Ngawadalkeun Nyawa (Bagian 13 TAMAT) - Karya Moh. Ambri
Sarimaya: "Lah, abdi teh ngimpi ningal japati diudag dadali hideung. Abdi jejeritan ngabejaan japati. Teras nyampeurkeun ka abdi. Cek japati teh: "Keun bae, geus pasti moal beunang dihalangan. Kakara bisa salamet, lamun aya nu wani ngurbankeun maneh. Tapi ... wah, saha pijalmaeunana ...." Abdi watir ka japati, nyanggupan rek ngabelaan. Manehna nyarek, tapi abdi sumpah rek bela, suka ngawadalkeun maneh. Japati nganuhunkeun. Nu sanesna parantos ngadangu Bapa ti bi Sinah.
Ajengan: "Heeh, tapi kumaha nu matak cop ka Walia?”
Rey Sarimaya beureum ceulina, tapi ayeuna mah ludeung ngajawab: "Duka, da barang beh ningal, bet watir, ari ngupingkeun basana resep. Mani ngalamun abdi hayang jadi Bapa, supaya bisa mangdoakeun sareng ngarasanan. Sakapeung sok ngalamun, mun abdi jadi lalaki ku abdi diaku dulur dunya aherat, sakapeung ... lah Bapa." Gabrug nyuuh kana lahunan rama.
Ku Ajengan diusapan sirahna bari sasauran: "'Heueuh, kaharti ku Bapa oge, sukur. Tah, puguh pikiraneunana ari kieu mah."
Sasauran kitu soteh ngalelemu putra, padahal manahna mah tunggara, reup bumi alam angkeub raraosanana.
Sarimaya cengkat, panon rambisak, tapi budina marahmay ngajak seuri bari tanggah.
Ajengan gumujeng maur, mehmeh teu katahan tagayurna manah. Anu dipake kapaur, kamangmang, ayeuna beledag pisan betus ti nu dimongmong, dinengne-nengne.
"Enok", saurna, "Lamun maneh ku Bapa dikawinkeun ka dinya, suka?"
Sarimaya: "Sumuhun, moal gaduh salaki ka nu sanes.
Ajengan: "Heueuh sukur, tapi regepkeun Bapa rek nyaritakeun hal Walia, anu kadenge, anu kanyahoan ku Bapa. Kieu geura, teu matak gede hate. Lain rek ngahalangan, lain rek teu rek nganteur kana kasukaan maneh, ngan Bapa kamemelangan. Ari si Walia teh jelema doraka, teu nyaho Bapa teh dosana mah. Pang datang ka dieu sejana ngalebur tapak."
Sarimaya beuki wanter, wani megat kalimah, pokna: "Apan saur Bapa geuning, Allah mah gafururahim. Masing dosa sakumaha gedena oge, ari tobat mah ka Anjeunna, moal burung
dihampura."
"Heug atuh, keun eta mah," saur Ajengan: "Aya deui nu bakal jadi mamala. Engke, dina kadalapan poena ti tas kawin, Walia kudu ajal, patina ku oray. Tah, kumaha? Lamun maneh tulus ka dinya, meureun ngora-ngora keneh jadi randa, ngan aya kaolna, Walia bakal ninggalan anak lalaki, nu jadi alim gede kamashur ka mana-mana."
Sarimaya: "Ditinggalkeun maot-maot kiu, abdi teu salempang. Sugan wae kenging diihtaran."
Ajengan: "Har, ari Enok, kumaha disingkahanana pasti?"
Sarimaya: "Ah, da eta ilapatna, kenging diihtiaran."
Ajengan: "Heueuh, na kumaha jeung saha nu baris ngabelaan?"
Sarimaya: "Abdi apan, abdi parantos sumpah."
Ajengan: "Teu kaharti ku Bapa kumaha maneh rek ngabelaanana?"
Sarimaya: "Duka teu tiasa nyarioskeun, ngan abdi pаrаntos ikhlas. Komo ayeuna abdi nguping ti Bapa....kaka...aeh,...itu bakal gaduh anak lalaki pijadieun alim mashur."
Arek pok nyebutkeun ngaranna, Sarimayateu kaduga, beurat biwir, angen ratug.
Lila Ajengan mindel teu ngalahir. Geus kitu saurna alon: "Nya ari geus dikadarkeun mah kudu ka dinya jodona, taya kumaha, ngan Bapa menta tempo rek mikir-mikir hela. Pek ka itu badami jeung Darsinah."
Euleuh inditna nyi Sarimaya mani giak. Ari Ajengan pasrah si pasrah, tapi ngungun. Getret nyerat ka sobatna di Demak, di Kudus, tuluy miwarangan nganteurkeun. Suratna paranjang nyarioskeun kasumpeg galih hal putra, ditungtungan mundut petuah, kumaha pisaeeunana.
***
VI. TEGANG PATI
Pleng walonan ti sobat-sobat tea teu aya bae. Walia umurna nincak kana salikur taun. Waktuna nu dipikapaur tereh nepi. Ari putra katembongna beuki gerah, beuki beger, jeung raraosanana
asa aya nu ngageuwat-geuwat.
Dina hiji poe Ajengan nyaur Walia. Pek dipariksa: "Kumaha ayeuna Walia, aya robahna ti saentas carita tea?"
Walia: "Sumuhun aya saeutik. Sakapeung plong hate teh asa
bungangang teu puguh-puguh, da teu aya pikabingaheun. Ana majarna dongkap nalangsa, banget sedih langkung-langkung ti sasari, dongkap ka cipruk anggel ku cipanon. Sakapeung bingah henteu, nalangsa sanes, bingung sanes, diri abdi asa kosong. Raraosan teh asa kumalayang di awang-awang, sakali-kalieun asa dikerem dipanjara. Anu aneh, ana parantos teu gaduh kahayang, teu gaduh ka embung, raraosan teh asa jadi batu, digorolongkeun ngagorolong, ditamblegkeun cicing, ditakol, dijungjung ditindihan, dikumaha-kumaha oge mangga, bade dikasawargakeun mangga, bade dikanarakakeun mangga, bade maot, bade hirup mangga, pendekna teu ngalalangkungan Nu Kagungan. Biasana upami abdi tobat, sanget nyuhunkeun dihampura, nyuhunkeun dijait tina kahinaan, nanging dina waktos keur sagala mangga tea
mah henteu. Perkawis dihampura henteuna kumaha Nu Agung, abdi mah tobat mung ngajalankeun darma, kitu kedahna. Rada sering kitu teh."
Ajengan: "Alhamdulilah, sukur Walia, maneh dipaparin ikhlas.
Walia: "Sumuhun kitu manawi, nanging teu pararuguh, kana saniskanten antepan.
Ajengan: "Euh, ikhlasna tacan yakin, entong kaget, perkara kayakinan rasa datangna lain tina panggawe urang."
Walia: "Sumuhun."
Ajengan: "Jaba ti eta aya deui nu rek ditanyakeun. Umur maneh teh geus dua puluh taun, lain?"
Walia: "Sumuhun langkung, nincak kana salikur."
Ajengan: "Tah, ayeuna kami rek nanya. Kumaha lamun maneh dikawinkeun, purun?"
Walia teu bangun atoh, teu kaget, walonna: "Abdi mah teu gaduh kahayang, kumaha kersa Ajengan bae."
Ajengan: "Heueuh, jadi purun kitu."
Walia: "Sumuhun, ngiringan kersa Ajengan."
Ajengan: "Heeh, sakitu wae, pek ka ituh, bisi boga pigaweeun mah."
Walia geus indit, Ajengan ngagalih sakeudeung, tuluy digiligkeun galihna, baris ngarepokkeun putrana ka Walia. Anu dikolotkeun urus-urus, sasadiaan teu aya deui ngan duaan, Dirman jeung
Sinah. Kahoyong Ajengan kacocogan ku panuhun putrana, nikah asal salamet bae, rek rerencepan, moal ondang-ondang. Tapi teu beunang dibuni-buni, tultel beja utatelan, jelema abreg-abregan nu daratang nyarambungan. Dina waktuna nikah rame teu kira-kira, rame soteh nu ngaromong, ma'lum jelema tea bae, hajat gede ku gedena, hajat leutik ku letikna, rame ku ramena, tiiseun ku tiiseunana, teu sepi omongkeuneunana.
Panganten teu didangdanan, teu midang. Panganten awewe seuseut daek dihiasan kias, tamba pamali. Dina riungan peutingna teu wudu bumi Ajengan pinuh ku tatamu. Dina unggal rombongan rame nyarita perkara elmu, sabab harita Islam di urang haneut
keneh, kacida dipake kamegahanana. Biasana alam harita panganten lalaki sok ditanggap medar elmu, kudu ngajawab pertanyaan semah. Ari Walia harita dina riungan teh kawas bueuk
beunang mabuk, diuk ngeluk teu kecet-kecet.
Anu moyok, anu nyarekan, lamun teu ngaragangan ka Ajengan, tangtu loba nu wani pok hareupeun panganten.
Tapi cek kolot nu asak timbangan. Ajengan moal gana-gana ngadamel kitu, putrana moal dipasihkeun ka dinya. lamun teu kauninga piengkeunana ku jelema jamak mah moal kaharti, mulung minantu jelema mahiwal. Teu umum geura panganten ngabetem, jeung teu tinggal ti iteuk, mending mun alus iteukna teh.
Kacaritakeun dina poe kadalapanan, geus beurang, ngan tacan meletek srangenge, tara-tara ti sasari Walia tacan hudang. Ajengan jeung saeusi bumi ngariung nungguan, kabeh mesum,
sabab sarerea geus dibejaan ku Ajengan teu meunang geruh, yen bakal aya kajadian anu aneh. Ku sabab anjeunna kacida mesumna, rencang-rencang pada milu mesum. Anu sare jongjon ngageubra.
Nyi Sarimaya ngaleos teu kanyahoan, bus ka pangkeng, tuluy ucul-ucul papakean, disalin ku papakean Walia, sirah dikurudung. Geus saged bijil ti imah, niatna rek ka kebon, ka handapeun kembang paranti Walia nyingkur. Samemeh terus ka kebon ka jamban heula, reket pantona dipeundeutkeun, jadi di jero remeng-remeng rada poek. Geus wulu pok ngadoa: "Ya Allah mugi-mugi ditampi abdi ngurbankeun diri keur kakang Walia cara domba keur Nabi Ismail, onta keur Sayidina Abdullah."
Geus kitu bray panto jamban dibukakeun, borelak aya nu katingal panjang herang di nu poek, tapi ku Nyi Sarimaya teu dipalire, terus bae ngadigdig bari culang-cileung muru ka nu dijugjug.
Sadatang-datang gek diuk nangkeup tuur, dikarimbun bari peureum, dikir sajeroning hate. Aya meureun sapanyeupahan mah lilana, celetot kana indung sukuna, asa aya nu nyocog
ngagentak. Ari ngejet, karasa aya nu geunyal katincak.
"Alhamdulillah, kakang Walia salamet," cek nyi Sarimaya bari peureum, huntu tipepereket nahan kanyeri, nyedek karasana sesek kana angen, sakuliah badan nyareri teu puguh rasakeuneunana, lengleng lieur nepi ka leslesan, sirah riet tingheletot asa
dicocogan. Golepak, sek. Sarimaya lastari pegat nyawana. Mayitna geuneuk saluarna, ku matih-matihna peurah.
Kocap malaikat nu mawa nyawa melesat ka langit. Datang ka lawang nyampak pirang-pirang arwah jeung manglaksa-laksa malaikat anu mapag. Tapi cek luluguna nu mapag: 'Naha bet hol awewe, apan urang sarerea kudu mapag lalaki. Aru ieu naha?"
Diwalon ku Sarimaya: " Kuring, bojona nu kedah maot tea?
Malaikat nu jaga lawang; "Ih, lain bojona, salakina nu kudu maot teh."
Malakalmaot: "Teu aya kasebut saha-sahana nu kudu maot poe ieu, wayah kieu, lebah dinya. Anu pareng aya awewe, nya ieu wae."
Cek para arwah: "Hih, atuh kaliru etah, kudu buru-buru dipulangkeun deui."
Sarimaya: "Teu sawios, keun bae kuring gantina, da kuring parantos dongkap ka dieu."
Malaikat nu mapag: "Hih, teu meunang, teu aya pitempateunana.
Malakalmaot: "Hayu atuh, urang balik deui."
Para arwah: "Mangkahade kudu pulih saasal tadi."
Sarimaya: "Sumuhun, nanging badan kuring geus ruksak ku peurah, geuneuk, saluarna."
Malakalmaot: ”Entong salempang, cageur deui, hayu bae buru-buru, bisi aya nu nganyahoankeun manten."
Sarimaya: "Ah, moal, wangsul deui, upami salaki kuring kudu maot ayeuna- ayeuna mah. Bade didagoan wae di dieu."
Malaikat: "Moal, moal tulus ayeuna. Jaga deui ari geus aya dawuhan Nu Mahasuci."
"Mangga, ari kitu mah," walon Sarimaya.
Seot ngan sakilat, Nyi Sarimaya nyawaan geus sup deui kana
ragana, nyah beunta, siak nu tadi geuneuk jadi ngagelempong deui. Teu aya nu karasa nyeri, asa lilir entas ngimpi bae. Jung indit, teu rarat-reret ka gigir ngagibrig lumpat ka imah, bus ka jero nyampeurkeun ka nu keur ngariung Walia.
Datang-datang gorowok wae: "Salamet! kakang geura tanghi!"
Sarerea ngarenjag, Ajengan ngaranjug bari istigpar.
Ajengan: "Subhanalloh, Enok! Enok, nanaonan eta teh?"
Sarimaya make papakean lalaki, munjungan ka rama omongna: "Berkah Bapa, salaki abdi salamet."
Nyah Walia hudang, gek diuk, gigisik. Ari ret aya nitoba di dinya geuwat muru munjungan, pokna: Agungna ka Allah
ta'ala, jembarna ka salira Ajengan, abdi ngahaturkeun rewu-rewu nuhun."
Ajengan: "Lailaha illelloh, kumaha ieu teh, ngimpi?"
Sarimaya: "Sanes ngimpi. Bapa, sayaktosna, mangga itu tingali iteuk ngadak-ngadak sirungan."
Ajengan: "Masya Allah ajaib. Kudrat iradat Pangeran tetep matak helok manusa. Ari Enok nanaonan, mana kitu barangpake?”
Teu talangke galantang Nyi Sarimaya nyaritakeun nu geus kalakon ku manehna. Tamat nyarita berebet lumpat ka pangkengna, disalin. Jol deui nyampeurkeun nu keur ngariung pada
heran, imut ngagelenyu, cahayana siga tambah mancur.
Ajengan bingahna amarwata suta, dinuluran bagja, putra jeung mantu wilujeng. Keur kitu torojol nu mawa surat ti sobat-sobatna tea. Eusina pondok naker: ngiring bingah, ngahaturkeun kawilujengan.
Ti semet poe eta saterusna ngan kari mulusna. Walia jadi jelema utama, sagala adatna nu goreng leungit samasakali, cara emas beunang ngabesot. Sakumaha panyebut tea kajadian, nyikalan boga anak lalaki.
T A M A T