Skip to main content

Ngawadalkeun Nya (Bagian 6) - Karya Moh Ambri

 Ajengan: "Masya Allah, sageuy maneh teu nyaho?"

Walia: "Sumuhun, asa parantos nguping, nanging hilap deui."


Ngawadalkeun Nya (Bagian 6) - Karya Moh Ambri

Ajengan: "Gafur hartina nu ngahampura ka sakur nu dosa; rahim hartina nu welas asih ka mahlukna. Lamun Ajeunna henteu welas asih, moal enya nurunkeun rahmat ka mahlukna."
Walia: "Alhamdulillah, tah plong meueusan, asa aya ramang-ramang, hate abdi henteu poek teuing.
Teu kanyahoan deui ari gauk teh ki Walia ceurik bari ngarontok kana sampean Ajengan. Atuh nu dirontok ngarenjag, teu nyana-nyana baris kitu. Bari ceurik ki Walia sasambat, pokna: "Aduh Gusti, aduh Ajengan, rumaos abdi jelema cilaka doraka, nembe karaos ayeuna nyeri peurihna jadi jelema doraka. Ya Illahi, abdi nyuhunkeun pitulung. Ajengan geura bedel itu hate abdi, tingali kaawonanana.” Loba deui sasambatna kawas nu ngaco.
Ajengan hemar-hemir, boa si Dirman teh enya omongna, ieu budak teh owah akal. Teu puguh-puguh ngagoak ceurik jeung sasambat ka ditu ka dieu. Tapi panggalih Ajengan kitu ngan saliwat,
tuluy Walia dicabak sirahna, pek dijiad. Tidinya disauran:
”Walia, repeh, maca kalimah anggur.
Walia repeh sarta naros ka Ajengan, nu mana nu disebut kalimah teh. Ajengan ngecapan, Walia nuturkeun.
"Ka pungkur abdi tiasa nerangkeun eta," cek Walia, "nanging ayeuna lepat pisan. Nu karaos ku abdi ti barang tepang sareng Ajengan ical kasumpeg, digentos ku nalangsa.
Ajengan: "Eta rahmat Pangeran, Walia Saha-saha nu dipaparin nalangsa prihatin, hatena dideukeutkeun ka Nu Mahasuci. Muga-muga maneh tereh dilebur dosa, dibukakeun deui hate
maneh, kanyaho nu leungit katimu deui, anu tacan dibukakeun.
Walia: "Rewu-rewu nuhun. Manawi Ajengan pilantaraneunana, abdi jadi deui jelama. Supados uninga kieu lalakon abdi teh nu terang bae, nya eta nu kaarandapan sareng nu kakuping ti
nu nyarios sareng ti nu ngawurukan.
Ajengan:Heueuh pek wae caritakeun, panasaran ti tadi keneh."
Derekdek ki Walia nyarita, kieu caritana:
Manehna teh estu urang Demak, anak tukang dagang urang Pasar, buka warung. Ti saingetna geus teu boga bapa, diurus ku indungna bae, dipikameumeut leuwih ti nanaon. Lanceukna awewe ngarana Karliah, ku indungna dibelekesekkeun kana gawe,
nepi ka kawas lain anakna, ku kacida teuing dibedakeunana jeung dulurna. Tapi sakitu kawas nu dianak-terekeun teh ku indung, teu aya semuna, ka indung nyaah, kadulur, nya ki Walia tea, nyaah bae nu aya, beresih tina sirik pidik. Walia disina ngaji, Karliah mah henteu, da cek indungna masing bisa ngaji kalah kumaha oge awewe mah moal bisa ngajait kolotna tina siksa kubur jeung siksa naraka. Ari Walia anak lalaki ngan hiji-hijina, ngajina calakan
pisan, jadi kanyaah indung teh tamplok ka manehna.
Karliah geus baleg, usumna boga salaki, mun deungeun-deungeun mah meureun jadi pikir, moal hade diantep bae, anak awewe geus gede, ieu mah teu. Aya wae jodona, meureun boga
salaki cenah, ari euweuh, rek dikumaha atuh. Lamun aya tatanggana nu ngageuing, ulah kitu teuing ka anak awewe, mangkaning anak awewe ngan hiji-hijina, minangka dagangan eta teh, jawabna pondok nyogok: "Naha mangsusahkeun teuing anak batur, keun wae, da acan cetuk huis."
Kacaritakeun Walia ngajina beuki pinter, dina sataun tamat Quran dua kali, paham jeung ngejahna, sapinah geus katalar. Taun kadua geus bisa nulis aksara Arab, rarakatan salat, pupujian
ngolontong. Taun ka tilu ku guruna dimimitian ngaji "jurmiah" jeung "tasripan". Saterusna diajar naon wae ku guruna nereleng, matak resep nu ngajar. Batur-baturna sumawonna barenganana
ngamimitian ngaji, nu ti hareula oge nu kacek dua tilu taun wae mah, palid.
Sanggeus ngaji meunang sawelas taun, guguruna pindah-pindah meunang opat pangguruan, pangartina geus beunang diadukeun jeung kiai, Diasongan kitab naon bae, ngagalantang jeung bisa nerangkeunana.
Ma'lum budak tea, ku indung dienod, ngaji calakan, ka batur mindeng pelekik . Cilimitna lain di kieuna. Guru-guruna mindeng nyarita ka indungna, supaya ulah diwowoy teuing, tapi kudu diwarah, supaya perih.
Cek indungna: "Rek sina perih kumaha, budak caalakan sok heureuy ka baturna mah, atuh jamak, da budak."
Upama cek guruna kudu dirangket, ku indungna lain dirangket tapi ditawaran hayang naon atawa dititah pindah entong guguru ka dinya.
Rasa maneh geus cukup, nahu paham, elmu pikih, usul, tasawup geus kabahas. Walia tara ngaji ka kiai, cicing wae di imah. Bacaeun teu kurang, kitabna sageledeg metung, pangaji welasan
rebu rupiaeun, mun ayeuna mah.
Jaman harita kitab-kitab teh pohara mahalna, kawantu langka keneh, nu ngajual ngan sudagar Arab, atawa nu pulang ti Mekah. Dibeulina loba nu lain ku duit, tapi ditukeuran ku pare caengan,
ku munding, ku kuda jeung salian ti eta.
Tapi Ambu Karliah teu ngeunah neuleu anak sok gelak-gelik di pangkeng ngagugulung kitab sorangan. Nya ihtiar tatanya, sugan aya nu luhung elmuna, kabeneran manggih jelema nu pinter, kabejakeun ahli hakekat, ku kiai-kiai urang Demak dijarauhan, kusabab euweuh nu bisa nagenan paduna.
Gawena eta jelema teh ngalalana, ngaduan guru-guru pasantren, teu wudu loba nu pehem. Pareng keur aya di Demak mah, nya disambat ku Ambu Karliah, dimemenan, ngan supaya daek
ngawuruk Walia.
Prung ngaji. Beunangna Walia guguru sakitu lilana diguar dikali-cacingkeun. Hadis-hadis diaji deui, diterangkeun disurahan deui nurutkeun paham ki guru. Quran ditapsiran deui sapamanggih manehna. Beunang guguru ti heula mah diyehkeun kabeh.
Walia beuki seukeut, beuki capetang. Panemu guruna beunang disebutkeun tamplok, tandana geus ngebutkeun totopong.
Walia nyarita ka indungna: "Ema ayeuna mah kuring geus tamat ngaji teh, teu perlu guguru deui. Moal aya nu ngungkulan guru kuring. Ari anjeunna geus sasauran, kauningana geus diketrukkeun ka kuring.”
Indungna suka taya babandinganana, rarasaanana moal aya nu gampang asup ka sawarega jaba ti manehna kacipta sajeroning atma lawang sawerega geusan jalan manehna ti harita keneh geus ngemplong. Nembongkeun kasukaanana ondang-ondang hajat
gede, ikralna seja ngahaturanan tuang sapulukaneun ka kanjeng Rasul, ka para nabi, para wali, para karuhun, wireh Walia hatam ngajina. Reres nu dalahar, ondangan lolobana carcing, panasaran
ku Walia kumaha pinter-pinterna, anu geus hatam ngaji. Ngong saurang ngaluarkeun masalah: tutup nu ngomong gorolang Walia ngajawab, meupeuhan nu nyual. Tidinya mah rame silihtempas, silihsual, sawareh aya nu milu ka Walia, tapi lolobana sakitu
kepeupeuhan teh keukeuh embung taluk, padu eleh, ari hatena teu mere.
Ti waktu eta tultel beja, dina riung-riung santri kudu wae Walia kacaritakeun. Ari nu diupat terus lampahna, beuki resep nyesedek jeung meupeuhan batur, Quran teh mani gencel dipake ngarangketan batur. Lila-lila kauninga ku paguron nu penggedena di Demak, lantaran rea nu arunjukan ka anjeunna, yen Walia ngabingbangkeun hate nu keur resep ngaji. Saur alim: "Ih, jamakna nu ngora kadiran mah. Geus kapanggih paniisanana oge, moal mudal
kana sungutna. Kawas aya pibakaleunana, pialimeun gede."
Geus aya antara deui, urut guru Walia nguninga ka paguron eta, nyuhunkeun pituah, supaya urut santrina ulah katutuluyan ngagehgerkeun barudak ngora.
Saur alim: "Urang mah moal bisa ngahulag, sabab lain murid urang, anu pibisaeun ngageuing ngan indungna. Saratna si Walia kudu dicabok. Bejaan wae indungna."
Dibejaan kudu nyabok anak, indung Walia mani bibirigidigan, omongna: "Ambeuing-ambeuing, masina budak leutik eta teh. Elmuna geus sarua jeung ulama, kudu dikitu nyah ku kuring, iy,
teu kadararuga teuing.
Dina hiji sore ngahaja ki Walia milu berjamaah salat ka baturna, pokna: "Bieu papanggih jeung Allah?"
Nu ditanya geus teg, Walia rek ngaheureykeun, malik nanya rada nyereng Rek naon nanyakeun?"
Ngong deui nu sejen milu nyarita. Jol deui nu ngadeukeutan bari nanya: " Naon, naon ieu teh?"
Tuluy rame recok, nepi ka gorgarna. Tina capetangna Walia teu eleh omong sakitu pada naare togna. Nu kasedekkeun arambek, tungtungna nangtang gelut, peureup geus sungsong baruleud. Der ribut, mimitina ti tukang nyuntrungkeun nu nangtung hareupeunana, terus silih jongklokkeun.
Barang siringkil rek garelut, dibuburak ku modin jeung sarat kaum nu sejen.
Isukna Walia disaur ku Panghulu, diwurukan, tapi teu riuk-riuk, malahan wani nyental-nyental.
Ari Panghulu jelema sabar, jero panemuna, dilawan ku budak teu bendu, sasauran sareh bae: "Walia enya maneh teh pinter bisa nyarita, tapi eta ilmu maneh salah, Elmu nu bener sarta mangpaat lain paranti pasea, lain paranti nganyenyeri hate batur, lain paranti ngawiwirang. Urang geus ngadenge bejana, maneh bisa menang padu jeung kiai sababaraha urang. Naon kauntunganana pikeun maneh? Euweuh, ngan nambahan dir."
Walia: "Naon lepatna elmu abdi. Cobi tuduhkeun ku gamparan."
Panghulu: "Ulah waka nambalang. Walia, dengekeun heula omong kolot. Pangabisa maneh lain medar elmu suci lain nu dipimaksud ku Qur'an jeung hadis nu saheh. Elmu maneh mah ngan kapinteran omong, bisa malik-malikkeun carita, bisa moyok, bisa ngaweweleh, nyalah-nyalahkeun batur, tapi mana
silaing nungtunna, nuduhkeun nu bener."
Walia: "Eta mah baronganna, henteu nanya ka abdi.
Panghulu: "Enya, tapi bongan maneh gegedena, jelema di bibira, dipapanas, diraheutan. Lamun elmu maneh bener teu perlu dipadukeun, coba kamari, moal enya masiglt rek dipake pakalangan gelut. Tempat ibadah rek diparake ngumbar amarah. Elmu naon?"
Walia: "Sanes abdi nu bade garelut mah."
Panglulu: "Enya, tapi maneh nyieun lantaran. Meugeus geura piceun eta elmu ngaco teh, geura babalik pikir."
Walia: "Na da abdi gaduh elmu teh, puguh guruna, sanes kenging guru ti setan."
Panghulu: "Enya, tapi ayeuna guru maneh geus paeh. Eta nu nyasabkeun ka maneh teh. Ku sabab eta sing nyaah kana diri, sing karunya ka guru ayeuna di kuburna disiksa. Moal lesot tina siksaanana, lamun teu dijait ku maneh. Picenelmina nu salah, nu geus diragragkeun ka maneh. Maneh kudu babalik pikir, kudu tobat rosa. Waktu maneh tacan guguru ka dinya, jadi pamujian naker. Cig eura balik, ingetkeun lampahkeun pitua urang."
Walia ngadigdig balik, datang-datang nanyakeun ka indungna, enya henteuna majar guruna geus hilang.
CAG hANCA (Nyambung Ka Bagian 7)
Comment Policy: Mangga dihaturanan nulis komentar perkawis artikel dina halaman ieu. Mugia kumpulan carita pondok sunda ieu tiasa janten jalan silaturahmi kangge urang sadayana.
Buka Komentar
Tutup Komentar