Ngawadalkeun Nyawa (Bagian 4) - Karya Moh. Ambri
Ti antara santri-santri nu araya di dinya, nu sok ngadon ngaji ka dinya teu aya nu kapilih. Nu datang ti piluaran bangsa santana, putra kiai, lapur teu aya nu kapilih. Lamun ditanya jinisna, jawabna pondok, can niat boga salaki. Ku bapana dikajeunkeun bae tara digetrik-getrik.
Sakali mangsa ajengan Datawardaya nyuratan ka sobatna ajengan deui di Demak. Nyuratanana dianggit ku basa Arab, sabab cek rasana utama ku basa Arab susuratan jeung bangsa alim mah. Eusina surat nyaritakeun boga kebon rupa-rupa tatangkalanana, buahna asak teu bareng. Lamun aya buahna nu ragrag asak, diwadahan, dibakian, diserenkeun ka nu suka ngarawatan.
Lamun dipareng ku Allah ta'ala meunang buah koldi nu mulus luar jerona, rek dibikeun ka Sarimaya. Panedana muga-muga tinekanan basana.
Teu hese ngabujanggaan, eusina surat kamaphum ku nu nampa. Helang diwalonan ringkes pisan, unina: "Asa piraku dipasantren kang rayi teu aya nu maher ngajina."
Datawardaya nyuratan deui, nerangkeun, yen rea nu ngaji ngala
pangaji, lir paraji malar saji, lain seja nyusul tepus, meakeun kapanasaran.
Mungguhing elmu teh kapan---cek dina suratna---ibarat cai walungan, tapi teu kabeh walungan caina ti sawargadi, maksudna henteu kabeh anu ngaji jeung ibadah karana Allah.
Aya jalma resep ngulik ngarah pamuji; ngungkulan kanyaho batur pambrihna diugung dihormat-hormat. Sawareh deui ngaji agama keur modal ngalegig. Dina riung-riung der ngagorah, ngaguar elmu atawa ngahaja salangkrang-solongkrong nganjang dagang carita, ari rek balik samemeh sasalaman, pokna: "Cing ah, emang kumaha ieuh, teu boga bako sakeprul-keprul acan. Malahan aya nu leuwih ti menta keur meuli bako, hayang pisalin basana mah sugan aya lungsuran nu geus teu kaanggo. Lamun rek nyaba, nyiar pisangueun ku jalan kitu. Eta mah teu beda jeung nu ngamen nyarayuda, da tara aya nu nanggap, atawa sarua jeung nu baramaen dagang doa ngasrog.
Aya deui jalma anu resep ngaji, kajurung ku hawa napsu agul ku kapinteran sorangan, nangarkeun maneh, yen dirina unggul ti batur, kanyahona lain bantrak-bantrakeun. Kasukana lain dumeh nyaho ginanjar rahmat Pangeran, parek ka Robbulalamin, tapi ku jero pamanggihna sorangan, bisa nyawad, bisa nyempad, bisa nyacampah elmu nu lian, hadis dalil jadi bahan gogonjakan, Nimat lain dikieuna, mun kapareng keuna ngalilieur batur ku bulat-beulit carita, baliwet cek nu sawajarna. Taya karisi kainggis
nerangkeun Quran jeung hadis nurutkeun paham manehna nu
mawa sasar.
Aya deui nu resep ngajujut elmu niat mihapekeun peujit, sakalian nganteur napsu, ngeleyeng ka mana-mana, majarkeun nyebarkeun elmu, puguh ngilik-ngilik geusan eunteup, ngarah senang ngamangandeuh, tambah sukur lamun dipulung minantu. Engke lamun engeus bosen, enggeus beak pangabetah, mitoha geus kurang dana, pamajikan geus teu nyari, leos deui incah ka nu rada anggang, inditna ninggalkeun talak. Tapakna teu aya, jaba ti randa balatak, malah make aya anakna sawareh mah.
Aya deui bangsa nu bieu keneh, tapi ieu mah make implik-implikna ku haleuang, jaba ti bisa ngaji teh ngeunah sora, apal kana lalaguan, lakuna cara nu tadi, elmu jeung lagu dipake ngagendam.
Eta nu disebutan bieu, sanajan enya goreng matak cerong kana dirina, upama dibandingkeun jeung ieu mah nu rek dicaritakeun, henteu nepi dursilana.
Aya jalma soson-soson ngaji, supaya jadi kiai, ngarah tumaninah ngarinah, agama dipake ngagelo, Ngagurukeun elmu ngirut santri keur parab hawa napsuna, teu ngurus lagas rimbitan.
Elmuna hak hakan, sagala beuki. Ieu mah murkana mamawa ka batur, sabab jaba ti ngarurujit dirina pribadi teh, ngarurujit batur deuih. Cek angkeuhanana, meureun aing mah lir upama lautan moal kotor karagragan najis sakeprul, padahal Allah ta'ala
langkung waspaos moal kabireukan ku manusa salah tekadna.
Demi nu disiar ku Datawardaya hayang nu alus mulus luar jero. Sabab urut sudagar tea, lampar panyabaan, loba pamanggihna loba dedengeanana, gede luangna, jadi loba nu dipikir, tungtungna bingung, susah sieun kasalahan milih
Surat sakitu panjangna diwalonan ku sobatna ringkes pisan, pokna: "Lamun cek nu neangan, kuring geus manggih, kang rayi kudu percaya.
Boro tadina mah hayang meunang bongbolongan, nu matak nyuratan panjang-panjang teh, ari ieu bet matak nambahan poek. Hantem eta walonan teh dipikiran dibulak-balik, meunang sababaraha poe, lila-lila serengeh seuri sorangan, boga rasa disindiran ku sobatna.
"Astagfirullah-aladim," cek Datawardaya, "dosa aing salah tarima ka silah, kudu ngenta dihampura."
Teu ngengkekeun deui, harita keneh getret nulis, nyieun surat nganuhunkeun sarta ngenta dihampura ka sobatna. Beres nyieun surat nyalukan bujangna nu sasari sok dititah iang ka Demak. Sok
suratna anteurkeuneun, sok bekelna. Teu kudu loba papatah, da jelema geus hideng.
Saban-saban inget kana pituduh sobatna. Datawardaya sok emut muji kaluhungan budi sobatna.
"Heemh", cek pikirna dina hiji peuting, bada mutalaah kitab tapsir lebah surat "Yasin", "kacida benerna ki silah. Jelama nu diteangan teh, nu cocog jeung lelembutan aing, tangtu anu kurup
kana ukuran aing. Nu dipake ukuran nya tangtu paham aing, angkeuhan aing. Lamun aing manggih anu bobotna matang jeung timbangan aing nya kudu ngandel, yen aing geus manggih anu
disiar. Dedegna rupa, adat watekna, panemuna, pangabisana, karesepna jelema anu matak panuju hate aing, tacan mungguhan panuju hate batur.
Anu disebut alus ku aing, ku batur mah biheung teuing di poyok. Ari nu disiar ku aing lain keur aing pribadi, tapi keur anak nya keur batur keneh wae, da anak misah badan misah nyawa jeung aing, karesepna tangtu beda jeung sing, mangkaning si Enok awewe deuih. Tapi da ning kacida raketna hate ka Enok
muga-muga pamilihna sapagados jeung pamilih aing lebah aya pasaliana sautak-saetik mah jamak, keun aing rek ngelehan maneh. Tah, ayeuna nu hese teh, kumaha nyiarna.
Nepi ka janari teu daekeun sare, nyilek bae sorangan, mikiran kumaha nangenan jelema sampurna. Mimitina nilik parangi pasemon nu kitu-kitu cenah, nu hade teh. Panjang perkara parangi oge, tapi tungtungna dipaduan deui ku sorangan. Nilik pasemon mah loba mencogna cenah, sabab loba nu bisa nyieun semu sakarepna. Jadi lamun hayang nyaho pasemonna nu sacerewelena kudu ngintip keur nyorangan, hese ngalampahkeunana.
Ganti ku nalingakeun ucap jeung lampah. Ah, itu oge hese nangenan anu terus jeung hatena nu boga ucap jeung lampah. Dan biwir teu diwengku, letah teu tulangan, beunang dipake kumaha
karep nu ngomong. Loba anu omongna amis alah batan madu, tapi saenyana baruang sukma. Ngabandungan ucap anu estu metu tina hate, nurutkeun sakumaha kaayaan hate, hese deui bae.
Saperkara kudu aya tempona, kudu di mana pitempateunana bisa
nalingakeun. Nilik lampah batur, anu estu lain lampah pupulasan, hese deui bae, sarua jeung nu dicaritakeun dina nilik ucap.
Ku parangi ucap jeung lampah nu nalingakeun gampang kapalinganana, kapan aya basa ngabudi ucing, nyolong bade jeung jaba ti eta, nu netelakeun panyangka nu nalingakeun nyalahan.
Aya deui nu beunang dipake nengetan jelema teh, panonna. Cek sawareh panon teh beunang diupamakeun kana eunteung batinna manusia. Kaayaan jelema tembong dina cahaya panon. Tapi ku ajengan Datawardaya mah panon teh diupamakeun jandela. Nyawa dikerem dina kurungan bisa tembong ka luar tina panonna, kanyahoan ku nu sejen, nya kitu manehna bisa nyaho, ka
nu lian, lantaran manon ka sakuriling bungkingna. Ngan hanjakal jandela teh tara salawasna muka, jeung sanajan muka oge, aya tempona teu beunang ditempo, da sok dibawa tungkul. Aya deui nu nambahan hese ka nu nilik, jandela make reregan, nya eta biwir panon mindingan ka nu negeskeun. Jadi negeskeun kana panon oge ku ajengan dipaduan ku sorangan, putusanana moal
dienya-enya, sabab teu beunang dipetakeun salawasna.
Cop deui ka nu sejen-sejenna, terus kabeh dipadukeun sajeroning hate. Tungtungna cara nu enggeus-enggeus bae.
Panungtungan cop kana sowara.
Goong anu sampurna buatanana sorana sampurna agem. Waja tulen sorana ngentreng limit. Jelema sampurna oge sorana kudu Sampurna, limit beresih, halimpu ninggang wirahma. Dialonkeun halon kadengena, ngagalindeng, dibedaskeun lir seungit
nyambuang, nyerep sumarambah kana balung kana sumsum, ku bawaning ngeunah. Tah ieu mah enteng nengetanana.
Jelema kalumbrahan ibarat talawengkar, demi anu sampurna
ibarat gentong. Talawengkar sorana heupeu, eusina moal sapira mun enya tea mah beunang dieusian, anu puguh pinuh ku kokotor, da tara aya talawengkar dimulyakeun, paling mujur
gawena dipake ganjel. Kumaha gentong mah eusina loba, keur nginum jeung beberesih, jadi matak hurip, matak jaga
cindekna matak waluya.
Gentong nu henteu peupeus, henteu rengat, sorana ngentrong. tapi bisa jadi kohok atawa miis, sanajan sorana alus. Gampang ngilikanana, bisi aya cacadna, da gentong mah beunang ditangtang-tengteng, beunang dicoba dieusian cai. Kumaha jelama mah moal beunang dicoba cara gentong.
Jaba ti kitu deui sora jelema warna-warna, aya nu ngengkreng aya nu ngoncrang, aya nu getem, aya nu ngagoronggong jeung sajaba ti eta, turug-turug jelema mah bisa ngarobah-robah sorana jadi beuki hese nangenan sorana nu estu. Tapi henteu, lamun urang tenget kana sada, sabab sada mah sorana anu kapath tulen anuna.
Sanggeus gilig hatena rek mageuhan eta, Datawardaya nga lenyap, ngeunah sarena. Hudang subuh ngarasa seger, hatena bungangang, rasana geus boga cecekelan sorangan, euweuh akalna nu leuwih alus, pikeun nalingakeun budi jelema salian ti ditengetan sadana.
Demi waktuna ngawuruk di pasantren eta dua kali dina sapoè, isuk-isuk nepi ka lohor jeung ti asar nepi ka magrib. Ari
nepi ka asar santri-santri nganggur, diantep sakarepna. Watu wanci teh sedeng papanasna dina mangsa halodo mah, barudak rupa-rupa polahna niis; aya nu caricing bae di emper masigit entas salat teh, tingrariung jeung baturna ngawaradul, ngadongeng, sawareh mah lalangkarakan bari pupujian dikawihkeun; aya nu los ka taman ngadon niis handapeun kai. Da barudak masing santri oge, nya angger wae barudak, heureuy ngomong, cekcok seuseurian sarepna.
#CAG_HANCA (Nyambung Ka Bagian 5).