HADIAH TEPUNG TAUN - Puriding Puringkak
HADIAH TEPUNG TAUN - Rajeun Marliah sok tumanya ka dirina, ‘naha abdi téh tiasa satia?’. Asih mah wening. Ihlas. Jembar pangampura. Tapi naha bet pepegatan waé jeung Odéd? Putus nyambung badis aliran listrik. Meureun pédah éta wanoja rancunit téh inget, Odéd kungsi nyarita, yén hirupna keur loba masalah. Ray poé téh bangbaluh mingkin nambihan. Cenah mun dirina geus leupas tina rupaning pasualan, manéhna hayang mawa cintana ka Marliah, langgeng nepi ka jaga.
Rohangan Anggrék nomer lima, perenahna di lanté tilu, hiji rumah sakit swasta di Cimahi. Ngaringkuk nu kadua kalina. Heureut saminggu tas dirawat, Marliah karugrag deui alatan maksakeun digawé. Ayeuna panyakit tipesna kanceuh deui. Teuing kudu sabaraha lila pigeulangna ditanceban infus.
Babaturanana pada hariwangeun. Enya, ngumbara ti Garut ka Cimahi, kudu bisa mihapékeun awak. Kabiruyungan loba nu mikanyaah, di antarana Érina, kawawuhan dina pésbuk. Batur ocon di hiji grup basa Sunda nu tuluy dianggap adi. Beuki layeut satutas Érina sakosan jeung Marliah.
“Masih teu aya kabar, Ka?” tanya Érina. Nyepeng ramo Marliah nu karasa haraneut. Cawéné lenggik téh ngahelas sabot Marliah gideug. “Basa teu damang sateuacanna gé tamélar.” Érina neuteup nu nangkarak nahan kanyeri. “Tos diwartosan?”
“Atos, Dédé. Médsos, BBM, WA, teu araktif…” haroshos Marliah némbalan. Teu dibéjakeun yén manéhna gé geus nyoba ngoréhan béja ti Yosi, sobat dalit Odéd. Ukur nampa béja yén Odéd keur sibuk, jeung bakal dibéjakeun kabar yén Marliah asup deui rumah sakit. Ukur ka Yosi bisa talatah. Marliah teu boga nomer dulur-dulur Odéd, kitu deui sabalikna.
Maya gogodeg. Tayohna mah héran ku sikep Marliah. Naha nepi ka kituna? Gering ngaduakalian, kabogohna euweuh ngelol-ngelol acan. Pijajauheun kana ngemitan jeung nalingakeun sagala pangabutuh mah. Asa api lain. Teu nyaah. Peledu.
Érina diuk gigireun Marliah. Hapéna tatadi ukur dicepengan bisi Marliah hayang ngobrol. Tapi Marliah gé sarua ngusap-ngusap jempolna kana layar hapé. Tungtungna mah nu duaan téh aranteng dina dunya nu dicepenganna séwang-séwangan. Nepi ka datang Téh Markuah, lanceukna Marliah. Érina pindah kana sofa hideung. Bébééman jeung kabogohna nu jadi pangarang.
Wanci tuluy maju ka peuting. Nu narungguan geus tarunduh. Érina geus ngaringkuk dina sofa. Téh Markuah ngagolér dina amparan deukeut ranjang. Marliah gé ngarasa geus beurat ngiceup. Angot tadi geus nginum obat. Panonna nu rada sipit téh lalaunan nutup. Reup peureum. Awakna asa ngoléang. Hawa karasa haneut. Poék mongkléng sakuriling.
Mimitina mah cahya téh némbonganna tingkaretip lir cicika. Tuluy baranang nyarupakeun sorot lampu. Lampu-lampu ti gedong-gedong. Lampu jalan. Lampu mobil. Lampu di jero mobil, nu hareupna wungkul. Nu nyorot dua lalaki sembada. Nu hiji nyetiran bangun rusuh. Hiji deui panonna naceb kana hapé bari ngabéjaan arah jalan.
Torojol téh di hareup aya nu lumpat meuntas. Odéd reuwas. Setir teu kakadalikeun. Mobil asup jalur batur. Jegeer! Tabrakan jeung treuk toronton!
“Odéd, Yosi…”
Érina nyileuk. Asa ngadéngé Marliah nyebut-nyebut dua ngaran. Éta cawéné téh laju ngulisik. Nguninga hudang. Téh Markuah gé sarua ngadéngé Marliah gundam.
“Odéd, Yosi…”
“Gugah, ieuh… istigfar…” dua urang nu ngemitan ngoyag-ngoyag awak Marliah. Tapi nu dioyagkeun angger panonna peureum. Ngan aya nu ngamalir dina juru panonna. Ceurik. Teu eureun nyambat ngaran nu geus pada wanoh.
* * *
Meuting deui di rumah sakit. Simpé. Hawa karasa tiris najan kabéh jandéla ditutupan. Lalangsé oyag-oyagan. Karasa angin ngadius ti mamana. Peuting kamari kaimpikeun Odéd jeung Yosi cilaka, Marliah jadi loba bayangan. Beuki nambahan baé nu dipikiranna.
Sapuluh menit deui jam duabelas peuting. Téh Markuah jeung Érina geus pareureum. Dua urang nu haat mikanyaah. Miroséa sagala rupana. Nadah sakabéh bangbaluhna. Ngan masalah hubungan jeung Odéd mah, Marliah masih teu wani balaka. Ijiran mah meureun bakal sarua waé nganggap yén manéhna téh awéwé boloho. Nyamuni dina kaihlasan bari jeung ngabarungsinang. Ngupahan ku kasabaran tapi angger marojéngja.
Meureun lain ku capé digawé, perbawa haté nu rungsing ngabalukarkeun panyakitna kanceuh deui. Hésé saré. Nyileuk. Culang-cileung. Nempoan lalangé nu aroyag. Impusan usik. Ngadius angin tiis. Melenghir seungit malati nu nyingkahkeun pengar bau obat.
Panto ngarekét. Karasa aya nu leumpang ngadeukeutan. Marliah ngawas-ngawas panonna. Enya. Lalaki sembada kulit hideung santen diraksukan sarwa bodas. Buukna pondok. Ngaléngkah ngadeukeutan. Marliah nyidik-nyidik halisna nu ngajepat hideung kandel. Panonna nu buleud. Irung gedé. Pipi camihmil..
“Odéd…” Marliah ngagerenyem. Nyebut ngaran nu dipicintana. Asih nu dipupusti gening témbong jirimna. Ngadeukeutan. “Odéd, tabuh sabarah ti Jakarta?” Marliah masih reuwas. Can yakin kana tetempoanna, laju maksakeun hudang. Tapi awakna teu bisa diusikeun. Jegjrek siga patung.
“Wilujeng tepung taun,” Odéd ngaharéwos. Angina nepi kana pameunteu Marliah. Leungeun mikeun bukét, ogé némbongkeun liontin dina cepuk. “Mugia cinta urang lana nepi ka jaga.”
Marliah bungah amarwatasuta. Ditarima hadiah ti Odéd.
“Odéd…”
Érina lilir. Lain ngimpi. Wanoja rancunit téh ningali babaturana gundam deui. Samalah ayeuna mah bari gugupay sagala.
* * *
Horéng teu nyalahan. Kaihlasan jeung kasabaran téh gening mikeun kabungah nu taya papadana. Satia kana jangji. Odéd datang. Baris ngalaksanakeun ucapanna. Marliah bungah. Sumanget nu kungsi ngabelesek, ayeuna timbul deui. Asa caraang tetempoan.
“Wilujeng tepung taun, Ka” Érina surak. Mikeun kado laju cipika-cipiki. Diteuteup pameunteu Marliah nu katingalina geus rada bérag. “Énggal damang Kaka.”
“Amin, hatur nuhun, Dédé.” Marliah nangkeup deui. Sakedapan nangkeup pageuh Érina nu teu haat mikanyaah. Sanggeus tangkeupan udar, Marliah neuteup panon Érina.
“Dédé terang teu,wengi tadi Odéd ka dieu,”
Riuk pasemon Érina obah saharita. Asa teu téga deuk nyebutkeun yén peuting tadi Marliah gundam deui.
“Dédé mah pasti moal percaya da. Tapi Kaka aya buktina, Odéd masihan hadiah tepung taun kanggo Kaka,” Marliah anca nyarita. Kalayan pameunteuna masih dipapaés imut, leungeun Marliah ngodok bantal di gigir, nu dipaké nindihan hadiah ti Odéd.
Can kaburu némbongkeun pahugi, torojol babaturan lian nu wawuh dina pésbuk. Maya datang dibaturan ku Ayla jeung Nuri. Méré kejutan ka Marliah. Ayla jeung Nuri nu sarua jangkung lenjang, pada wawa balon wanda ‘love’ tulisan HBD. Sedeng Maya nu awakna bayuhyuh, ngasongkeun kardus eusi donat genep nu ditanceban ku lilin. Tiap donat ditulisan kecap mun disambungkeun mah Selamat Ulang Tahun Marliah yang ke 22. Mingkin nambihan kabungah Marliah.
“Hépi besdéy…” Maya ngalagu dituturkeun ku Ayla jeung Nuri. “Tiup lilinnya, tiup lilinnya,” beuki deukeut ngasongkeun donat dililinan. Marliah tilu kali niup lilin, ces parareum. Laju kareprok. Érina gé milu keprok. Pasén jeung nu tarungguna pada melongkeun. Meureun kaayaan rumah sakit asa ngadadak jadi pésta rumaja. Lian ti silih huapan téh, maranéhna popotoan. Silih gonjak. Ngan aya wé nu matak nyugak. “Kamana kabogoh?” ceuk Maya téh.
Ngabaretem heula. Érina nu manghanjakalkeun mah. ‘Ngaruksak suanana’, gerentesna. Tapi teu ngahaja, Nuri nu aya di gigireun ranjang, muragkeun bantal. Kaciri aya sakompét kembang samoja jeung buntelan bodas.
“Naon éta?” Kabéhanana ngajarenghok.
Tetempoan Marliah mah bukét jeung cepuk eusi liontin. hadiah ti Odéd nu datang tadi peuting. Nya kitu nu dibéjakeun ku manéhna ka babaturanana.
Suasana rohangan balik deui kana simpé. Samalah leuwih tiiseun batan sasari. Karasa hawa nu pikasieuneun. Kabéhanana nu ngurilingan Marliah, sapuk ngarasakeun ketug jajantungna séwang-séwangan. Sabot ngadéngé rekét panto muka, duanana jol melencrong. Rada reuwas aya pasén nu datang kana korsi roda, didorong ku perawat. Euweuh nu wawuheun ka pasén lalaki nu sirah, suku, jeung leungeun kéncana masih diperban.
“Yosi?” Maria wawuh ka lalaki irung bangir. “Kunaon?”
Poho kana donat nu masih nyésa, balon, jeung rasa gumbira. Babaturan Marliah—pangpangna mah Érina—bolak-balik ngagilerkeun panonna ka Marliah jeung ka—pasén anyar datang nu ngaranan—Yosi.
“Abdi kacilakaan,”
“Kacilakaan di mana? Nyalira?” Marliah gasik nempas.
Yosi tungkul bangun nu neger-neger haténa. Sabot dangah, kaciri paromana bareueus. “Di Cigondéwah, tabrakan jeung tronton,” caritana pegat. Yosi ceurik kanyenyerian.
“Terus, Odéd kumaha?” Marliah nyeuleungkeung nanya. Pameunteuna nu bodas beresih téh jadi alum.
Yosi tungkul deui. Ceurik balilihan. Poho yén dirina lalaki. Teu wasa kedal ucap. Taktakna diusapan ku perawat. Ramona Yosi nyepeng pigeulang perawat. Kawas nu mikeun isarah, perawat langsung surti.
“Hapunten sateuacana, abdi nyuluran pasén ngadugikeun iber papait.” Pokna perawat awéwé nu luwis rancunit. “Bapa Yosi teu émut sadinten. Sedengkan Bapa Odéd, hapunten, teu tiasa kénging perawatan. Ngantunkeun. Tadi énjing-énjing dicandak kulawargana”
“Bohong! Bohong…!!! ” Marliah ngagukguk ceurik. Ditangkeup ku Érina.
“Leres Marliah!” Yosi ngahuit. “Abdi terang Marliah dirawat di dieu téh dina postingan akun Maya Mayantini.”
Marliah masih teu percaya. Ceurik beuki tarik dina tangkeupan Érina. Maya jeung Ayla ngembang kadu. Milu ngupahan Marliah. Sedeng Nuri nyabak buntelan bodas. Siga kaén boéh. Ku manéhna dibuka. Reuwas kareureuhnakeun, eusina kapas jeung tali pocong.
* * *
Bandung , 10 Agustus 2017
Katerangan: Ku Ardi Sulaksana. Seratan ieu teh parantos medal di Mangle nomer 2650.