Nyekar - Carpon Sunda
NYEKAR - Carpon seratan Yus R. Ismail
Nyekar téh bada asar. Itung-itung
ngabuburit. Ngahaja leumpang, sakalian nyoba kakuatan. Mobil mah dititipkeun di
buruan imah Bi Karti. Baheula mah keur umur 10 taunan ka lapang méngbal téh
lumpat da sieun teu diajakan sésépakan. Ari astana lembur pan perenahna
tukangeun lapang.
Tapi mangsa mah teu bisa
dinaha-naha. Umur 10 taun ngabecir nanjak saeutik teu karasa nanaon. Ayeuna
mangsa umur 65 taun leumpang sakitu téh loba karasana. Nanjak saeutik nyareri
bitis, jauh saeutik ngahégak. Apan ceuk Si Dokter mah basa dipariksa suku
alatan asam urat, “Makanan tidak bisa dijaga, olahraga malasnya minta ampun,
mau cepet game over, ya?” Dasar, dokter pikasebeleun.
Nepi téh ka astana, pisaminggueun
deui ka lebaran mah loba kuburan anu bararesih. Jujukutanana dikoréd. Padungna
diberesihan. Malah aya anu dikapur sagala. Bakat ku hayang ngahormat,
ngéstokeun, mikanyaah, ka waruga anu kungsi dikubur di dinya. Panyangkana
meureun anu aya di kalanggengan téh masih butuheun kabagjaan cara di dunya.
Barina ogé kétang, keun baé da anu penting mah rasa nyaah jeung hormat anu
nganteng ka anu geus teu aya di kieuna.
Apan sorangan ogé bet ngahuleng
sanggeus aya di hareupeun makam Euis mah. Jauh-jauh ti Jakarta ka Leuweung
Tiis, lembur singkur sisi gunung Bésér, Sumedang, taya lian hayang nyekar ka
Euis. Acan sataun ditinggalkeun ku Euis téh. Ayeuna téh lebaran munggaran.
Biasana mah mudik téh angkaribung babawaan da kitu Euis mah sagala ditataan.
Kanggo ené ieu mah mukena, kanggo engki itu mah acuk sareng sarung, haturan uwa
ieu mah sajadah anu paragi nyarandé téa, kuah-kuéh kaléng mah puguh deui.
Kamari mah kuring rasjig téh henteu bohong, teu balanja nanaon keur sorangan
gé. Ngamplop wé ka ené-engki, uwa-uwa, amang-bibi, anu marasih jumeneng mah.
“Keur naon sih nyekar? Tapi mun
hayang-hayang teuing mah mending ayeuna, sugan can pati macét. Ngarah gancang
ka dieu deui, apan hayang nyaho suasana lebaran di Jakarta téa,” ceuk Ridwan,
sobat sapagawéan. Atuh ayeuna, sabada pangsiun, jadi rékanan bisnis anu
sumanget pisan. Nyieun perusahaan, ngolo jeung nyogok urut anak buah anu masih
ngajabat, ngarah meunang pruyak-proyék ti instansina. Lumayan, aya kagiatan,
henteu post power sindrome, jeung pangasilanana apan bisa gunta-ganti mobil
atawa nambahan surat-surat berharga.
Kitu, ngarah salsé, mudik masih
anggang ka lebaran téh. Maksud anu utama mah da enya hayang nyekar ka makam
Euis, itung-itung ningalikeun rasa nyaah téh teu bisa pegat najan geus
dipisahkeun alam ogé. Tapi abong jelema saumur-umur tara pirajeunan nengetan
prak-prakanana anu ngadu’a atawa anu nyekar, di hareupeun makam Euis mah ngadon
ngahuleng. Naon atuh anu kudu didu’akeun téh?
Kuring cingogo, bari nyabutan
jukut bari ngagerendeng, “Euis, Akang datang ayeuna nyekar. Ngawurkeun kembang
jeung cai hérang. Saukur pananda jodo urang henteu pegat najan dipisahkeun ku
alam. Urang mah dijodokeun ku Pangeran. Enya, hiji waktu urang bakal ngahiji
deui. Enya, Akang bakal nyusul ka alam padang poé panjang, da saha atuh anu
bisa meruhkeun mangsa.”
Aya anu nyéak dina punduk basa
ngagerendengkeun anu panungtung mah. Enya, saha atuh anu bisa meruhkeun mangsa?
Ceuk dongéng, aya raja anu bakat ku hayang ngabuktikeun kajayaanana, moal keuna
ku pati, manéhna asup ka jero peti beusi, dielas rékép pisan, ngarah teu
kadatangan malakal maot. Meureun raja téh mikirna kawas urang, dunya anu saukur
bisa asup lamun aya lolongkrang, da apan malaikat maut mah henteu
dibeungbeuratan ku wujud.
Kitu minangka ngadu’a téh.
Terusna mah ngahuleng di hareupeun makam Euis. Hampura, Euis, Akang mah angger
cara baheula, teu terang kumaha carana ngadu’a. Nyekar ogé apan anu enya-enya
kahayang tina kereteg ati mah kakara ayeuna. Ka makam kolot ogé apan tara
pirajeunan nyekar. Lamun kaparengan mudik terus nyekar téh apan bané waé diajak
ku engki ieu atawa uwa itu. Ari teu aya anu ngajak mah geuning mending kénéh
leuleumpangan ngalanglang pamandangan lembur.
Bet pirajeunan macaan tulisan
dina padung. Icoh binti Ijo, lahir 15-4-1943 wafat 12-5-2011. Genep puluh
dalapan taun leuwih, ceuk haté. Irnasan bin Marta’i, lahir 18-12-1940 wafat
21-9-2013. Tujuh puluh tilu taun kurang, ceuk haté deui. Riki, lahir 19-9-1989
wafat 11-1-2019. Ngan tilu puluh taun, gerendeng téh. Beuki manjang utang-itung
beuki rupa-rupa ari umur. Aya anu salapan puluh taun aya anu salapan taun.
Ari kuring, bakal sabaraha taun
umur téh? Ayeuna genep puluh lima, sabaraha lila deui? Utang-itung téh jadi
mandeg da beuki hésé.
“Jang Nanang ieu téh?” ceuk hiji
sora.
Ngagebeg, keur ngalamun aya anu
nanya. Gigireun nyampak Abah Sumid, purah beberesih di astana mangsana deukeut
puasa nepi ka deukeut lebaran. Saluhureun aya kana opat lima taunna Abah Sumid
téh. Lamun téa mah leuwih lima taun ti kuring meureun ayeuna teh umurna tujuh
puluh taun. Tapi jagjag Abah Sumid mah. Kuat kénéh pucal-pacul kurad-koréd
malah nanggung carangka eusi suluh.
“Katingali téh ngahuleng waé ti
tadi. Waas ku si jenat panginten nya,” ceuk Abah Sumid deui.
“Waas ku reureujeunganana, Bah.
Apan ti bubudak abdi mah ulin téh jeung Euis, mangsa sawawa bet kajodokeun.
Umur téh réa kénéh babarenganana batan pisahna,” pok téh bari sura-seuri inget
ka mangsa budak.
“Ari kituna muhun pisan da Ujang
mah kajodokeun ka réréncangan ameng. Tapi da sanés Néng Euis wungkul, apan itu
Darwit kuburanna palih ditu, Wawan palih ditu, Ningsih mah anu aya tangkal samoja
itu, Agan Permadi mah nembé sababaraha sasih kapengker.”
“Oh, Agan Permadi tos
ngantunkeun, Bah?”
“Muhun, ah da apan kagungan
panyawatna tos lami. Tos aya taunna struk.”
Anu ditataan ku Abah Sumid téh
babaturan ulin kuring wungkul. Paingan ari mudik, kaparengkeun sholat ied,
langka panggih deui jeung anu wawuh. Paling ogé anu ngenalkeun téh, ieu putrana
Darwit, ieu mah incuna Ningsih.
Keur leutik mah saha anu bisa
ngabadé mun Darwit rék leuwih tiheula batan sobat anu séjénna. Puguh sagala
resep jeung sagala hadé kana olahraga. Méngbal kapaké ku guru, poli puguh deui
da pangjangkungna, atlétik pangtarikna lumpat. Tapi ti umur lima puluhan bet
kabéjakeun tiktikbrek.
Wawan embung kaéléhkeun unggal
kaulinan nanaon ogé. Moro langlayangan manéhna mah mawa gantar panjang anu
tungtungna maké dahan anak-nakal, atuh beubeunanganana panglobana. Paparahuan
di solokan manéhna mah nyumputkeun gunting leutik, atuh acan diadu ogé parahu
anu séjén geus ngoléab éléh. Geuning ku pati mah teu bisa kukumaha, teu bisa licik.
“Ari umur nya Bah...,” gerendeng
téh semu henteu sadar.
“Sumuhun pisan atuh, Jang. Mang
Endang ogé anu jagjag belejag, siangna masih ngala kacang roay, sontenna masih
ngabagikeun hasil tatanénna ka tatanggana ka batur salembur, éh wengina
kawartoskeun ngantunkeun.”
“Baruk, Mang Endang ngantunkeun?”
“Muhun, nuju netepan di masjid
saurna, bada isya. Biasa Mang Endang mah apan netepan sunat téh sok pangahirna,
ari pék henteu katingali kaluar masjid. Ditingali téh ku anu caket, nuju sujud
tapi henteu gugah deui. Teras ditepak bilih kaboboan, éh langsung ngagolér.”
Ngahuleng sakedapan. Ari mudik,
sakapeung sok sono téh ngobrol jeung Mang Endang. Lain dulur lain sobat ulin
keur budak saenyana mah, da puguh saluhureun, pantaran Abah Suadma. Tapi lamun
ngobrol téh sok uplek. Sakapeung silih sengklékkeun. Tapi henteu karasa ngahina
atawa matak nyeri haté enya ogé eusina mah ngajejeléh kuring.
“Lamun téa mah Mang Endang tokoh
agama, ngarti kana agama, geuning henteu ka Jakarta,” ceuk kuring hiji waktu.
Duka ti mana mimitina bet ngaléok ka dinya obrolan téh. “Da apan saur ustadz
kawentar, anu henteu ka Jakarta téh satengah kapir.”
Ari maksudna ka Jakarta, apan
harita téh umat Muslim dikeprak pikeun ngadukung hukuman pikeun anu dianggap
nyacampah atawa ngahinakeun agama.
“Ah, Jang. Entong sok percaya ka
ustadz pulitik. Bahaya! Ustadz pulitik, kiai pulitik mah kudu réa istigfar.
Lamun kiai, ustadz, ulama, geus ngagembrong kana pulitik, sok réa tisolédatna.
Ustadz mah ulah ponténg ka nu konéng.”
Haduh, lamun seug Mang Endang sok
padungdengan dina media sosial, pastina réa anu ngabuli atawa ngajejeléh. Apan
kiai anu kakoncara tawadhu-na ogé sakalina méré kamandang anu béda, béak
beresih dicarékan dibelegug-belegugkeun.
Mang Endang mah da lain ustad, da
puguh teu ngawuruk ngaos. Basa kuring mudik sataun katukang, kungsi nyampeur
jam genep isuk-isuk, maksudna rék ka tukang surabi. Asa waas, keur leutik mah
balik mandi di pancuran sisi sawah, terus naragog di tukang surabi. Tapi henteu
aya anu némbalan uluk salam kuring.
“Mang Endang mah tara lungsur teu
acan tabuh tujuh dugi ka tabuh dalapan mah,” ceuk Neng Ikah, tatanggana.
“Oh, naha nuju naon kitu, Neng?”
“Dangukeun wé di caket kamerna,
ti bada subuh téh ngaos tara lirén. Kitu da unggal dinten ogé.”
Panasaran, diuk di babaléan anu
aya di hareupeun imahna, bari nungguan. Asa ku anéh ieu kiai mamalihan téh,
ceuk haté bari seuri. Kitu apan ari ngobrol téh, kiai mamalihan, ustad
gadungan, ulama palsu, minangka pamoyok kuring lamun keur ngobrol. Tapi Mang
Endang tara bendu, kalah sok seuri ngagakgak, da meureun nyahoeun kuring saukur
ngagonjak. Malah anjeunna nyalira sok nyarios kieu: “Ceuk Emang anu kiai
mamalihan mah kieu....”
Teu karasa lila nungguan téh,
kulutrak Mang Endang muka panto.
“Hor, geuning aya tamu wayah
kieu,” saurna bari ngajak sasalaman.
“Badé ngajak ka tukang surabi
téa, Mang. Urang nagog sapertos kapungkur.”
“Ah, sanés jaman atuh, Jang.
Rincug nagogna ogé. Hoyong surabi mah mudah-mudahan wé diparengkeun. Di lembur
mah sasarap téh anu saréhat, Jang.”
Can lila ngobrol di babaléan téh,
jol Ma Erum, tatanggana, ngirim seupan cau jeung seupan sampeu mani sapiring
lodor. Ogé cai entéh panas dua emuk.
“Tah, nu kieu sasarap séhat mah,”
sau Mang Endang. “Hatur nuhun pisan Ma.”
Can ogé milu mairan nganuhunkeun,
kuruncul Néng Ikah bari nanggeuy piring dituruban daun cau. “Kanggo sasarap,
Mang,” pokna bari neundeun piring. Dibuka téh surabi oncom jeung goréngan suuk
mani metung.
“Alhamdulillah, tuh geuning Jang,
palay surabi téh kalaksanakeun.”
Ari kuring, lain ngucapkeun
alhamdulillah. Kalah ngahuleng ningali anu kikiriman téh. Nyaan Mang Endang
mah, asa mahiwal. Duka anu kikiriman téh saban poé atawa ngan ayeuna wungkul.
Tapi anu dipikahayang téh bet nyalampeurkeun. Sarua mahiwalna jeung kalakuan
Mang Endang nyalira sigana. Sabada dikantun ku istrina, saban poé cenah ka
kebon jeung ka sawah. Milu macul, pulak-pelak, jeung ngurusna. Tapi hasilna sok
kalah dibagikeun. Nyakolakeun barudak yatim jeung fakir cenah aya puluh
urangna. Atuh anu katingalina katalangsara sok dikiriman béas jeung sembako
séjénna. Hasil palawijana sawaréh dibagikeun, salembur mah ngasaan hasil
panénna.
Putra Mang Endang téh tiluan. Anu
duaan sakola di luar negeri, béasiswa cenah da duanana hafidz Al-Qur’an. Anu
saurang deui mah di Bandung. Jadi hasil usaha Mang Endang mah henteu kacocéng
ku barudakna. Inget ka dinya, harita, kuring bet léok ngusulkan sangkan Mang
Endang meuli mobil.
“Kanggo ngagaya waé atuh, Mang.
Maenya éléh ku ustad tivi anu mobilna ogé maréwah,” ceuk kuring.
“Ah, sanés jamanna, Jang. Emang
mah égois.”
“Egois kumaha?”
“Enya, Emang mah égois kukumpul
téh bawaeun. Sanés tinggalkeuneun.”
“Maksadna?”
“Mobil méwah, bumi agréng, kebon
terus ngalegaan, apan éta mah tinggalkeuneun, Jang. Ari babagi jeung
ngajeujeuhkeun barudak yati mah, éta bawaeun.”
Kuring ngagakgak. Ayeuna,
ngaféngé béja Mang Endang ngantunkeun, bet kapikiran deui. Matak saméméh mulang
téh cingogo deui hareupeun makam Euis bari ngagerendeng, “Euis, geus waktuna
Akang égois. Alhamdullah Akang masih dibéré kasempetan. Tapi bet patingsariak
jeung saredih, apan Akang téh teu bisa nanaon. Solat tara ngaji komo, kumaha
ngamimitianana égois? Mang Endang, balad Akang anu ngarti agama, apan tos
ngantunkeun. Tapi Akang nékad pikeun égois.”
Di jalan, Ridwan nélépon ti
Jakarta.
“Kumaha hasil nyekar téh, meunang
naon?” cenah ngaheureuyan bari seuri ngagakgak.
“Meunang jadi égois.”
“Maksudna?” cenah teu ngartieun.
“Moal ka Jakarta deui.”
***
Rancakalong, 5 Mei 2019