Skip to main content

Ngawadalkeun Nyawa (Bagian 2) - Karya Moh. Ambri

    Heuleut tilu bulan ti harita Datawardaya geus di Japara, jadi minantu Ki Sudagar. Laki rabina lulus banglus, matak resep nu neuleukeun. Ki Sudagar geus asa boga naon mah, laksana panejana. Cek pikirna di saalam dunya moal aya jalma bagja cara aing, boga minantu menak, kasep, pinter, bener, bageur, getol, rajin, rapekan, sagala daek. Kana dagang calakan, digawe getol, ibadah rosa. Elmuna dibandingkeun jeung kiai kitu-kitu wae mah, waaah.nyongcolang, basa Arabna ngebul.

Ngawadalkeun Nyawa (Bagian 2) - Karya Moh. Ambri

    Papatah ka anakna euweuh deui ngan kieu: "leu Nyai, Ucu, sing bisa ngalap hate salaki, supaya nyaaheun. Moal manggih deui anaking, salaki nu pantar kitu. Pupujuhkeun karesepna, kasedepna. Emh, mun ema maneh aya keneh di kieuna ...." Lamun nyarita-nyarita make inget ka nu geus euweuh, tara kebat, jep repeh, ngabalieur, nahan cipanon.

    Tapi Datawardaya, dasar jelema bageur, sakitu didama-damana ku mitoha, ku pamajikan dipusti-pusti dijieun gusti, ku kawawuhan diugung-ugung, henteu unggah adat, henteu pindah pileumpangan, tetep adatna saasal. Nyaahna ka pamajikan bijil

tina asih nu suci, lain dumeh rea bandana.

    Ku mitohana mindeng dibawa nyaba, diwawuhkeun ka ditu ka dieu. Nyaba ngambah lautan mah make mulan-malen.

    Lila-lila Datawardaya ginanjar anak awewe, alus mulus, matak suka indung-bapa, komo akina mah.

    Sagala nu aya di dunya teu langgeng, suka bungah Ki Sudagar riung mungpulung jeung anak incu aya tungtungna, kasapih ku titis tulis, mulang ka kalanggengan.

    Anu nuluykeun usahana jeung ngurus pakayana euweuh deui ngan Datawardaya, sabab warisan Ki Sudagar tamplok kabeh ka Nyi Bungsu tea. Dulur-dulurna nu lalaki sarebuk samerang nyamu oge henteu aya nu menta, da geus pada dibagianan, turug-turug

jalalembar, mararukti.

    Datawardaya jadi sudagar henteu ngawagu, da enggeus dilalanyahan, sok milu-milu ka mitoha tea. Jeung ari jelema calakan mah babari tabah kana sagala rupa oge.

    Gancang pisan mashurna Datawardaya jadi sudagar. Kasohorna sudagar ngora sonagar, kana tata-titi tindak-tanduk kawas nyaho bawana ngajadi. Campur jeung pada sudagar kawas nu geus ngalemah, ngariung jeung para ulama, carita perkara elmu,

timu. Datang ka padaleman, ka karaton dagang emas inten, barana mahal, tara raga-rago, bener gekna, alus pokna. Ku kitu oge jelema teh geus kabeuli atina. Jadi saban-saban iang, datangna rebo, padahal sajajalan bati dagang nu pasti sapersapuluhna dipake amal saleh, dipake hadiah ka pakir miskin, ka nu

ngarawatan budak pahatu lalis, wakap ka masigit, ka pasantren jeung sajaba ti eta. Beuki lila beuki seungit ngaranna sudagar ngora.

    Sakitu riweuhna pagawean jadi sudagar, bubuhan wanoh jeung para ratu, katambah deui, rajeun jadi jejer utusan ti raja ka raja deui, da dipuragaan. Untungna tambah kapercayaan ti ditu ti dieu, jeung bukti deui hasilna, dagangan beuki payu.

    Tapi kana ngaji manan porot kalah beuki pogot. Dina luhur kuda lebah nu tiiseun, teu aya pikahariwangeun, tara nganteur pikir lalamunan, tapi jongjon maca kitab, kudana diobeng ku gundal. Dina kapal, tempo salse sok nyingkur di kobong beunang ngahaja parantina nyepi. Di panyabaan merelukeun nyimpang ka ulama-ulama nu kasohor. Pangangguran saeutik-eutik diajar elmu

palak, elmu nu perelu keur balayar, kana bab ubar-ubaran diperelukeun, sabab gede kapakena.

    Beunang disebutkeun lacakna mitoha ku Datawardaya katuturkeun, malahan loba leuwihna, atuh mashurna oge ngungkulan mitohana.

    Boh keur aya, boh keur euweuh di imahna, bale-arga jeung patamon tara suwung, da geus jadi pangjugjugan.

    Lamun meneran Datawardaya keur suwung, pamajikanana nu nampa tamu. Anu aya keperluan, naon wae, diputus harita, kajaba perkara gede jeung sulit. Lebah manggih nu kieu mah tara

kakawasaanan, diputusna didagokeun nepi ka salakina datang sabab kudu badami heula. Boh nu boga kaperluan, boh nu datang ngan seja nganjang bae, diakuna sarua, nya eta pada dihormat

disuguhan, ngan beda tempat narimana. Anu ngadon ngarereb ditempatkeun di patamon, sarugema hatena, ngeunah ku

pangangken, garenah tempatna, utama susuguhna.

    Jadi Datawardaya kaseundeuhanana ku semah teh lain dumeh jadi saudagar bae, loba nu boga kaperluan, tapi katambahan ku balabah, resep sidekah, resep hadiah, ngagedekeun amal jariah.

Minangka menta pamulang ti nu nampa kahadean ti manehna, Nyi Datawardaya --- di Jawa mah lumbrahna awewe katelah ku ngaran salaki, ari ngaranna nu enya Lembana --- sok menta dipangdoakeun anakna, Nyi Sarimaya, supaya mulus rahayu.

    Bet siga enya nu mangdoakeun diijabah doana, budak teh morontod mulus, teu aya pisan kuciwana, keur geulis teh amis budi, satingkah saparipolahna matak lucu. Eukeur leutikna celembeng, beuki gede beuki capetang, katembong calakan padang. Umur dua welas taun, sumedengna lanjang leutik, teu wudu loba kanyahona, loba pangabisana, nulung-nulung ka indungna hideng sorangan, geus bisa ngurus maneh. Aya matak hanjakalna

saeutik, eta bet ngala ka indung, kudu pahatu......

***

    Saban taun Ki Sudagar sok nyaba meunang opat lima bulan, demi balikna biasana dina bulan Puasa, nya eta moro lebaran di imahna.

    Sakali mangsa pareng nyaba jauh, nyarita ka pamajikannana rek balayar tutuluyan ka tanah Malayu, sarehna geus heubeul tara lunta ka dinya.

    Sabulan, dua bulan nu ditinggalkeun di imah salamet, calageur, teu aya kitu kieu, Na ari dina bulan katilu Nyi Sudagar katarajang gering, Mimitina dimokahakeun, da jamakna katerap galingging panastiris mah. Cek pangirana, wah sia-siak tiris mah biasa bae salesma, moal lila oge cageur deui. Tapi kasakit teu beunang dimokahakeun, beuki lila beuki ripuh nu gering teh, kana sangu beuki bau, kana sare beuki porot, tungtungna bro pisan, teu kaduga hudang-hudang acan. Diubar jeung ditambakeun mah, ti barang sering mimiti karasa ripuh oge, teu weleh- weleh, ngan kasakit manan ngurangan kalah tambah.

    Anu dijurung nyusulan nu keur lumaku sababaraha urang sawareh jalan darat, sawareh deui jalan laut.

    Ku pamentana sorangan nu gering dipindahkeun ti luhur ka handap, ngarah enteng keur nu ngawulaan cenah, jeung supaya nu ngalayad senang. Ti enggonna pindah ka kamar nu lega nu

nampeu ka made patengahan. Kenca-katuhueun nu gering lalega keur dariuk nu karemit.

    Ti saprak indungna di dinya Nyi Sarimaya tara incah, ari lain ka cai jeung salat. Sarena oge teu jauh ti nu gering, teu beunang dihulag. Sarena tara jongjon, ngan salenyap-salenyap, paling tibra ukur sajam. Pangawak budak dibere kurang sare, atuh babari pisan orot. Urut buteter naker teh jadi langkonyang, beungeut kanyos, panon barintit balas ceurik. Sasambatna euweuh deui ngan bapa geura sumping, ibu geura damang. Nu gering sakapeung-kapeungeun sok nguat-nguat maneh cengkat, tuluy nyanda, nu dipalar anakna teger hatena, daek dahar daek sare, bisi milu gering. Nu ngemitan, nu ngawulaan teu kurang, tapi nya eta cumantelna hate anak ka indung euweuh nu bisa ngahalangan. Diupah-apeh, dirarah-ririh, supaya ulah ngadohotan teuing nu gering, lapur, teu beunang.

    Nu ngalongok beurang-peuting teu kendat, komo nu aya kasebutna mah loba nu mondok moe. Nu ngirim ubar jeung kadaharan geus teu puguh bilanganana, teu katalingakeun saha-

sahana, ku loba-lobana. Rupa-rupa tarekah nu mangnedakeun. supaya nu gering cageur deui, hajat mah hajat nurutkeun pituah dukun. Di masigit taya towongna nu babacaan, nu ngaji, nu salat hajat. Tapi nu gering taya mendingna. Cek panorahna kiai nu wacis, moal beunang ditarekahan, guratna, kasakit bawaeunana mulang.

    Heuleut sabulan ti waktu arinditna nu nyusulan ti heula, bring deui nu arindit arek nyusulan Ki Sudagar, ngajaga bisi, anu ti heula katarajang lara karogan atawa bancang pakewuh atawa halangan lian ti eta.

    Gancangna carita, sanggeus meunang genep bulan di jalan, nu nyusulan nepi ka tanah Malaka. Datawardaya kapanggih keur sasadiaan arek mulang balayar ka Jawa, moal barasimpangan.

Memeh amprok jeung nu nyusulan oge niat balik. Sanggeus tarapti, tarik jangkar, beber layar, kapal nyewuk meulah cai. Anu ditumpakan ku Sudagar ti heula, dituturkeun ku nu mawa barang dua kapal, rada laleutik. Ti barang jung indit Ki Sudagar gawena ngan ngaji, muji jeung dikir, kaselang-selang ku salat, neneda ka Pangeran hayang geura datang, hayang geura gok jeung anak

pamajikan. Tapi kersana Nu Mahakawasa sok tara kaharti ku

manusa, sok pasalia jeung kahayang urang.

    Keur senang-senang kapal balayar, na ari ngadeukeutkeun ka Singapur, geletek datang tunggara. Layar-layar baredah, rarawek, tihang layar tingdorokdok parotong. Kapal ampul-ampulan, luak-

leok majuna teu nurut kana kamudi. Eusi kapal geus teu puguh polah, euweuh nu bisa nangtung, ari teu nyangcang maneh mah. Gawena sawareh ceuceuleuweungan adan, nepi ka beak sorana sawareh deui ngaji aleu-aleuan; nu babacaan bae sabisa-bisana aya,

geus puguh nu dikir teu eureun-eureun; anu mabok tingorolo. Kapal mehmeh bejad.

    Tapi Datawardaya teu rentag hatena tetep mantep nyuhunkeun pitulung Pangeran. Eureun tunggara, langit lenglang, laut geus teu motah teuing, manehna tumpak sampan, nu beunang keneh dipake, hanjat ka darat rek ngajugjug Singapur jalan darat, sabab

tumpak kapal mah iraha pinepieunana, da geus purutul. Anu ngabaturan genepan, nya eta pananggung, nu mawa bebekelan jeung papakean. Sajajalan loba naker halangan. Pananggung garering piligenti, tapi kalah ku ngereuyeuh kendor-kendor oge nepi ka

Singapur. Ti dinya numpang kana kapal anu rek balayar ka Jawa, tapi katambias bet los ka Sarawak. Ti dinya mapay basisir pulo Kalimantan beulah kulon. Heuleut sabulan satengah ti waktu indit

ti Singapur nepi ka Jakarta. Ti muara Ciliwung nyewa parahu ka Cirebon. Ti Cirebon badarat da eta loba naker bebegalanana jalan laut teh. Di palebah Pamanukan bis bae cilaka ku bajo. Jalan

darat teu ku hanteu, kapegat caah sababaraha kali. Keur ngarereb di leuweung kudana ditekuk maung meunang tilu kali. Begal mah begal maregat di saban leuweung. Tapi da jelema loba kawawuh, loba kahadeanana, di saban dayeuh aya nu nulung, mangnguruskeun keur tutumpakan, keur bekelna, keur nu nganteurna jeung saterusna. Nepi ka Japara Datawardaya panonna geus jarero, tulang pipi nyalohcor.

#CAG_HANCA (Nyambung Ka Bagian Kadua).

Comment Policy: Mangga dihaturanan nulis komentar perkawis artikel dina halaman ieu. Mugia kumpulan carita pondok sunda ieu tiasa janten jalan silaturahmi kangge urang sadayana.
Buka Komentar
Tutup Komentar