Ngawadalkeun Nyawa (Bagian 12) - Karya Moh. Ambri
Ajengan: "Heuh na ari budak, ditanya ku kolot saenya-enya kalah lumpat. Na kudu kumaha nanyana atuh. Behna mah aing teh ka anak nepi ka sagede kitu tacan nyaho, ngan nyaah-nyaah wae. Keun sugan kudu dua tilu kali dibawa carita."
Kadua kalina dipariksa ku Ajengan ngabuntut bangkong, jawabna pondok: "Duka, kumaha Bapa wae."
Katilu kalina, gelendut Ajengan ngadongengan, dongeng-dongeng tina kitab, sawareh deui nu kadangu ku anjeunna di panyabaan jaman jadi sudagar, sawareh deui bangsa carita tina wawacan, tapi kabeh dicokot pondokna, nuduhkeun awewe boga
pamilih kudu wakca ka kolot, bisi kaduhung ahirna. Puguh-puguh embung nyebut daek, ari geus jadi, tuluy baruntak, atawa ngalanglayung makan ati, matak rudet sarerea.
Barang Sarimaya dipariksa jawabna: "Mangga ari kedah mah abdi gaduh salaki."
Ajengan: "Ih, lain kedah. Bapa mah nanya, naha Enok geus niat, geus purun. Tah kitu."
Sarimaya: ''Na saha nu dongkap?"
Ajengan: "Moal dicaritakeun, ari teu purun mah.
Sarimaya: "Kumaha Bapa bae abdi mah."
Ajengan: "Heueuh daek kituh.
Sarimaya: "Sumuhun." Bari tungkul umat-imut, siak beureum.
Ajengan: "Tah, ayeuna Bapa rek nanya saenya-enyana. Cing ka saha cop hate di antara santri-santri Bapa?""
Sarimaya: "Ah, duka.Siak beureum beungeutna, gelung dicabak, panitih diilikan, tuluy kelin baju diurutan.
Ajengan: "Enok, Bapa teh bawaning ku nyaah ka maneh, Bapa moal maksa. Ka saha kapurun, tah eta pisalakieun Enok. Entong era wakca, kapan tadi geus disebutkeun, gagantina Ibu teh Bapa
buktina. Pok bae, entong asa-asa. Bisi teu wani nyebutkeun ayeuna, heug ditempoan ku Bapa nepi ka isukan."
Nyi Sarimaya indit ti payuneun rama, nyampeurkeun ka babuna keur kakaput, gek diuk, tanya-tanya, cubak-cabak teu puguh.
"Aya naon, Enok, kawas-kawas boga pibejaeun? cek babuna.
"Lah, taeun bibi mani teu puguh rarasaan, ku Bapa dipariksa. ka saha bogoh cenah kituh."
"Ka saha, cek Enok?"
“Wah, teu dijawab, isin. Nya eta mani teu puguh rarasaan, ieu tuh ratug keneh."
"Hih, mun bibi mah dipariksa, jol pok bae meureun.”
"Ka saha cing?"
"Ka kaka Dirman, hihihih."
Nyi Sarimaya nyeuleukeuteuk seuri: "Yey ituh, sugan teh bibi teu aya manah. Kumaha mang Dirmanna bogoheun deui ka bibi?
"Heuheuydeuh, tanyakeun bae ku Enok ka Dirman."
''Naha atuh, mun kawin bae ka dinyah.
"Enok acan carogean mah, bibi moal boga salaki.”
"Naha?”
"Tacan aya kawulaaneun."
"Wah, bibi mah bisa wae, cek Sarimaya bari camberut, tapi
ceuleukeuteuk deui seuri.
"Ari Enok ka saha cing, nya neundeun raga katineung?"
"Ah, moal disebutkeun."
"Keun rek diteguh ku bibi, nya.
"Pek hayoh, heeeh, moal enya teuing kabade."
"Lamun kateguh, rek meresen naon cing ka bibi?"
”Lamun kateguh? Peresenna? Bibi tulus dikawinkeun ka mang Dirman, hihihihih-heuheuheuheuh." Sarimaya seuseurian mani pipingkelan. "Bibi dikeningan, disigeran, heuheuheuh-heuheu-heuheuh. Lucu meureun, nya bi? Heuheuheuheuh."
"Komo wae cek babu, bari heug meta lunggak-linggek gumeulis.
Cikikik deui Sarimaya seuri, cipanonna mani rambisak.
"Lah, rek aya naon, nya bibi, seuri ngeunah ngeunah teuing? cek Sarimaya bari nyusutan cipanon ku tyungtung baju.
Babu kakaputna teu laju balas seuseurian.
"Ah, moal tulus neguh teh, da eta peresena kitu."
Sarimaya diukna ngadeukeutan omongna Cing lamun enya bibi awas, sebutkeun."
"Saha atuh, nya? Ah, eta meureun Den Mas Dulah."
"Yey, lain, "omong Sarimaya bari kerung. "Naon jelema perengih, celaan, ih teu lucu."
"Hih, ari titingalan bibi mah eta nu pangpangna di dieu teh, pangmenakna, pangbeungharna, pangpinterna cenah deui ngajina oge."
"Teu, teu resep, jeung teuing masing menak salogodorna, beunghar boga gunung inten oge, teu kayungyun. Basa kuring keur ngala campaka apan kurunyung si Sabenah, mikeun surat.
Ditanya ti saha-ti saha teh, ngan duka-duka bae. Ari dibaca suratna ti dinya ti santri rehe. Jejewet wae suratna oge, dibikeun deui ka si Sabenah sina dipiceun kana durukan. Si Sabenah dicarekan ulah deui-deui daek aya nu nitah mawa surat keur ka kuring.
"Na hayang ka nu kumaha Enok teh?”
"Ah, nu bageur wae, nu matak resep, nu baris nyaaheun ka kuring?"
"Aya nu bageur teh, sobat Dirman, hihihihih, ujang Walia, cek babu, maksudna ngaheureuyan.
Rey beureum nyi Sarimaya. Babu reuwaseun, sieun nu geulis ngambek, geuwat dibalikan deui: "Bibi mah nyebut eta soteh heureuy bae, lain enyaan. Enok ulah ambek.
Hih, henteu. Tah, eta bibi, kuring teu wani wakca ka Bapa teh, isin. Anu ku batur dihina, dipoyok, diheureuykeun, dipake gogonjakan, ari ku kuring dina ati dipusti."
"Aeh-aeh, naha Geulis, mana kaliru temen. Urang mana, anak saha eta teh? Jelema kucel kitu, nya bodo, nya rudin, jelema, minculak, datangna kawas palancongan. Dirawatan soteh, ma'lum
Ajengan tea wae nyaahan ka jelema, padahal teu aya pisan siruaneunana."
"Pek poyok ku bibi sing nepi ka beak beresih.
"Emh, lebar teuing ieu nu sakieu denokna, beunang bibi ngasuh ti leuleutik, rek dibikeun ka .. santri mahiwal.
Sarimaya: "Hih, sugan teh bibi nyaho di lalaki. Eta meureun silo ka mang Dirman. Bibi resep ka mang Dirman, kuring resep ka sobatna. Entong ngadek, ari saruas mah, bi."
"Ambeuing-ambeuing, lain heureuy mah Enok teh?"
"Enyaan, na make heureuy. Engke lamun geus jadi salaki kuring, awaskeun ku bibi. Bibi tas ka mang Darman Jeletot
Sarimaya nyiwit ka babuna.
"Aduh, ieung, ih, mani nyeri bibi. Keun diunjukkeun ka Ajengan."
"Jig, da teu sieun, masing dihaturkeun ka Bapa oge. Saterangna mah kuring teh ngimpi. Memeh dipariksa ku Bapa, memeh ngimpi dipaparin ali tea ku Ibu."
"Kumaha impianana teh?"
"Di dituna teh kuring keur diuk di golodog masigit, lain masigit eta nu diurang, duka di mana atuh, da alus teh. Kuring teh entas diwuruk maca quran ku Haji, duka teu wawuh ngan yuswana pantaran Bapa. Ari kuring tanggah kalayang japati bodas. Teu kungsi
lila seot-seot dadali hideung rek nyamber japati. Kuring ngagero,
ngabejaan ka japati, tapi teu kadengeeun, terus bae hiberna ngaler.
Dadali ngarandeg, tuluy kawas nu mandeg-mayong ngudagna. Diawaskeun bae ku kuring. Na seot teh mengpeng ngudag deui japati, jerit kuring gegeroan meak-meakeun tanaga, ngabejaan japati, eta aya nu ngarah. Aneh bibi, dadali beuki deukeut ka nu
diarah beuki gede, matana, pamatukna jeung kukuna matak gila. Untung japati teh ngalieuk ka kuring, siriwik cepet hiberna ka kuring. Dadalina salayang-saloyong teu puguh kawas nu era ku
kuring. Gepruk japati kana lahunan, kek dicekel ku kuring. Pek tanggah, panonna matak karunya, pok ngomong nganuhunkeun, dumeh ditulungan cenah. Ari dadalina les musna, teu puguh ka mana losna. Japati teh lindeuk, dicecekel teu daek abrug- abugan pokna teh rek bela pati ka kuring. Na ieuh, ari ditembongkeun ka
Bapa, bet Walia geuning japati teh."
Babu: "Ambeuing-ambeuing ku aneh impian teh. Tapi ulah diandel impian mah bohong bibi ngimpi ngarawuan duit, isuk-isuk ngan manggih tumbila.
"Sarimaya: "Jeun teuing ceuk bibi bohong ge kuring mah enya."
"Naha henteu haturan ka rama, ngimpi model kitu."
"Ah, isin. Pek wae ku bibi, isukan tapi, ulah ayeuna."
Sapeuting jeput babu teu bisa ngerejep, mikiran Sarimaya, kawantu geus asa ka anak teges. Ceuk pikirna: "Na keuna ku naon budak teh, bet kabongroy ku nu kitu ulesna, kawas euweuh deui piliheun. Samborong teuing sok mupujuhkeun dahareunana. Ari eta budak lalaki keur di tepas dapur, sok nogel wae tina jandela. Enya bener bogoh mah teu beunang dibebener batur. Kumaha teuing manah Ajengan. Meureun ngajenghok. Sok sieun jaheut manahna heug aya matakna ka budak. Tobat teuing Gusti, mugi di jauhkeun manahna nu awon. Teu diunjukkeun kumaha, diunjukkeun kumaha. Ah, kumaha behna bae. Salah di aing lamun henteu haturan. Lah, hayang geura beurang.
Geus beurang hayang geura salse, rek unjukan. Nepi wae kana waktuna, Darsinah, babu tea pok haturan ka Ajengan, lebah Walia kacaritakeun dipake neundeun hate ku Sarimaya, Ajengan ngagebeg, tapi teu kanyahoan ku Darsinah.
Tungtungna saur Ajengan: "Heueuh, keun wae Sinah, entong dipake pikir. Ka mana ayeuna si Enok? Cing sina ka dieu."
Darsinah gura-giru indit, neangan Sarimaya, kapanggih keur ngajulan campaka.
Darsinah: "Yey, ituh diteangan teh, paingan wae."
Sarimaya: "Na rek naon, make diteangan?
Darsinah: "Itu disaur."
Sarimaya ngelek ayakan leutik dieusi kembang campaka diiringkeun ku Darsinah, budina rada camerut, keur resep ngala kembang, kapegat, padahal teu diala oge, tangtu balik.
Ajengan nyerangkeun, lucu ku nu camerut, aya baeud nambahan kayungyun.
Geus diuk di payuneunana dipariksa, nu teu puguh wae hal ngala kembang. Ari geus katingali marahmay, kakara dipariksa nu enya,
"Majar Enok ngimpi aneh, cek bi Sinah, enya?
"Sumuhun," walon Sarimaya bari seuri jeung tungkul, rey beureum ceulina.
"Heueuh, sukur, ngan engke deui, ari aya naon-naon, kudu ka Bapa heula bebeja, memeh ka batur teh."
Sarimaya teu ngajawab, ngan umat imut, ret ka rama tuluy tungkul deui.
"Cing kumaha nu saenyana, geuning make Walia-Walia kitu tungtungna."
Nu dipariksa teu ngajawab, gawena sarangah-serengeh bari tungkul, ret ka kenca-ret ka katuhu, curukna utak-utek kana alketip.
Pok deui Ajengan: "Bapa mah hayang nyaho bae, kapan kamari geus nanya.
Sarimaya hararese naker rek pok teh: "Lah, da eta isin."
"Aeh-aeh naha ditanya ku bapa isin."
Sarimaya ngarasa dipaksa kudu wakca, ras ka indung, curucud cipanonna.
Ajengan deui nya kitu ras ka dinya, saurna salebeting manah: "Emh, mun aya indungna mah, aing moal bingbang, anak muka hatena meureun." Ningali Sarimaya cipanonan, api-api teu uninga, pok deui: "Enok, ulah salah ngarti, Bapa nanya soteh, rek nganteur kasuka maneh kana pisalameteun, pisenangeun. Cik kumaha ngimpi teh nu saenyana?"
#CAG_HANCA.