Skip to main content

Ngawadalkeun Nyawa (Bagian 7) - Karya Moh. Ambri

 Cek indungna: "Enya, kamari dikurebkeunana. Naha atuh ari maneh nyaba ka mana, mani geus tilu peuting kakara puncengis ayeuna? Guru pupus teu nungkulan.

Ngawadalkeun Nyawa (Bagian 7) - Karya Moh. Ambri

Omong indungna teu diwaro, gidig deui indit rek ka astana, menta dituduhkeun kuburan guruna ka nu nyahoeun.
"Tah ieu," cek nu nuduhkeun lebah kuburan anyar, tapi bala. "Naha teu kaharti, kakara kamari, tapi geus ... masya Allah, lailahailelloh, ... eta naon tingkarayap?"
Barang nu nuduhkeun nyebut "tah ieu oge, Walia ngagebeg, teu bisa ngomong, angenna ratug tutunggulan, rarasaan surser, tingsariak teu puguh, leketey leuleus, brek cingogo, ngadoa teu laju kaburu lieur. Jung deui nangtung, tuluy balik, sieun katutuluyan nombro di dinya. Ari geus rada anggang ti astana leungit lierna, hatena banget nalangsa, neuleu kuburan guruna kakara
kaheuleutan sapeuting geus bala, pinuh ku jujukutan jeung memerangan. Dina taneuhna tingkarayap seungseureudan.
Datang ka imahna Walia bus ka pangkeng, nangkeup tuur, teu lemek teu nyarek, melenguk panon ngabaong. Ras inget kana saur Panghulu, yen salah elmu guruna teh, kapanggih totondenna dina kuburanana sakitu deuih. Nepi ka peuting ngumped wae di pangkengna, ngan diselang ku ka cai. Ditawaran dahar teu daek. Cek pamikir indungna, meureun kaleleban ku guruna, nu matak teu dikua-kieu, engke oge lipur, cenah. Sapeuting eta ki Walia teu sare sakerejep, beuteung kosong teu karasa peurih. Beurangna gawena lalangkarakan, pikirna kaweur teu puguh sagala samar. Pangangguran maca kitab, teu asup, sungut ngagorolang, tapi teu nyaho nu dibaca. Ari eureun, teu nyaho geus nepi ka lebah mana.
Heuleut sawatara poe, gilig pikirna rek tobat enyaan, nu sok disebut tobat nasuha tea. Indit ti imahna rek ngajugjug jumhurna ulama di Demak, nya eta nu mituahan indungna kudu nyabok manehna tea. Leumpangna semu lungse teu nangan urut kurang sare,
kurang dahar sababaraha poe.
Tapi tariking cilaka, jalanna ka bumi paguron teh, Walia ngaliwat ka nu keur riungan kawinan. Samemeh dirapalan, panganten lalaki ditanggap heula ngaji, disaksian ku para kiai. Geus puguh
ondangan, anu lalajo oge mangpirang-pirang, kabeh pada panasaran hayang ngadengekeun. Balandongan sesek jejel. Ki Walia kabengbat hatena. Cek pikirna: "Naon gorengna ngadengekeun anu takrir elmu, sugan wae aya pulunganeunana." Milu wae manehna campur jeung nu rea, seseleke hayang clok ti hareup, supaya teges ngadengekeun. Kabeneran pisan ari manehna srog kana bilik-cabol balandongan, ngong ki panganten maca
taud, ngamimitian. Saterusna ngagorolang, teu aya raga-rogona, teu kasima dumeh ditongton, disandingan dibandungan ku ulama, basana terang, nerangkeunana eces, matak resep nu ngadengekeun. Demi anu dipedar elmu usul.
Tunda eta, urang nyelang heula carita, nyaritakeun nu boga hajat. Di Demak taya nu bireuk ka Jasiman, tukang dagang teuing ku koret jeung cukeng, disarebutna oge jelema ngopet. Usahana jaba ti dagang, nganakkeun duit jeung pare. Saban taun katara
kakayaanana nambahan, tapi baranghakanna mepetek, barang-
pakena saumur-umur rudin jeung kalotor. Dina usum midang, saperti dina poean lebaran, deungeun-deungeun mah garinding, saboga-boga dipake, Jasiman los ka sawah ngukuy belut. Unjung-anjang ka tatangga kawas nu cadu, atuh nu sejen oge tara aya nu
lumanto ka manehna. Pamajikanana geus maot, lantaran gering
ngalanglayung. Cek nu nyarita mah geringna gegedena nyeri hate, seubeuh teuing ku carek jeung digonggorokan jeung disiksa. Ka pamajikan teh bejana alah batan ka sato, digawekeun satengah paeh, dahar pake disungkeret, jaba diucap-ucapkeun. Kungsi boga deui pamajikan meunang dua kali, tapi teu awet, euweuh nu kuat-ku adat-adatanana.
Tapi eta sakitu gorengna ka batur ka anakna mah deudeuh liwat kana naon-naon. Papakean, sipat nyamu, sipat teuas diperelukeun, mahal-mahal dibeuli. Lamun datang nyaba, boh jauh
boh deukeut nyabana, kudu bae keukeupeulan, keur ngirim anak.
Kahayangna anakna mah mahmah-mihmih kana kadaharan, resep make, hayang suka neuleu anak berag, cara anak batur. Kahayangna teu laksana, anakna teu meunang diogo, dirarah-nirih
diolo-olo, supaya daek make, weleh. Dibeberah dihegar-hegar teu lejar. Budina mesum bae, sakali-kalieun minangka seurina nyeh, imut. Ti peuting, dimana geus reres gawe, omongna mah mangngajikeun indungna. Barangpakena teu kaselapan beunang batur, baju samping karembong beunang ninun. Bapana mangmeulikeun teh euweuh nu dipake. Bangsa emas inten, kayaning panitih kongkorong, gombel, ali, geulang, tusuk-konde diampihan bae dina peti. Tamba pongpet ceuli cukup ku hulu sapu. Daharna ngan jeung lalab dicoelkeun kana sambel, tampolana ngan karo uyah, Rumingkang indit ti imah tara.
Demi sababna pang eta budak awewe kitu adatna, pageuh kana wasiat indungna. Cek indungna ngaharewos, waktu rek sahoseun: "Enok, ulah hayang dahar ngeunah, ulah hayang pake ginding beunang bapa. Sing isin ku Allah, sing era ku deungeun-deungeun sing nyaah ka ema. Tah pang ema nepi ka kieu teh, lantaran kaniaya bapa maneh. Emh, maneh teh boga bapa teu sarua jeung batur, minculak salaku-lampahna. Heug Enok, ku ema didoakeun sing salamet panjang umur, geus gede pinareng bagja."
Kacaritakeun bapana, nu asih na ka anak, kari-kari nu jadi anak kawas mu nampik pangasih, beuki nguluwut, tapi teu reureuh ihtiar, ku hayang nyukakeun anak, nya manehna lisan: "Engke dimana nepi kana milikna boga salaki, rek hajat gede, tapi minantu teh hayang nu maher ngajina."
Sanggeus boga omong kitu Jasiman menta tulung ka jelema nu logor ka mana-mana, menta dipangneangankeun piminantueun. Anu disiar teu bangga, asal nu bisa ngaji jeung walagri, ulah nu
tanpa daksa. Ngubek di sa-Demak, unggal pasantren didatangan ku utusan teh, tapi weleh teu aya nu daekeun. Lolobana cek barudak ngora nu ditawaran: "Awewena teu nyaho, ari Jasiman kaceluk jelema ngopet."
Jasiman teu pegat pangharepan, teu hasil eta, menta deui ka kolot duaan, jelema nyalantri, supaya arindit ka luareun dayeuh bekel dicukup, ditempoan saanu bulan sarta diomat-amat pisan ulah balik lengoh. Bral ieu nu duaan iang, ider-sideran, luput deui bae. Tempo geus nyerelek tereh beak duanana pada bingung, era datang, ongkos beak gede, pagawean teu ngalagu. Ras deui inget kana jangjina nu nitah, lamun hasil baris dibere sawah
lima bau sewang jeung arek diimahan deuih, beuki hanjelu. Keur baralik geus deukeut pisan ka dayeuh nyimpang ka warung, ngareureuhkeun cape, sakalian ngadagoan burit, da embung datang beurang. Geus dalahar arudud bari guntreng badami, kumaha nya piomongeun, supaya Jasiman ulah ngajenghok teuing.
Saking dumadak, keur kitu jol budak ngora, milu eureun ka warung eta. Beungeutna beresih, panonna cahyaan, ngan teuing ku kuru jeung rudin. Omongna: "Punten nun, ngiring eureun."
"Pek, tembal tukang warung. Gek manehna diuk ngajogo di panyaweran, bari nyekelan iteuk.
Ku duaan dilieuk, disangka nu baramaen. Tapi barang pok. make punten ngiring eureun, leungit sangkaanana tadi. Tuluy ditanya ku saurang: "'Ujang teh ti mana?
"Tebih nun, ti Ampel wangsul masantren," walon jajaka.
"Ayeuna rek ka mana?" cek nu nanya.
"Duka, bade saparan-paran bae," walon jajaka.
"Na ujang teh urang mana?"
"Kawit mah ti Tuban."
"Naon nu diseja pangna ngalalana.
”Teu aya, mung hayang nambahan katerang.
"Geuning bet los ka dieu?"
"Wireh aya saur guru kedah ka Demak, ku pasejaan mah ti Demak bade teras ka Cirebon,
"Saha guru Ujang teh?"
"Dawuhan anjeunna mah Nabi Hidir a.s.
"Har, kapan Ujang masantren,
"Sumuhun, nanging di pasantren teh henteu ngaji sapertos santri-santri nu sanes, kawantos simkuring mah jelema teu gaduh, parantos nunggul pinang, teu gaduh nu ngabayuan, jadi bujang santri-santri. Sadidinten repot ku nyangga titahan batur. Ari wengi, saparantos salse gawe sok ka basísir nyanghunjar dina kikisik, ningal cai laut. Dina leresan caang bulan, sok neuteup kana bulan. Kikituan teh kenging sababaraha lamina. Sakapeung sok tara terang nyaring, tara terang mondok, subuh-subuh wangsul muru ka pasantren, Dina hiji wengi bulan ngebrak caang bet aya nu sumping siga urang Arab, jolna ti laut, angkat napak kancang, semu welaseun pisan ka simkuring, pek ngawuruk ngaji ti harita nu sok ngawuruk teh anjeunna. Di pasantren oge teu ngaleungitkeun, simkuring sok diajar ti santri-santri, kitu we turas-taros sautak-saeutik, lami-lami tiasa milangan aksara, ngartos kana basa Arab, ngupingkeun ti nu ngaderes. Barang parantos seep pangabetah di dinya amitan ka dunungan, ka Guru, nya
mios, maksad teh bade ka Cirebon. Ari saur Guru kedah ka Demak duka naon maksadna, da simkuring teu naroskeun. Sajajalan tataros, da teu acan terang nagara Demak teh, nguping oge kakara saur Guru tea."
Kolot nu duaan tea saregep naker ngabandungan jajaka nyarita. Ari eureun ngomongna, geuwat ditanya: "Sabaraha lilana ti ditu nepi ka dieu?”
"Kasalapan sasih ieu," jawab jajaka.
"Ambu-ambu, kutan lila."
"Ah, da leumpang sahayuna nun, teu aya nu diburu-buru."
"Mekel sabaraha eta lalakon sakitu lilana?"
"Teu aya, kajabi ti kadaek.”
"Kadaek kumaha, Ujang?"
"Henteu tampikan, naon nu kenging diteda sareng teu aya matakna, nya diteda, aya bubuahan di leuweung, pupucukan sareng sajabi ti eta. Aya nu haat maparin tedaeun, dilakonan gawena, sapertos mangngalakeun cai, mangsasapukeun, mangngoredkeun
sareng sapapadana, sagawe-gawe simkuring nu teu aya kabisa."
"Eeuh, kitu," cek nu mawa nyarita.
"Lain kitu, Ujang, ka dieu geura sing deukeut, emang boga picaritaeun. Ka dieu sing deukeut, ieu yeuh di dieu diukna, ulah di handap. Tadi cek Ujang, anu sok ngawuruk teh Nabi Hidir,
ayeuna sok sumping keneh ka Ujang?"
Jajaka: "Nu mawi henteu, ti barang mios ti Ampel. Sayaktosna mah kuring mios teh ti ditu, ku margi seep pangabetah, nguping anjeunna, miwarang lunta ka kulon sarta anjeunna ngadawuhkeun moal nembongan deui. Nya kuring unjukan bade ka Cirebon, teu terang Cirebon teh lebah mana, ngan nguping ngaranna ti santri-santri. Dawuhanana, bral bae ka mana-mana oge ngan kudu ka Demak perelukeun, sabab bakal manggih milik. Sakitu dawuhanana."
Kolot: "Sukur, ngan emang bet panasaran, diwuruk naon ku Nabi Hidir teh?!
Comment Policy: Mangga dihaturanan nulis komentar perkawis artikel dina halaman ieu. Mugia kumpulan carita pondok sunda ieu tiasa janten jalan silaturahmi kangge urang sadayana.
Buka Komentar
Tutup Komentar