring motah, nu ngarejengan tambah rosa.
Haté ngacacang teu puguh pipikiran. Teu ngarti, naon dosa kuring jeung indung bapa.
Uteuk muter, ngileng-ngileng lalampahan, sugan manggih mangsa léngkah salah. Bureng.
Ras ka Pa Kuwu, salila ieu getén sok tatanya cageur henteuna kuring jeung indung. Rarasaan wajar, lian ti kawajiban pamingpin lembur, apan anjeunna téh sobat Apa nu ngaganti kalungguhan korsi Apa.
Kitu deui Néng Marni, ngalaman nyobat keur SMA, tara owel ngajajanan najan saratna kuring kudu daék méré jawaban ulangan atawa nganggeuskeun péérna.
Seuseut seuat sakola SMA, geus tamat hésé meunang gawé. Antukna andéprok di tajug ngadon ngawuruk ngaji barudak bolon. Tukangeun imah boga tajug leutik, titinggal Apa. Saur Ema, kapungkur Apa sok ngawuruk ngaji barudak sabudeureun, malah kalan ngacacang ka unggal lembur néangan budak yatim, mun pareng boga rejeki geus tangtu dibikeun sabagéan, minangka hakna.
Béda jeung Néng Marni. Anjeunna neruskeun kuliah tur nganjrek di kota.
Ceuk tatangga, kungsi Neng Marni balik ka lembur mawa babaturanana, pangusaha ngora tur kasép. Éta pangusaha kungsi ngadon eureun di tajug rék milu solat. Ngan teu tulus asup, lantaran ngadéngé kuring keur ngaji. Ukur ngarandeg, bari ngadédéngékeun. Tangtuna kuring mah teu apal.
“Gancang talikung, Gandarewooo!" Gorowok Bu kuwu meuraykeun lamunan.
Sakolépat kuring dibawa ngapung ku nu ngarejengan. Buuk ditalikeun kana dahan gedé, sirah asa rék coplok tina beuheung. Kuring ngagantung. Seuri Bu Kuwu beuki handaruan, ditéma ku tingcikikikna rupa-rupa nu ngaringkiwik ti unggal juru. Kanyeri nu taya tandingna nyadarkeun kuring sumambat ka MantenNa.
Karasa aya nu gugurinjalan jero kutang. Bur..., cahaya émas ngempur nuju langit, keris eluk tilu nu subuh dirawatan ngabelesat. Ngulincer di awang-awang. Ukur sajorélat nyamber mastaka Bu Kuwu. Anjeunna nyingcet.
"Saha sia...? Aing moal éléh. Élmu aing werejit sakti. Aing rék malés kanyeri ku pati." Bu Kuwu popolotot bari tanggah, taki-taki mayunan cahaya nu ngincer.
"Naon dosa kami?" Kapireng soanten Apa haroshos.
"Bébéakan kuring micinta anjeun, tapi anjeun ngawin batur, Kakang...!" Bu Kuwu ngageunggeuik.
"Haté kuring karék leler waktu bisa nempatkeun salaki ngalindih kalungguhan Kakang. Tapi salaki kalah mindeng ngagundamkeun ngaran pamajikan Kakang! Ayeuna ditambah, lalaki inceran Neng Marni bet ngawin anak Kakang! Teu sudi..., kuring teu sudi dinyenyeri...!" Bu kuwu ngocomang neruskeun omongna bari aluk-alukan.
Lir kapuk kabawa angin, nu tingcikikik rabeng ngapung ngadeukeutan kuring. Kuku paranjang, létahna ngarelél, rék ngahakan. Soak kacida, babacaan teu bisa tamat, ukur dua tilu kecap, ngatog, pabaliut poho waé. Panon dipeureumkeun, seja pasrah kana papasten mun kudu paragat nyawa. Ras ka Apa. Maksakeun beunta. Hayang ningal pameunteuna nu panungtungan. Kuring burial-buncelik, kuku paranjang nyeceb kana beuheung. Eungap, sales-leseun. Ngan sakedét. Duar...! Rénjag. Sajorélat cahaya emas diadu jeung pepedut nu ngagulung hideung. Geleger. Goak. Bu Kuwu ngajoprak, guyang getih, keris nyayang 'na dadana. Bareng jeung kitu, kuring ragrag kana lemah.
Tibuburanjat ngorondang muru lalaki nu ngalantarankeun kuring aya. Kasono moho tamplok dina keukeupna.
"Geura mulang, Geulis. Du'a apa marengan!" Ngusapan pinuh deudeuh. Lalaunan Apa ngalésotkeun keukeupan, laju mumbul langit muru sumirat cahaya bodas. Kuring jejeritan, midangdam. Rumanggieung nyusul cahaya.
Diri kadungsang-dungsang dina taringgulna amparan cadas ngeplak tan wates. Panas ngabetrak taya angin. Euweuh kahirupan sabudeureun. Haté baluweng. Teu nyaho ka mana pileumpangeun. Lapat-lapat kadéngé sora nu ngaji. Hawa karasa nyenyep. Suku ngaléngkah nuturkeun datangna sora. Teu katangén ti mana jolna, oray gedé macok suku. Kuring ngagoak, suku totojér hayang leupas, bet aya nu ngarejengan.
"Istigfar, Geulis. Sadar...!" Haréwos deudeuh nompo kana ceuli. Rénjag. Bray.... Rungah-ringeuh. Pikir mimiti éling. Ema ngagaléntoran, Ua ngusapan jempol suku bari rambisak, tayohna suku téh lain dipacok oray, tapi digégél Ua.
"Alhamdulillah!" sora gigireun. Dilieuk. Pisalakieun ranggah, nutupkeun Al Qur'an, Imutna leleb nambah kumpul pangacian. Horéng sora ngaji nu tadi dituturkeun téh galindeng pisalakieun.
"Hayu teraskeun walimah urang," pokna deui, awak dicengkatkeun. Gék sisi dipan. Kerung. Kapireng sora Bu Kuwu jejeritan kasilep héang ambulan nu mingkin lila ngajauhan. Ras inget. Panasaran. Cupu-capa kana kutang, dikodok, disasaran, weléh, keris ilang duka ka mana.***
Keris Panganten Seratan : Wijati Rikma Dewi
Katerangan:
Ieu seratan puriding téh parantos medal di Manglé no. 2758