Skip to main content

DIJAGA SI BUTA

DIJAGA SI BUTA -  Unggal jam nuduhkeun liwat satengah sabelas, kuring ngarasa aya waé nu ngabelegbeg di rohang tamu. Satadina mah nyangkana ukur rarasaan, atawa bayangan dina pikiran lantaran kuring téh bisa disebut pangeusi anyar. Tapi lila kalilaan mah, kuring ngarasa aya pangeusi séjén lian ti karyawan nu sok marondok di kantor. Pangeusi nu némbongan ti peuting, ngahiang ti beurang.

Salasa, pukul sabelas beurang. Teuing nu ka sabaraha kalina, Téh Tati humandeuar perkara Imat. Mangkumahakeun nu alusna merenahkeun éta lalaki kucel jeung cadu mandi. Lantaran pagawé nu nyaricingan lanté hiji geus ngarasa kagamahan.

“Pasihan padamelan geura,”
“Padamelan naon?” pokna kerung.
“Jadi satpam. Manawi tos dipasihan saragam mah kersaeun wawanohan jeung cai,” cekéng téh.
“Lah, di kantor ieu mah teu peryogi satpam, pan aya si buta,”

Kuring jol muringkak sabot mireng Téh Tati nyebut si buta. Tapi sabisa-bisa paroman nu ngadadak obah téh dibiasakeun deui. Bisi éta pagawé administrasi téh ngemu kacuriga.

“Heug atuh nya berseka, da kabersihan mah mangpaat ogé keur pribadina,” mudalkeun unek-unek, “Ieu da mun sakalieun asup téh jol melenghir hayang ongkék,” ngagalantang bari ditungtungan masang peta nutupan irung.
“Atawa sina boga kabogoh supaya berséka mah,” kuring geus loma deui. Lantaran saacan digawé gé geus mindeng lar sup ieu kantor majalah téh. Rajeun milu mondok mun pareng kapeutingan tas miluan kagiatan atawa apel ti kabogoh.
“Bakal aya nu kersaeun kitu? Sabot diamprokeun gé, istrina bakal ungas-ingus,” sorana ngalaunan. Ti kajauhan ningal rentang-rentang datang jelema nu diobrolkeun.

Imat, bujang lapuk, datang deui dina poé Salasa, jadwal maneuh ngaliwet karyawan majalah. Nyampeurkeun ka rohangan administrasi. Sirahna nu botak ampul-ampulan siga batok kalapa kabawa palid. Beungeutna lésang késangan. Maké kaos polo nu bahanna geus ipis. Calana lévis saroék. Lebah handapna laledug. Meureun badarat datang ka kantor.

“Jir, euy, mawa honor, euy, jajanan atuh, euy,” garap ngomongna téh kawas nu mabok.
“Sok Mang hayang kopi mah,” kuring ngahempékeun.
Soloyong téh langsung mawa kopi ku sorangan. Kuring mesem ningal Téh Tati nu nutupan irungna. Bongan tuda ngantor téh bari dadagangan. Jeung lapakna pagigir-gigir jeung méja. Jadi bau awak sakur nu meuli téh bisa katalar.
* * *

Téh Tati remen mangkumahakeun perkara Imat ka kuring. Meureun pédah kuring jeung éta lalaki nu panonna celong téh tumorojog ti pamiangan nu sarua, sasama pangarang. Ari majalah jeung pangarang téh ibarat gula jeung peueutna. Matak kantor majalah téh bisa jadi imah pikeun pangarang. Sanajan kuring mah sok asa-asa deuk mondok téh ari lain darurat mah.

Siga hiji waktu, kuring miluan kagiatan Pésta Sastra salila tilu poé tilu peuting. Wegah ari kudu bulak-balik Bandung – Cililin mah. Antukna milu mondok di kantor.
“Bisi lawang geus dikonci mah, bisa asup ka rohangan tamu, da tara dikonci lebah dinya mah,” ceuk Kang Taufan, sekretaris rédaksi, ogé ngarangkep jadi réktor (kérék di kantor).
Kira-kira pukul sapuluh peuting nyemprung ti padépokan. Kana gojék mah kira-kira satengah jam nepi kantor. Lampu di jero mah geus paroék. Kérékéééttt... sora pager didorong. Dibuka jeung ditutupan deui.

Kuring ngaringkang asup disinaran cahya lampu taman. Muru panto di rohangan tamu. Lampu luarna mah hurung. Di jero, kaciri aya sofa, méja, lukisan gedé dina dingding, jeung wayang Rahwana di juru. Teu kadéngé kulutrak panto. Blus waé asup da kaayaan geus simpé, réhé, combrék. Tapi angger tata-titi.

“Punten,” kuring ngagerenyem.
Kajeun taya nu ngawaro gé. Datang katingali tarang, undur katingali punduk.
“Manggaaa....” kapireng sora agem ngagerem.

Léngkah ngarandeg. Dina kaayaan simpé, sakuliling asa inggeung ku bijilna sora agem. Panon nguriling néangan bisi aya jelema. Tapi kabéh lampu nu aya di jero téh parareum. Rarasaan mah sora téh bijilna ti lebah juru rohang tamu.

Panon kuring neges-neges. Rohangan nu mimiti meredong téh jadi aya kelemeng-kelemeng beureum. Sumber cahyana aya di juru. Dina panon wayang Rahwana. Huluna ngalieuk bangun nu ngawaskeun kuring. Wayang nu jangkungna saméter téh usik.
Jantung ngagedur. Mimiti barijil késang. Tapi kuring teu sieun. Kuring gé pangarang carita jurig. Léngkah dikebatkeun, lain lumpat muru tangga, tapi nyampeurkeun wayang. Wayang nu ditunda dina lomari kaca téh uusikan. Leungeunna arusik bangun aya nu ngadalang.
“Werrrrrr... wilujeng sumping, bagéa Andika!” sora agem bijil deui. Ayeuna dituturkeun ku kalangkang ngabelegbeg nu beuki ngagedéan.
* * *

“Basa peuting-peuting ka dieu, aya jurig buta némbongan. Teu nanaon urang mah asal teu ngaganggu wé,” ceuk Imat waktu dahar ngaliwet. Ngadodoho deungeun sangu nu can kasoro.
Kuring teu manjangkeun obrolan. Unggal waktu maju ka tengah peuting gé sok némbongan. Samalah mah basa tengah peuting keur ngagoréng sangu, kapireng sora kacapi jeung hariring ceurik Rahwana. Teuing saha nu ngahariringna mah. Nu sidik, sorana ampir sarua jeung nu ngabagéakeun kuring waktu datang seja mondok dina peuting munggaran.
“Kop wé jang didinya asinna mah,” cekéng téh bari indit ka dapur. Ngumbah leungeun, laju asup ka rohangan Teh Tati.

“Yud, katambah deui penghuni téh, éta istri nu dicandak ku Kang Dadi,” Téh Tati mimiti cuhcih deui.
Kuring mah ngabandungan wé. Baku ari deuk nyokot honor téh sok ngajak heula ngadongéng. Ayeuna dongéng Yuni, sarjana sastra Sunda wedalan paguron luhur kasohor, nu can meunang pagawéan satutas diwisuda. Dulur Kang Dadi, rédaktur pelaksana.

Awéwé rancunit téh deuk sagawé-gawé di majalah mingguan. Mantuan ngaliput atawa ngoréksian naskah. Kabeneran imahna jauh di Cianjur, jadi deuk mondok moék di kantor. Aya rohangan kosong urut karyawan baheula nu eureun gawé.

“Aringgis, nu marondok téh lalaki wungkul. Komo aya bujang opatan, salah sahijina Yudistira,” Téh Tati mani norowélang.
“Abdi mah tos gaduh, paling éta mah bagéan Imat,” kuring ngagonjak.
Téh Tuti ngabarakatak, “Sokrasana bogoh ka Déwi Citrawati,” pokna téh teu euleung-euleung.
Kuring mesem. Matak ngomong kitu téh da sok katangén Imat maling-maling teuteup ka Yuni. Puguh we ningali Yuni nu sampulur téh lir nu puasa ningali cingcau tengah poé. Samalah mah kuring sok ngemu curiga mun ningali petana nu sok élékésékéng sabot Yuni keur di WC. Hariwang bisi kumaonam.

“Karunya ieuh, can ogé saminggu di dieu, geus aya nu kaleungitan Néng Yuni téh,” Téh Tuti mulangkeun deui topik kana obrolan nu seurieus.
“Euleuh, leungit naon?” semu reuwas.
“Duka naon. Da saurna téh barang teu sapira, tapi asa teungteuingeun dipaok téh,”
Hémeng puguh gé. Kahiji, barang nu leungitna teu sapira. Kadua, kapan ieu kantor téh dijaga ku Si Buta. Naha bisa kapalingan? Naha kajadianana beurang pas Si Buta keur libur?
* * *

Malem Jumaah pukul satengah sabelas. Kabeneran balik ka kantor bareng jeung Kang Taufan tas lalajo sakalian ngaliput pintonan tembang Cianjuran di padepokan. Sakumaha sasarina, asup téh ngaliwatan rohangan tamu nu poék meredong.
“Punten,” sakumaha sasarina kuring pupuntenan.
“Punten ka saha Yud? Si Gunawan mah belah ditu,” Kang Taufan bangun nu héran.
Mémang aya Gunawan keur ngepél. Kitu mun deuk milu nganteur majalah téh sok beberesih heula.
“Manggaaa...,” sora agem némbalan.

Jep jerempé. Gunawan gé eureun heula ngagesutna.
“Sora naon éta, Kang?” Gunawan mencrong ka kuring.
Kuring ngalieuk ka rohang tamu. Aya kelemeng beureum di juru. Cahya nu bijilna dina panon wayang Rahwana.
“Astagfirullah,” Kang Taufan istigfar. Bangun reuwas. Tapi teu ieuh mencrong. Nyaksian nu ngabelegbeg beuki ngagedéan.

“Jir, jir, jurig, jurig siah!” Gunawan ngababétkeun pangepélan laju lumpat sakulampét.
  Kang Taufan bangun neger-neger. Duka meureun karék mimiti ningali nu ngageugeuh kantor kawénéhan némbongan. Dina ngabelegbeg hideung, jadi malih rupa buta nu jangkungna ngajulna lalangit.
“Cerek nu dugul jeung rudin,” gedong kantor inggeung ku sora Si Buta. Laju ngiles. Ngahiang.

Hawa karasa nyongkab. Kuring ngebatkeun suku. Kang Taufan mah geus indit lumpat tiheula ka luhur.
“Kang Taufan,” kapireng sora Yuni.
Kuring nu karék nincak lanté dua, ningali Kang Taufan amprok jeung Yuni.
“Ih, barang abdi ical deui. Mangkaning tos teu gaduh cadangan,” Yuni ngahelas.
“Ical naon atuh Nénéng? Sing écés ulah nyebat barang teu sapira tapi penting,” Taufan kituna mah bisa mairan najan masih reuwas kareureuhnakeun. Katangén dina hégakna.
“Ah, isin nyebatna,” Yuni keukeuh waé lingsem.

Kuring inisiatif. Sup ka rohang Kang Dadi nu sok dipaké nyiruruk Imat. Enya, nu dugul jeung rudin mah saha deui iwal ti manéhna. Kasampak téh geus saré diharudum simbut.
Kuring nyingsatkeun simbutna. Ana nyampak téh nu ngaringkuk bari ngeukeupan kutang, cangcut, nu dipasangkeun kana bantal. Aya deui jeroan nu meulit kana awak, jeung balatak katindihan.
Gap kuring nyokot hiji. Dibawa kaluar, ditémbongkeun ka Kang Taufan jeung Yuni nu keur pogot guneman.
“Nu kieu barang teu sapira tapi penting téh?”
Kang Taufan jeung Yuni malelong ka kuring. Duanana olohok mata simeuteun.
* * *

Buah Batu, 31 Juli 2018
Katerangan: Seratan Farid Fitrah
Ieu seratan teh parantos medal di Mangle nomer 2691
Comment Policy: Mangga dihaturanan nulis komentar perkawis artikel dina halaman ieu. Mugia kumpulan carita pondok sunda ieu tiasa janten jalan silaturahmi kangge urang sadayana.
Buka Komentar
Tutup Komentar