Skip to main content

Ngawadalkeun Nyawa (Bagian 5) - Carpon Moh. Ambri

 Nya di dinya waktu Ajengan nengetan sada santrina, petana teuing ku rikip, nepi ka teu aya nu nyahoeun, barudak ditalingakeun. Sakali-kalieun santri-santri sina kumpul di bale arga disuguh, maksudna sarua bae hayang manggih sada sampurna. Geus meunang sababaraha bulan Ajengan ngintip-ngintip, tapi weleh teu manggih anu sampurna.

Ngawadalkeun Nyawa (Bagian 5) - Carpon Moh. Ambri

    Beuki lila beuki nalangsa, ti antara barudak santrina teu manggih hiji-hiji acan nu kasebut alus sadana, anu kaitung aya meueusan oge langka, lolobana mah garihal, resag srekna kana

hate Ajengan, dicocogkeun jeung kalakuanana, terus.

    Dina hiji poe, bada salat lohor Ajengan ngalong dina jandela masigit, ngong manuk purkutut dina tangkal buah disada beger naker, disada wang sakukuk-wang sakukuk.

    Ajengan ngaleketey hate, welas ka santri-santri, ngucap sajeroning ati: "Ya Allah, ya Robbi, eta manuk mahluk Ajengan nu teu kapanjingan akal, dipaparin sora sampurna alusna, na ari santri abdi.

    Henteu tuluy ngomongna kaburu inget, geuwat istigfar. "Naha wet ngadidihinan," cek Ajengan, pok deui maca istigfar.

    Gawe Ajengan nu tangtu saban poe ti isuk-isuk nepi ka lohor ngawuruk santri nu jaradi badal, ti magrib nepi ka isa ngaos jeung para kiai. Bada isa, ari teu aya tatamu, mutalaah kitab kitab atawa nulis jeung salian ti eta, naon bae nurutkeun kapuruna.

    Sakapeung kapeungeun ngadon niis ka taman.

    Kaayaan santri bilanganana mah angger, tapi jelemana mah teu angger, sapanjang taun kudu bae aya santri balik tapi nu datang anyar teu suwung deuih. Unggal-unggal santri anyar didedengekeun sadana. Bet weleh Ajengan teu manggih anu diarep-arep, nu boga sora sampurna. Unggal bada salat merelukeun ngadoa, tapi doana tacan dimakbul

    Hiji mangsa bada isa Ajengan nilik putra keur ninyuh kopi nangtung deukeut meja. Katarik ku asih ka putra, hoyong nyampeurkeun, tuluy ngusapan sirah pok nanya, "Jeung naon Enok, cikopi teh?"

    Sareng kolek taleus, dibanjur santen, aya raos, geura," jawab Nyi Sarimaya bari imut ngareret ka bapa.

    Ajengan sukana taya babandingan, kayungyun ku Sarimaya, sirahna diteueulkeun kana harigu nu kenca, embun-embunanana jeung pipina diusapan. Pok ditanya,    "Enok, sok ka kuburan Ibu?"

   "Kantenan wae sering mah. Naha, Bapa?”

    "Sok ngadoa naon?"

    "Seueur, hadiah ka Ibu, mangdoakeun Bapa deuih.

   "Heeh bener, tapi Bapa mah entong dipangdoakeun."

    "Naha?”

    "Ah, teu perelu, da Bapa mah cageur. Engke deui ngadoa keur Enok sorangan, nya. Nyuhunkeun naon wae, supaya mulus rahayu."

    "Mangga."

    Ajengan indit kana paranti diuk bada dahar. Dituturkeun ku Sarimaya nanggeuy baki, dieusi cikopi dina bekong parantina mani geus herang, kolek taleus dina pinggan liong, cipati dina cangkir, piring cekong nu leutik jeung sendok gede hiji, sendok leutik hiji. Gek Ajengan, sor cikopina.

    Barang Nyi Sarimaya rek indit deui, pok deui Ajengan, "Kade poho, nya, nu tadi tea ceuk bapa.'

    "Moal, Bapa, jawab Sarimaya bari nyerengeh seuri leutik.

    Dina hiji poe Ajengan kakara gek pisan entas ti masigit netepan lohor, di buruan aya nu pacental-cental. Nu saurang sidik sora rencangna, ari nu saurang deui teu wawuh, tapi naha bet matak nyelap. Tah sada nu kitu nu diarep-arep teh dibelaan ngadoa-doa ka Gusti Allah kedal kereng semu handeueul sakitu halimpuna,

tinggeleser kana hate, sok tada teuing keur sawajarna. Ajengan ngadeg negeskeun omongna nu teu wawuh tea, tapi hanjakaleun kaburu repeh. Anu terus ngeceblek mah rencangna tea. Sanggeus repeh deui ieu, Ajengan nyaur. Srog Dirman, rencang tea, ka payuneun Ajengan sila, panonna buringas keneh, teu acan leler pisan napsuna.

    Ajengan mariksa Aya naon bieu teh?"

nu gelo

    Dirman: 'Sumuhun eta, taeun sumun duka palancongan duka nu gelo.

    Ajengan: "Dirman, jelema nu kalindih ku amarah pangucapna sing sarwa salah." 

    Dirman: "Sumuhun, nanging taeun ieu mah sumuhun, nyieun pinapsueun."

    Ajengan: "Nyieun pinapsueun kumaha?

    Dirman: "Sumuhun eta taeun, jelema culangung ujug-ujug bade kalacat bae unggah ka bumi, teu aya bema karama. Di jewang leungeunna ku abdi, dicentok ka taneuh. Wet saumur huluan ge, can aya nu wani kitu ka Ajengan, sanggem abdi. Budak teh morongos, abdi ambek deui, teras dicarekan wae, bongan." 

    Ajengan: "Lain, ditanya ku maneh, rek naon, cenah?"

    Dirman: "Sumuhun henteu, ngan sanggemna bade ngadeuheus ka Ajengan. Ku abdi digelendeng. Rek ngadeuheus mah heug sanggem abdi, ngan kudu make tatakrama. Kudu tatanya heula, komo ayeuna mah usum tuang.

    Ajengan: "Rek naon cenah, datang ka kami?"

    Dirman: "'Sumuhun, taeun sanggemna mah, bada masantren. Ditanya ku abdi, bisa henteuna ngaji, jawabna parantos ngaji mah, mung harilap deui. Ditaros deui naon nu apal, jawabna teu aya; aeh aya sumuhun, sanggemna, babacaan sapalih-paliheun, nanging parantos harilap deui hartosna. Ngaji Quran hilap deui, kana aksara hilap deui, sapinah oge hilap deui. Sagala wae sanggemna hilap deui. Sanggem abdi, entong los-los ka dieu ari sagala teu nyaho mah.”

    Ajengan: "'Sagede kumaha budakna?"

    Dirman: "Parantos bujang sumuhun, sedeng bae umur dua puluh taun mah manawi. Nanging lah eta, ku siga nu gelo keur begang teh gareuleuh, papakean rudag-radig, bleg wae nu burung sumuhun. Calagag-cologog, ngababantun iteuk kai, duka santri

weureu manawi. Sareng eta deui, sanggem abdi teh, iteukna kudu ditunda. Jawabna cara nu burung, teu kenging pisah sanggemna, siang-wengi kamamana teu kenging kantun, mondok oge kedah dikeukeupan. Ku abdi digusur sina nyingkah.."

    Ajengan: "Mana ayeuna?"

    Dirman: "Tadi mah itu di ditu sumun, caket lawang.

    Ajengan: "Cing sina ka dieu..

    Dirman sajeroning nyebut mangga bari indit teh hatena ngutruk, "Lah jelema burung pikapusingeun wungkul. Rek dikumahakeun ku Ajengan teh?

    Dirman indit, Ajengan sasauran sorangan: Karunya teuing jelema katarajang musibat, ku Dirman diambek. Kawas nu kabendon, ajian laleungit deui. Karunya!

    Jol budak teh diiring ku Dirman. Pelit di dituna mah ki Dirman teh, embung leumpang ti heula, bisi kumaha onam,

    Rek nyampeurkeun Ajengan budak teh raga-rogo, jeung tungkul mani ngeluk, kawas nu sieun kacida, sukuna katara ngageter,

    Pok Ajengan: "Jalu, naha ngeluk kabina-bina teuing.

    Budak ngajawab, sorana ngadegdeg:     "Tina sakalangkung isin ku Ajengan.

    Ajengan asa rek dipangngawihkeun, kakara mangkat, jep deui tuluy mariksa: "Naha isin ku naon?"

     Jawabna: "Rumaos abdi jelema langkung-langkung ti hina, moal aya nu pinuh ku rereged kajabi ti abdi."

    Ajengan: "Cing tanggah, kami hayang sidik kana beungeut awak.

    Budak teh nurut, tanggah sakeudeung, panonna katembong surem.

    Ajengan: "Eemh, awak keuna ku supata, katara dina panon.

    Jajaka: "Sumuhun leres pisan. "

    Ajengan: "Saha nu ngaragragkeun supata ka awak?"

    Jajaka: "Sumuhun juragan panghulu agung di Demak.

    Ajengan: "Iraha?"

    Jajaka: "Parantos aya opat lima sasih mah manawi."

    Ajengan: "Pantes, enya aya keneh harita mah. Nyaho juragan Panghulu geus pupus?"

    Jajaka: "Duka, abdi mah teu terang,

    Ajengan: "Na ku naon, nu matak nepi ka disapa?"

    Jajaka ngeluk, beurat rek ngajawab, kadeuleu deui sagala lampahna nu salah, nepi ka teu wani pok.

    Ajengan mariksa deui: "Cing nyarita, ku naon?"

    Jajaka: "Sadaya-daya tina kalepatan abdi."

    Ajengan: "Ari nu matak los ka dieu, rek ngala naon?"

    Jajaka: "Sumuhun ditimbalan ku anjeunna, kedah ngadeuheus ka Ajengan."

    Ajengan: "Euh, kitu. Saha ngaran?"

    Jajaka: "Pun Walia.

    Ajengan: "Walia, cig geura dadaharan, engke bada isa urang dagoan di masigit, nya.

   Geus kitu ajengan nyaur Dirman. Walia diajak ku Dirman ka dapur, sok dibere dahar. Cek Dirman. "Engke ari enggeus, tah wawadahan jeung piring urut maneh, kumbahan, nya. Supaya halal meunang rejeki, kudu aya gawe. Pek kainya.

  Walia teu loba omong, pokna ngan nyebut mangga.

***

III. WALIA

    Sabada netepan isa Ajengan lungsur ti masigit, Walia geus campego di golodog masigit, tuluy ngiring Ajengan ka bumina da diajak. Sabot leumpang Ajengan teu sasauran ka Walia, ngan dina manahna: "Budak ngora ... sorana ... masya Allah ... tapi jelema doraka, disapa Ajaib Pangersa Pangeran teu weleh matak

helok manusa.

    Salse tuang leueut, Walia enggeus deui di dapur, Ajengan lungsur ti bumi, diiring ku Walia, angkatna ka taman, tapi di jalan mindeng ngarandeg, ningali ka langit, sugan aya totonden nu tembong dina bentang. Tapi parengna peuting eta medem, bentang teu aya nu tembong. Tadina mah Ajengan teh hayang nyocogkeun palintangan jeung palakna,

    Di taman Ajengan nguriling balong, ngarep-ngarep meunang ilham, henteu bae. Leos deui ngajujug masigit, gek calik di emperna, ki Walia gek di golodogna. Sajeroning ngiclik-ngiclik

nuturkeun Ajengan, hatena teu repeh nanya maneh: "Aing teh rek dikumahakeun ku Ajengan?"

    Meunang sajongjongan Ajengan mindel wae, neuteup ka Walia, tapi teu teges, da poek. Geus kitu pok sasauran alon Walia, tadi naon? cek maneh, pang ka dieu teh aya nu miwarang.   Dipiwarang naon?"

    Walia ngadehem, pok ngawalon: Sumuhun dipiwarang wakca sagala kalepatan abdi ka Ajengan.

    Ajengan: "Cik naon dosa maneh teh?"

    Walia: "Lali, sakalintang ajrihna bade haturan teh.

    Ajengan: " Ih, naha maneh teu hayang diampura dosa ku Allah Ta'ala, kapan maneh percaya lain, yen Allah teh gafururrahim.''

    Walia: "Naon hartosna eta teh?"

#CAG_HANCA. (Nyambung Ka Bagian 6)

Comment Policy: Mangga dihaturanan nulis komentar perkawis artikel dina halaman ieu. Mugia kumpulan carita pondok sunda ieu tiasa janten jalan silaturahmi kangge urang sadayana.
Buka Komentar
Tutup Komentar