Ngawadalkeun Nyawa (Bagian 11) - Karya Moh. Ambri
Oray pribumi seuri: Ambu na ku naon mana diarah sajauh-jauh."
Oray semah: "Ah, lain diarah, ngan ku kula kudu dipacokna, lantaran patina."
Oray pribumi: "Euh kitu. Saha, dimana nu rek dipacok teh?"
Oray semah: "leu, di dieu, eta nu sok ngadeluk di dinya."
Oray pribumi seuri: "Percumah baraya, moal hasil maksud sampean. Anu dipacok ku urang, ku Ajengan tangtu ditulungan diubaran jeung ditawa. Bangsa kuring di dieu teu aya nu nendeng kamatihanana, tapi kabeh nu geus dipacok ditawa jeung diubaran ku Ajengan calageur deui, urutna ngan ngukur ceda tapak huntu sagede congo jarum, ku jelema mah teu katarenjoeun-katarenjoeun acan. Katurug-turug anu sok ngaradon niis ka dieu kabeh santri-santri Ajengan. Enya jelema ngarora keneh tea mah, tapi pangartina... wah, lain lawaneun memeh nyatu - cek kuring
soteh. Sageuy wae teu kararitu teh, beurang-peuting ngolah elmu, nu digugulung ngan kitab. Ingetan kuring teu aya anu pantes dinyenyeri, diarah patina ti antara santri-santri Ajengan,"
Oray semah: ''Ih, ki silah, ulah salah paham. Pangna kula jauh-jauh dipeto, tangtu aya sababna. Bener saomong andika, najan urang sakumaha matihna oge, lamun urang macok jelema niat
hianat, mindeng kajadian dipacok katulungan ku ubar jeung tawa, sarta nu hianatna teu jamuga, sok pondok
umur. Demi kula kapan lain rek macok niat sorangan, aya nu miwarang Jeungna deui anu rek diarah patina teh jelema doraka, gede dosana, ngaranna Walia urang Demak."
Oray pribumi: "Pangdenge kuring, dosa mah leburna ku tobat, lain ku paeh. Paeh mah teu matak ngaleungitkeun dosa."
Oray semah: "Engke atuh, kula carita teh acan tutup. Supaya silah ngarti, ulah nyalahkeun ka kula jeung ulah boga rasa
dicacampah, pedah teu kaselir geura heug reungeukeun. Di dieu teh aya santri anyar, ngarana Walia, asal urang Demak Manehna doraka, ngawiwirang alim gede muridna Nabi Hidir. Elmuna
ngadak-ngadak leungit, tapi ku banget tobatna reujeung dipangnobatankeun ku nu sejen dosana dihampura bejana bakal kawin meunangkeun istri sajati, tapi suka bungahna papanganten ngan
sakeudeung, dina kadalapan poena ti waktu kawin kudu paeh, dipacok ku kula, ngan bakal ninggalan anak lalaki engkena jadi alim gede tur kamashur ka mana-mendi. Tapi walahualam, da teu
aya nu terang cenah, kumaha di lohmahpudna mah. Sabot ngadago dago dawuh kula rek cicing di dieu nyumput, da tempatna geus nyaho, jelemana geus nyaho kamari, di dinya tuh keur diuk bari peureum."
Oray pribumi: "Duka ari kitu mah. Panyana kuring tadina rek wawanian, ka dieu karep sorangan.
Oray semah: "Wah, keur nanahaon teuing, niat mah di lembur sorangan oge teu kurang jelema pacokeun."
Oray pribumi: "Geus sabaraha poe di dieu?"
Oray semah: "Teu acan lila, peuting kamari kula datang teh."
Oray pribumi: "Hayu atuh urang ka nu singkur, bisi tukang kebon kaburu ka dieu."
Sabot ngadangukeun Ajengan teu weleh heran, manahna ratug, aya atoh, aya reuwas. Bingah Anjeunna mukasapah cara anu boga aji dipa, reuwasna ngadangukeun cacaturna oray semah, Barang bijil tina panyumputan, kersana muru oray, sampeanana titajong bis bae geubis. Oray ngadenge nu ngagudubug, ngarenjag rareuwaseun, serepet-serepet ngaleor dina jukut, terus meuntas jalan. Ajengan kakara dua tilu langkah, oray mah duanana geus
sup ka balong, teuleum ka jero cai."
Poe eta Ajengan ngawurukna teu pati jongjon. Ari ret ka Walia, ras kana omong oray, ras emut kana impian Walia tea.
Peutingna bada isa, entas netepan henteu tuang, gek calik deukeut lesnar parantina nyerat, nyandak kitab tasawup, blak dibuka, diaos meunang sapasal, tuluy dilingkupkeun deui. Kop nyandak kitab elmu pirasat karangan Imam Sape'i. Deker diaos, reup peureum, nu dicipta Walia, dek dicocogkeun jeung nu
kaunggel dina kitab.
"Nurutkeun pirasat, nurutkeun sadana, jelema sampurna eta teh, tapi ieu .... Ah, sugan lain ieu pijodoeun si Enok mah. Tapi naha aing mana beurat-beurat teuing ka manehna teh? Cik hayang
nyaho, kumaha cek palinlangan."
Kitabna dicandak, dek diitung.
"Cek itungan, jelema bagja, gede elmu, katurut ku nu lian, tapi aya balaina, kadangkala manggih pati, panjang-pondokna umurna aya dina leungeun pamajikanana. Teu kaharti.
Ajengan peureum ngadoa ka Nu Mahasuci, nyuhunkeun pituduh. Tuluy anjeunna lungsur ka buruan, ningali ka langit. Tapi bentang teu aya nu tembong. Cat deui ka bumi, gek calik ngahuleng lila pisan.
Nyaur salebeting galih: "Lamun si Walia henteu dikawinkeun, aing dosa, megatan bagjana, meureun saumur-umurna lolong jeung torek atina. Lamun kudu dikawinkeun, ka saha? Neangan
budak awewe nu daekeun jeung dibikeun ku kolotna ka nu kitu sareatna, ka mana? Upama dikawinkeun ka .... Aduh, deudeuh teuing, anak aing ngan hiji-hijina, kudu diwadalkeun. Ya Allah,
ya Robbi, ya "Alimu ya Hakimu, abdi nyuhunkeun pituduh."
Anteng Ajengan manteng manahna ka Nu Mahasuci, nepi ka les ngalenyap teu karaos, gok tepang jeung istrina, raraosanana teu asa ngimpen. Guntreng nyarioskeun perkara nikahkeun putrana ka Walia. Dina nungtungkeun saur geureuhana: "Lah, kakang pur wae, entong sumelang, kapan urang percaya ka Pangeran.
Bari sasauran kitu geureuhana nepak kana teku Ajengan, nepi ka Ajengan nyah beunta, Sihoreng nu nepak teh putrana.
Pa, Pa, geura tuang, ieu parantos wengi.
"Subhanalloh, wayah kumaha ieu teh?!
Sarimaya: "Tengah wengi panginten, abdi ge reuwas, ngalenyap panginten, keur gegelehean, teu terang kerelesna."
Ajengan: "Heueuh, Bapa oge ngeleyep tayohna.
Sarimaya: "Reuwas lilir teh, hancengan ngabagug keneh, Bapa acan tuang. Sareng ngimpi bieu teh tepang sareng ibu."
Ajengan: "Ulah nyaritakeun impian lain wayah, pamali. Isukan ti beurang, kudu geus liwat lahor Geus peuting teuing Enok, dahar mah, pangnyiciankeun cikopi bae. Aya keneh cipanas?"
Geus ngaleueut cikopi mah Ajengan cenghar deuinepi ka subuh teu kulem. Ari Nyi Sarimaya geus nyodorkeun bekong cikopi, belum kopi tuluy ka enggonna, reup sare tibra.
Meunang dua - tilu poe mah putusan geureuhana dina impenan ku Ajengan digayem dibeuweung diutahkeun, tungtungna ah, kari kumaha jinisna.
Sanggeus gilig manahna, dina waktu anu salse, Sarimaya disaur dipariksa: Ngimpi naon Enok, kamari ieu teh?
Sarimaya: ngimpi tepang sareng Ibu. Di dituna teh Ibu sumping, ngagalentor, nyiuman ka abdi, ngusapan kana sirah. Tuh ari dicaritakeun teh mani karasa keneh pananganana. Ari bade mulih ka abdi mapanin lelepen, panonna mirah dalima, teuing ku sae, saurna "Heh, ieu keur Enok Didoakeun ku Ibu, sing salamet. Ari abdi ngudag, bade nuturkeun, aya nu megatan, lalaki hideung jangkung gede, teu terang ti mana jolna, ujug-ujug jleg ngajega hareupeun. Atuh abdi reuwas, mani keketegan, teras lilir. Tah, basa nyampeurkeun, ngagugahkeun Bapa, ratug keneh."
Ajengan Ilapat eta Enok, impian teh, kawas aya pibalukareunana."
Sarimaya: ""Duka atuh panginten, Naon tabirna, Bapa?"
Ajengan: "Keun tabirna ku Bapa urang ilikan dina kitabna. Tapi bapa teh boga picaritaeun jeung aya nu rek ditanyakeun.
Sarimaya: "Bade mariksakeun naon?"
Ajengan: "Kieu geura. Biasana anak brukbrak, nyaritakeun nu dikandung dina hatena ka indung. Ari maneh geus teu boga indung, sipatna indung teh nya Bapa, turug-turug bareto Bapa geus
sumpah sorangan ka si Jenat, yen Bapa teh sabisa-bisa ngurus maneh nepi ka gede, kumaha wae indung ka anak. Jadi Enok, ka Bapa teh kudu ngangken bapa jeung nganggap indung. Ti Bareto nepi ka ayeuna bapa tacan ngadenge Enok carita.
Sarimaya: "Naon atuh, da teu gaduh carioskeuneun. Apan aya nanaon mah sok unjukan ka Bapa.
Ajengan: "Hih, lain nu kitu. Eta wae bareto mah geuning ari jeung ibu, weu, mani uplek naker."
Sarimaya: "Eta da Bapa tara salse, siang-wengi ngaos bae sareng mayunan tatamu.
Ajengan: "Enya, nu jadi bapa mah hese, teu cara indung gampang dalitna jeung anak. Sasauranana lain ka putra, tapi cara nu humandeuar, sasauran nyalira. Pok deui ka putra: "Cing atuh
jawab bae nu saenyana, Bapa hayang nyaho."
Sarimaya: "Bade mariksakeun naon?"
Ajengan: "Taeun Enok, da maneh teh geus gede, moal enya hirup rek sosoranganan bae, hina. Jeungna deui bapa geus kolot hayang nyeueung maneh geus kurenan samemeh dimangsa teh. Kumaha geus aya niat?"
Siak teh beungeut Sarimaya beureum, napasna kenceng, kaciri dina renghapna. Ajengan ngabalieur api-api nu balangah. Sarimaya tungkul, curukna teu cicing disurudut-surudut nuturkeun kembang-kembang alketip deukeut tuurna. Henteu buru ngajawab, kawasna isin, asa kabetak, pedah neundeun hate ka lalaki.
padahal dibuni-buni pisan, dina sanubari oge di ditu di pojok nu pangjerona. Jaba ti isin, susah pipokeun, teu manggih kecapna. Ari dipariksa ku rama pisan, nu matak rada ngejenghok, beureum
beungeut. Padahal Ajengan mariksana malapah gedang jeung samemehna miwarang nyeleser heula ka babuna.
Waktu ditanya ku babuna mah, ngajawabna teu mikir deui, pok wae, majar teh saha nu sudieun ka kuring, awewe euweuh kanyaho, euweuh kabisa, sakieu sareatna, euweuh siruaneunana.
Ana ditembal ku babu bari dicomot pipina: "Ambeuing-ambeuing, ieuh sakieu matak uruyna. Lalaki siga nanahaon teu kabita ku asuhan bibi."
"Wah, bibi mah," cek Sarimaya bari ngajembel, "dipuji soteh ku bibi bae, da kanyaahna.
Aeh-aeh, ituh, na tara ngeunteung?" omong babu.
"Ah, bibi, boga salaki oge ari ka nu teu cocog mah cumah.
"Tah, ari neangan nu cocog mah, moal wadat nu geulis teh."
"Ah, duka ketah," cek Sarimaya bari ngaleos.
Kitu ari jeung pada awewe mah. Ari dipariksa ku rama ngabetem, Sabot ngantosan jawab, Ajengan nyandak kitab tabir impian, blak dibuka lebah pasal ali. Soca ningali kitab, pok mariksa deui ka putra: "Kumaha Enok?"
Sarimaya: "Duka." Ngomongna bari uman-imen, umat-imut ngareret ku juru panon.
Ajengan imut kayungyun: "Lain duka- duka kitu. Geura ieuh impian teh hartina bakal meunang lalaki, cek kitab mah Boga anak moal waka, jadi meureun pisalakieun."
Sarimaya: "Ah, duka, kumaha Bapa wae Jung nangtung berebet, tuluy ngabigrig ka dapur, bareureum semu nu era pacampur jeung bungah.
#CAG_HANCA.