Ngawadalkeun Nyawa (Bagian 8) - Karya Moh.Ambri
Jajaka: "Rupi-rupi bae. Ngawitan terang patihah oge diwuruk ku anjeunna."
Anu duaan piligenti nanya ka jajaka rupa-rupa perkara tina agama, dijawabna parondok, tapi tetela, teu matak samar nu nanya. Jadi teu karasa poe nyerelek, bawaning betah nu tiluan guntreng elmu. Jajaka suka ati, nyaritana ngagalantang. rasana saumurna kakara dijelamakeun ku nu sejen. Kolot nu duaan bungah asa nimu manggih, sarta rumasa pamanggih maranehna katitih ku budak ngora anu sakitu butinna. Bada magrib dicaritaan pikabungaheun, lamun manehna daek nurut ka nu duaan. Gancangna carita puruneun, geus dibere dadaharan, ngopi di warung, jung dibawa ka dayeuh ka imah Jasiman. Derekdek dicaritakeun ku duaan lalampahanana nepi ka papanggihna jeung eta budak ngora. Pamujina ka dinya henteu ngaleuwihan ti misti, tapi Jasiman marahmay budina, nyerengeh seuri, nandakeun panuju. Piminantueun diaku, nyebut Ujang, ngabasakeun bapa, teu tumarumpang.
Kajurung ku atoh, asa karagragan bentang ti langit. Jasiman isukna tuluy bae ngala tatangga-tatanggana menta pirempug menta tulung, hayang dipangmangkukeun hajat. Beres badami. tuluy sasadiaan baris hajat gede. Sarerea oge pada terang, Jasiman
teh beunghar, atuh bahan keur hajat sagala gampang. Anu mangku karia ngemplong hatena, naon nu perlu disiar, siar, naon nu perlu dibeuli, beuli: perkara waragad teu kudu dipikir, sapokna ku Jasiman diturut. Da pek bae, omongna oge, asal hajat utama ulah aya kakurangan, nu digarawe sarugema, milu weureu seubeuh. Nepi ka waktuna prung. Ondanganana ratusan.
Samemeh dirapalan, panganten lalaki baris ditanggap takrir heula Nya ki Walia milu lalajo tea, Anu takrir terus, nu ngadarengekeun loba nu tingarunggut bawaning panuju, au tingharewos muji teu kurang. Boh kolot boh nu ngora loba anu kataji. Ras aringeteun ka Walia, tuluy ngupat moyok ka manehna. Anu
matak panas pisan cek nu ngomong hareupeun manehna, teu nyahoeun nu diupat aya di tukangeunana, pokn: " Tah, ieu mah enya alim percaya muridna Nabi Hidir teh, peurcaya nyangking elmu laduni teh, moal eces kitu nerangkeunana nu teu nyangking elmu eta mah. Naon si Walia mah, tukang ngaco. Upama dibanding jeung ieu, si Walia mah, tai kukuna, lain kalangkang
kalangkangna acan.
Ngadenge nu ngupat kitu, ki Walia ngentab panas asa direrab, ceuli asa disebit. Repeh nu takrir, surudug ka hareup, ngong carita. Sakur nu geus diterangkeun tadi ku panganten, dijujut deui sarupa-sarupa. Anu tadi disebut bodas, cek manehna hideung. anu tadi bener, cek manehna salah. Tuluyna nangtang ka panganten, omongna: "Cing pek bantah, lamun kuring nu salah."
Kabeh pada kaget, bengong, hareugeueun. Barang Panghulu
rek sasauran, da anjeunna aya di dinya, garowok manten Jasiman awong-awongan, majarkeun teh dikarinah, ditipu. Panganten lalaki digusur ka imah, papakeanana, dirangsadan, kudu
disalin deui harita ku papakean asal, terus ditundung teu meunang aya di dinya. Atuh jelama guyur, ondangan loba nu medal sila kaisinan ku nu boga hajat, ngawakwak.
Panghulu tangginas, newak ki Walia rek ngaleos, saurna: "Walia, maneh ninggang kana meujeuhna meunang bebendon ti Allah ta'ala. Dosa maneh geus leuwih ti ukuran. Kanyaho maneh
bakal leungit. Maneh geus ngahina jalma mulya di kariungan, ngagujrudkeun jelema mangratus-ratus, hajatna Jasiman ku maneh sasatna diidek, lebur. Buru-buru maneh menta dihampura ka itu, anu diwiwirang ku maneh, anu dipegatkeun milikna ku
maneh, ayeuna kudu digantian, bawa ka imah maneh, kawinkeun ka dulur maneh. Papakeanana pake kumaneh, iteukna bawa, tuluy maneh indit ti Demak, ngalalana, malahmandar jadi kaentengan kana dosa maneh. Pilantaraneun maneh waluya deui sarta jadi jelema bageur kudu indit ka Japara, teangan kiai asal sudagar. Jig geura indit, lampahkeun saomong urang.
Sakur nu ngadenge pada kaget, heran ku saur Panghulu. Geus kitu anjeunna malik ka nu boga hajat: "Jasiman, lebar itu beunang sasadiaan sakieu poharana, lamun hajat andika dibatalkeun.
Kula geus ngadenge beja, anu hayangeun ka anak andika teh anak tukang kai, henteu beunghar, tapi budak bageur jeung daek digawe. Masing teu dibere-bere oge, anak andika moal kabalangsak. Pek tarik wae ayeuna, moal burung daekeun. Pijodoeun anak andika eta teh."
Jasiman nurut kana saur Panghulu, anak tukang kai tea harita diala jeung kolotna, terus dikawinkeun poe eta keneh. Nya henteu mubadir beunang sasadiaan teh.
Demi ki Walia sanggeus tutup ngomongna, ngeyehkeun pedaran pipanganteneun tea, neuleu gujrudna jelema, ngarasa boga dosa turug-turug pok pisan Panghulu kitu sasauranana. Kaduhung sagede gunung, deudeuleuan paroroek. Indit tina kariungan asa nincak asa henteu. Geus di luar luak-lieuk, neangan anu ditundung, nananyakeun, sugan aya nu manggihan ka mana losna. Ari kapanggih geus anggang ti lebah nu kariaan, gawena keur diuk dina batu di sisi jalan di nu iuh handapeun kai. Geuwat diburu, song sasalaman. Walia arapap-eureupeup ngomongna
menta dihampura.
Jajaka ngawalon bari imut: "Saleresna mah Adi, kakang lain kudu ngahampura, kudu nganuhunkeun. Mun teu kaburu ku Adi, kakang boa katutuluyan megah. Hampura pisan kakang mah, sarta sabalikna kakang kudu dihampura deuih, bet kakara nganuhunkeun ayeuna.
Walia: "Rumaos pisan, megatkeun bagja Kakang sareng ngawiwirang.
Jajaka: "Ah, perkara kawin teu tulus mah, teu kudu jadi pikir Adi, lain jodona. Teu rumasa kakang diwiwirang, puguh kakang tambah penemu ti Adi, horeng aya elmu kitu."
Walia: "Mangga urang ka rorompok, kuring seja nungtut ngalebur dosa.
Duaan arindit, leumpangna ngarendeng, tapi Walia tungkul bae
jeung teu lemek teu nyarek, era. Lamun manehna diambek mah barang gok, bungah hatena, ngeunah ngenta dihampura teh.
Barang nepi ka imahna, Walia ngagero ka indungna bari ceurik: "Aduh Ema, cilaka, kuring kasiku ku Nu Agung. Ieu kanyaho kuring leungit, sagala poho deui. Ya Allah, tobat Pangeran."
Ambu Karliah reuwaseun, nanya gugup: "Ku naon ieu teh?" Walia tacan ngajawab, kaburu jol Panghulu, saurna: "Karliah. 2), ulah kaget, anak andika si Walia nyieun codeka gede lain dikieuna,
-------------
2) Katelah ku anak, jadi anak dipake ku indung.
--------------
ngahina jelema anu geus luhung elmuna Tah jelemana, geura aku, piminantueun eta teh. Kawinkeun ka si Karliah, sabab
jodona. Si Walia kudu make papakean itu, anu geus dihina ku manehna, jeung iteukna kudu dibabawa teu meunang pisah beurang-peuting sarta ingkah ti dieu, sugan wae tereh lebur dosana. Engke dimana iteukna sirungan, manehna salamet."
Ambu Karliah: "Lailahailello, Juragan, na ku naon pun anak teh?"
Panghulu: "Sasar ngajina, andika oge milu salah, Walia kudu nanggung siksaanana."
Ambu Karliah ceurik, deudeuleuan sajeroning atina lawang ka sawarega nutup deui, nu ngemplong jalan ka naraka.
Panghulu: "Supaya jadi kantengan ka si Walia, geura kawinkeun itu ka si Karliah."
Ambu Karliah ngawalon bari ceurik: "Lah, na kumaha Juragan, jelema rudag-radig kitu, manyang-munyung teu puguh usul-asalna
Panghulu: ""Hih, jodona si Karliah kudu ka dinya. Lamun teu rek ngagugu, mangsa bodo, ngan anak andika si Walia moal kajait deui.
Eleh deet, da nyaah ka anak, Karliah dikawinkeun, panganten lalaki dipisalin. Papakean urutna jeung iteukna dicokot ku Walia leos indit, teu bebeja deui ka sasala oge. Indit teu puguh anu rek
dijugjug, saha, ka mana. Ngerik prihatin ceurik sajeroning ati. Ajian musnah, teu timu sapotong-potong acan jeung teu kaharti mikiran, naha Panghulu bet siga nu nyaah ka jelema anyar pinanggih, siga nu dagdag-degdeg nguruskeun. Tuluy nu nibankeun supata ka manehna nya anjeunna tapi anjeunna keneh nuduhan pijalaneun kana salamet Walia beuki baluweng, niat indit ka Japara, bet indit leuleuweungan anjog ka Juana. Atuh balik deui, sajajalan ti barang indit ti imahna sangsara teu aya nu ngaharu-
haru. Lila-lila nepi ka Japara: pasantren Ajengan Datasaraya kapanggih.
Samemeh nepi ka dinya manehna kalempihan di teungah leuweung, reup sare, ngimpi papanggih jeung Panghulu Demak panganggona sing sarwa bodas cara mayit. Dina Impianana Panghulu teh sasauran: ""Walia, maneh tereh salamet, meunang sapaat ti Nabiyullah Hidir. Engke dimana amprok jeung kiai
Datawardaya, kudu nyarita, wakcakeun dosa maneh, tuluy neda sih piwelasna, supaya maneh dirawatan. Engke maneh dipikawelas ku kiai, tobatan sagala. Doana kiai bakal dikabul ku nu Kawasa. Maneh manggih jodo di dinya, tina kahadeanana kiai. Dina kadalapan poena sanggeus kawin, maneh hudang isuk-isuk lilir bareng jeung datangna deui kanyaho maneh. Saniskara nu
geus diaji inget deui, tapi nu hadena, nu benerna, nu gorengta nu mawa sasar mah, terus leungitna tina ati maneh. Iteuk maneh sirungan sarta kembangan, kembangan seungit matak seger anu
ngambeu. Kiai bungaheun teu kira-kira ngan maneh bakal panjang umur atawa henteu, urang teu nyaho. Eta baris kajadianna engke dimana umur maneh nincak kana salikur."
Ari lilir bet geus caang, manuk-manuk geus recet disarada. Peuting eta Walia tibra sarena, beda ti sasari. Awak lesu jeung nyareri, beuteung panas teu pati karasa, da bungah meunang impian alus. Ka Japara hayang geura nepi, ka Ajengan hayang geura gok.
#CAG_HANCA.