Skip to main content

Ngawadalkeun Nyawa (Bagian 3) - Karya Moh. Ambri

     Barang reg kuda dicandet, cureun di buruanana, poho di naon-naon, jrut tina sela, lumpat muru ka imahna. Ti jero ear, aya nu nyebut tuh geuning, aya nu nyebut tah geuning. Beh anak, beh pamajikan ngalonjor siga mayit. Datawardaya teu tahan, bluk nyuuh gigireun nu gering, tuluy ngagukguk. Nyi Sarimaya ngoceak bari ngarontok ka bapa. Sakur nu aya di dinya pada ngahelas, cuweuh nu teu rambisak. Meunang sababaraha jongjongan hujan cipanon, nepi ka ngagunah sorana di jero gedong ku nu ceurik, kolot-budak. 

Ngawadalkeun Nyawa (Bagian 3) - Karya Moh. Ambri

    Anu pangkuatna nahan kasedih kiai, nu purah tunggu mangngajikeun, ceurikna ngan ukur rembes cipanon, ngageuwat istigpar tuluy babacaan, du'a panyinglar prihatin. Tamat maca doa kunut, pok ngomong ka sudagar: "Kang putra, sing emut, ulah kitu."

    Waktu Datawardaya bluk nyuuh di gigireunana, nu gering ceurik na geus teu bisa nyawara, ngan ukur bijil cipanon jeung ngajungjungkeun leungeunna, ditumpangkeun kana punduk nu keur

nyuuh, les bae kalenger, tepi teu kanyahoan ku nu tarunggu, da pada careurik tea.

    Ngadenge nu ngageuing. Datawardaya cengkat, sok leungeun

pamajikanana lalaunan digolerkeun kana kasur, bari kitu teh manehna maca taud, istigpar disambung ku sahadat, gek sila. Nyi Sarimaya ceurikna kumapang sasambat. Bapana can bisa ngomong, curucud-curucud wae cipanonna bari ngusapan sirah Nyi

Sarimaya. Ret ka nu gering, bet ngalempreh bae peureum. Pok ngomong semu hese: Enggeus enok apan bapa geus datang, "Nyi Sarimaya cengkat cerik leler, tapi inghak-inghakan keneh.

    Datawardaya ngaragamang nyabak leungeun nu gering sarta omongna dumareuda: " Lembana, Lambana ieu kakang."

    Nu gering jongjon bae peureum. Anakna ngojengkang nyikot cai keur nyeuceuhan. Lamak beunang ngabasehan sok kana tarangna. Nyah nu gering beunta, pok ngomong sorana haroshos: "Alhamdulillah, kakang,...kuring ngadoa teh dikabul....nya eta ... samemeh dipundut nyawa....hayang....hayang tepung heula

sareng kakang."

    Renghap-renghap, ngomong sakitu teh semu nu cape kabina-bina, tuluy kunyam-kunyem ngadoa ceupna, panonna mureleng ka luhur.

    Sudagar: "Lembana, da kakang geus datang, geura tereh-tereh cageur anggur.

    Lembana: "Laaah kakang, parantos teu kiat ... Hayang tepang heula ... soteh, ... bade neda ... hampura kakang,

hayang kakuping ... lisanna ... sareng bade titip si Enok, Ayeuna... parantos ... seep kapanasaran,... parantos ... kedal,"

    Sudagar: "Aduh Lembana ..." Teu bisa kebat ngomongna, kapegat ku piceurikeun ngagarendok dina tikoro, cipanonna merebey bijil, dug deui nyuuh, atina mah ngejerit maratan langit,

ngadu'a ka Gusti Allah, supaya pamajikanana bisa cageur deui, melas-melis nyambat ka Rasulullah neda sapa'at.

    Lembana: "Kakang ... masing teteg, masing pangger masing nyaah ka si Enok ... Ari kuring geus moal beunang dipuntangan. Doakeun anggursi, supaya ... ditarima ... iman."

    Ngadenge omong nu gering Datawardaya tambah ngarakacak

hatena, bumi alam asa tungkeb. Cengkat si cengkat, tapi teu puguh pipikiranana. Disampeurkeun ku anakna beuki ngangres. Waktu bareto, basa indit, anak pamajikan keur meujeuhna jagjag

waringkas, badanna lalingsig ngeusi, ari gok harita, pamajikan ngan kari tulang jeung kulit, leungeunna oge segede-gede elekan, anak jadi ramping nyalempring, beungeutna kanyos marencos, panonna jero jeung carindul. Sidik ayeuna mah ka anak. Budak  ditarik, ditangkeup, digalentor. Nu gering carindakdak tina kaliwat suka, nyeueung anu pada sono.

    Geus rada lila, pok Sarimaya ngomong: "Bapa, geura siram tuangeun parantos sadia."

    Datawardaya: "Heug Enok, dahar mah bapa teu hayang, ngan hayang nginum."

    Poho kana badan sorangan, sakitu gering payahna, da heman asih ka salaki jeung panuju ka anak. Nyi Lembana emut ngagelenyu, pok milu ngomong: "Enya bae bener si Enok, kakang meureun palay urut...angkat sakitu jauhna.

    Jung nangtung lungse teu nangan, maksakeun maneh indit ka cai, rek mandi. Bada mandi rada seger meueusan. Papakean disalin, tuluy salat asar. Sabadana gek deui diuk deukeut nu gering, pok nanyakeun, sugan aya kahayangna.

    Jawab nu gering: "Teu aya, ... ngan ... nyuhunkeun dihampura.

    Sudagar: "Beu Lembana, boro-boro dipenta, teu dipenta oge kakang ngahampura pisan lahir-batin, bisi enya aya dosa manehna nu teu kanyahoan, tapi nu karasa mah ku kakang euweuh. Putih beresih hate kakang ka manehna."

    Nu gering. "Nuhun kakang alhamdulillah.

    Sudagar: "Sabalikna, kakang kudu dihampura, rumasa gede dosa, rumasa kahutangan gede ku manehna."

    Nu gering: "Hampura pisan...."

    Sudagar: "Naon nu karasa?"

    Nu gering: "Teu aya, ... ngan lungse, ... teu aya ... tanaga.

    Datawardaya ngaheruk, curcud deui cipanonna, pok ngomong dumareuda: "Nyana-nyana pikieueun mah, moal teuing nyaba jauh.

    Nu gering ngalempreh peureum, tayohna kacida capena urut ngagoakna hate sono ka salaki, bungah bisa tepung samemeh dug jeung urut dibawa nyarita.

    Tidinya Datawardaya ngelesed, diukna anggang ti nu gering. Sor dulur-dulurna jeung nu lian sasalaman ngabageakeun. Tadi mah poho bae ka sarerea oge. Jelema rentul teh teu kadeuleu, siga

tunggul-tunggul acan.

    Bada isa Sudagar ditaranya, kumaha lalakonna. Pok nyarita, dijojoan nu perluna bae, babakuna ilapat jeung alamat-alamat arek manggih samagaha hatè. Tapi eta kabeh tadina teu kaharti,

kaharti soteh ayeuna cenah, geus kapanggih buktina. Mimiti ngarasa hariwang, melang ka nu di imah, hatena mindeng seseblakan, lelenyapan, pipikiran kaweur anak jeung pamajikan asa dina panon bae. Halangan di jalan lain lumayan, mindeng mehmehan

nemahan pati ku begal. Bekel jeung babawaan, dagangan emas inten--lamun jaman ayeuna mah pangaji mang keti-keti rupia---beak ku begal. Datangna estu sabeuleugeujeur, mawa badan sakujur jeung papakean saraket diri. Kuda nu ditumpakan waktu datang, boga urang Demak nu ngajajapken.

    Repeh Sudagar ngungngong nu nyarita hal kaayaan di imahna,

nyaritakeun nu gering jeung salian ti eta. Nyararitana teu aya nu bedas, supaya ulah ngagandengan ka nu gering.

    Tengah peuting dina keur meujeuhna simpe pisan, nu gering ngaharewos ka salakina: "Kakang, kuring ... bade mulang, doakeun ... sing... ditarima ... iman. Mihape si Enok sareng bisi kakang ... mendak ... kabingung ... sambat kuring."

    Datawardaya rempah-rempih rek ngajawab teh, nahan piceurikeun, pokna ngan: ”Heeemh, heug." Dína hatena mah ngagolak piomongeun, tapi teu bisa kedal. Geus aya antara pok deui:

"Perkara si Enok entong dipake kamelang, indungna bapana nya

kakang sipatna.

    Nyi Sarimaya ngorejat cengkat, gek diuk.

    Cek nu gering: "Alhamdulillah, sukur, ... Enok ... didoakeun,... ayeuna ibu ... rek balik Hayu atuh ... Kakang, ... tahlilan ..."

    Jep repeh, tuluy mureleng ka luhur, nyeh emut bari ngahanju. Nyi Sarimaya dihuit ku bapana, ulah ceurik, atuh mani tipepereket ngegel biwir.

    Wanci kongkorongok hayam sakali kerelek Nyi Lembana, lastari mulih ka jati, mulang ka asal. Koceak Nyi Sarimaya, les kapiuhan, geuwat diparangku dibawa ka kamar nu napel ka dinya. Datawardaya ngagukguk ngagugulung mayit bari sasambat. Urut

tadi sepi jempling, ayeuna ngaguruh ku nu ceurik; urut pangasuh nyi Lembana, anu pangsaregepna tadi ngagulang-gaper nu gering ceurik midangdam matak karunya. Nepi ka subuh raong keneh. kaisuknakeun rada repeh, barudak geus jempe. Geus beurang

ribut urus-urus pikeun mulasara mayit, jelema rabeng nu arindit ngabejaan ka ahli-ahlina jeung sobat-sobatna nu rada anggang.

***

II. JADI AJENGAN

    Kacaritakeun barang geus matangpuluh. Datawardaya eureun tina jadi sudagar. Barang-barangna sakur nu katimbang teu perlu dijualan. Dagangan permata jeung sipat barana dijualan dimurahkeun, teu ngitung untung rugi, asal payu bae, sawareh deui dianjukkeun. Dagangan nu diayuhkeun terus dihutangkeun. Tapi da loba uruskeuneunana, sataun dua taun wae mah tacan beres kabeh. Urut pagawena anu geus hareubeul pada baroga bagian,

minangka panarima kana jasana.

    Rengse urus-urus perkara eta, tuluy jadi kiai, muka pasantren, jongjon ibadah, ngolah agama.

    Santrina sapirang-pirang. Barudak ti sawewengkon Japara nu daraek dialajar mah, tamplok ka dinya. Barudak miskin teu kudu ngingetkeun keur dahar jeung pake, asal daek diajar ngaji, dirawatan ku ajengan. Gedongna nu gede teu lebareun dirombak, dijieun pondok, masigit digedean. Bale-arga jadi tempat ngaji barudak, diwurukan ku badal-badal. Urut patamon dipake tempat matuh ajengan, cek pamikirna ayeuna mah teu perlu cicing di imah gede-gede teuing. Keur mondokkeun semah moal kakurangan tempat.

    Tina hemanna ajengan Datawardaya ka santri-santrina, dimana maranehna ninggalkeun pasantren rek cumarita, loba anu dijeujeuhkeun, boh kana dagang, boh kana tani. Anu rek nuluykeun ngaji, pindah ka pasantren sejen, tara dibahanan doa wungkul.

tapi jeung sokna pibekeleun, kitu deui surat panitipkeun ka guru anu rek dijugjug.

    Anu dikawinkeun sababaraha urang, dicukup sagalana, teu beda jeung ajengan minantuan.

    Ari Nyi Sarimaya rek dikasahakeun?

    Kahayang ajengan boga minantu teh anu matak panuju, supaya ulah aya kumeregkegna masrahkeun anak, salamet lahir batinna, tapi moal dipaksa direremokeun, sina milih-milih sorangan ka saha panujuna.

#CAG_HANCA. (Nyambung Ka bagian 4)

Comment Policy: Mangga dihaturanan nulis komentar perkawis artikel dina halaman ieu. Mugia kumpulan carita pondok sunda ieu tiasa janten jalan silaturahmi kangge urang sadayana.
Buka Komentar
Tutup Komentar