Skip to main content

Ngawadalkeun Nyawa (Bagian 9) - Karya Moh.Ambri

 IV. SANTRI ANYAR

    Sanggeus tamat nyaritana Walia naros ka Ajengan: "Kedah kumaha abdi teh?"

    Ajengan: ""Teu kumaha, jeung nu diteangan geus amprok."

   Walia: "Sumuhun, sadaya-daya abdi nyanggakeun diri sakujur."

    Ajengan: "Sabaraha taun umur?"

Ngawadalkeun Nyawa (Bagian 9) - Karya Moh.Ambri

    Walia: "Sumuhun kadua-puluh ieu, upami teu lepat mah. Upami abdi teu katampi, kedah kumaha, kedah ka mana atuh?

    Ajengan: "Ayeuna mah, jig geura sare, Dirman nyaring keneh meureun, sampeurkeun ka ditu. Isukan, isuk-isuk dagoan di dieu, nya."

    Walia: "Mangga".

    Ajengan: "Heueuh, jig atuh. Geus liwat tengah peuting ieuh."

    Walia indit nyampeurkeun Dirman, Ajengan lungsur ka buruan masigit, ret ningali ka langit. Medem, bentang nu tembong ngan hiji dua, kitu oge patarenggang jeung di handap deuih.

    "Naha ieu kitu budak teh?” saurna salebeting galih. "Tapi ku euweuh pisan totonde, euweuh ilapat. Ari sada kawas moal manggih deui, ngan lah, kosong pisan, mangkaning umur dua puluh

taun jalan."

    Tidinya anjeunna abdas, cat deui ka masigit, deg netepan sunat hajat dua raka'at, Sututasna ngodoa, nyuhunkeun pituduh.

    Isukna rebun-rebun keneh Walia geus campego di golodog masigit, tempa- tempo ka jero, Ajengan teu aya, nu saralat subuh geus budal kari nu kabareurangan duaan tiluan keur ngagorol salat subuh. Walia waas jeung kabita, tapi teu bisa, poho deui rukunna, poho deul sarat sahna, teu nyaho batal haramna. Ari bareto manehna geus dipercaya ngimaman. Nu entas salat bijil ti masigit, ngaliwat ka deukeut. manehna Walia, teu kuat nahan cipanon, curucud bae ngamili, inghak-inghakan nyuuh kana golodog. Tina bangetna ngarasa sedih ati, peurih alahbatan digerihan nepi ka les kalenger. Harita karasa nu saenyana ku Walia. Nyerina

leungit ajian, leungit pangaji, leungit pangabisa, lantaran nyieun dosa. Lamun teu dipaparin inget bareto bisa, ayeuna henteu, taksiran moal karasa nyeri.

    Walia lilir soteh diguyah-guyah taktakna ku Ajengan. Kulisik cengkat, panonna rambisak keneh, ret ka Ajengan, gero teh: "Tobat Pangeran, aduh Juragan, teu kiat abdi nandangan siksaan langkung ti kieu mah."

    Ajengan: "Walia, sing inget, saha ieu?"

    Walia: "Aduh Gusti, panginten teh Juragan Panghulu bieu teh abdi ngalenyap, bawaning nyeri digebot sareng dijotosan ku pakarang anu sarareukeut, piwarangan juragan Panghulu."

    Ajengan: "Ngimpi meureun maneh teh."

    Walia: "Sumuhun manawi, nanging parantos dua sasih disiksa kitu. Dupi bieu badan abdi beulah, jajantung remuk ajur."

    Ajengan: "Heueuh ngimpi. Geus lila di dieu?

    Walia; "Duka, asa teu acan nanging asa parantos lami pisan."

    Ajengan: "Tadi kami balik, entas subuh, maneh euweuh ditempoan teh. Ari ka dieu deui, kasampak maneh keur nyuuh."

    Walia: "Sumuhun."

    Ajengan: "Peuting tea maneh dijangjian, lain?"

    Walia: "Sumuhun.

    Ajengan: "Tah, heueuh. Kieu gera kami teh hayang ngarawatan, ngan ... Ke, rek naon saenya-enyana karep maneh

hayang cicing di dieu?"

    Walia: "Sumuhun, upami katampi mah bade ngiring masantren, hayang ngupingkeun Ajengan ngawuruk. Sareng ku margi  teu gaduh naon-teu gaduh naon bade ngiring kumereb wae ka

Ajengan, naon sapiwarangan. Selang-selang tina gawe abdi hayang ngupingkeun nu ngaos."

    Ajengan: "Heueuh, ari ngarawatan

hayang, ngan...susah kumaha pipetaeunana."

   Walia ngadegdeg,  pok ngomong dumareuda: " Jadi abdi teh moal ditampi?"

    Ajengan: "Ih, lain kitu, kapan geus disebutkeun bieu oge, ngarawatan hayang, ngan kumaha pikeun maneh, kapan teu bisa ngaji qur'an-qur'an acan, ari nu sejen geus laluhur ajianana.

    Walia: "Ah, abdi mah asal diwidian ngupingkeun oge, ari Ajengan ngawuruk, parantos cekap. Di dieu wae ngupingkeun ti golodog."

   Ajengan ngahelas manahna, pok deui sasauran: "Ka maneh kami teh nyaah, karunya: ka santri-santri nu sejen nyaah jeung karunya deui. Ka maneh teu tega teh, bisi dipake gogonjakan, dipake kaheureuyan. Meureun maneh moal ngeunah dipake silib jeung sindir sampir. Ma'lum barudak ngora loba baturna di tempatna sorangan, ka nu anyar, maneh oge meureun nyaho, da geus ngalaman masantren.

    Walia: "Sumuhun."

   Ajengan: "Heueuh, tah kitu. Ari ka santri-santri karunya teh, meureun maranehna rugi, sabab saha-saha nu ngahina batur satemenna ngahina dirina pribadi, darajatna turun, ngajauhan ka

sawarega. Hayang ulah kami nyilakakeun anak sorangan sasatna.

Beunang kami niup-niup, kari-kari digebruskeun, dilelepkeun ka naraka ku sorangan. Jelema nu ngawiwirang sanak deungeun di hareupeun jelema loba, dikaluarkeun tina ahli sawarga. Lain rugi gede eta?"

    Walia: "Sumuhun. Perkawis abdi mah nuhun-nuhun oge ngarandapan panghina, hayang ngalebur tapak. Talunganan pada mikanyaah, panginten abdi moal perih."

    Ajengan: "Heug, maneh arek wayahna, orokaya itu kumaha dihalanganana, meureun karurugian."

    Walia: "Atuh dihampura bae ku abdi ti ayeuna, bilih aya nu kitu kieu mah ka abdi."

    Ajengan: "Rek timpah ngahampura?"

    Walia: "Sumuhun."

    "Ajengan: "Naha maneh moal era?"

    Walia: "Moal, margi abdi mah sanes bade ngaji, ngarah pinter, atanapi ngarah ganjaran, hayang tiasa wae, seja ngalebur dosa."

    Ajengan: "Nya ari keukeuh jeung keukeuh mah heug, jig ka ditu diuk di juru, tuh barudak geus daratang."

    Walia curinghak bawaning bungah, marahmay beungeutna sarian, panonna sorotan. Ti golodog indit ka cai, ngumbah suku.tuluy unggah ka emper, gek diuk nyempod di juru.

    Geus kumpul santri-santri prung Ajengan ngawuruk. Walia

ngabandunganana mani peureum, bawaning husu. Lebah kecap atawa kalimah anu wawuh deui mani imut, bungah. Lebah aya nu teu kaharti katerangan Ajengan, manehna merengut, kerung bari nyabak tarang. Ku Ajengan mindeng direret, jadi kauninga suka dukana ki santri ngaregepkeun ngaji kaharti sawareh.

    Ti barang prung ngaji, santri-santri rupa-rupa pamolahna, ret ka nu anyar, tuluy noel ka baturna. Nu ditoel ngarti kana maksudna, serengeh seuri. Sawareh aya nu silihreret, tuluy tingkaruwes. Najan uninga oge, Ajengan api-api teu uninga bae, peta-peta jeung isarahna santri-santri kasurti, silibna, sindir-sampirna kagalih, kabeh ditujulkeun ka Walia. Ajengan tambah welas manahna. Walia oge da lain jelema belet, kaharti karasa nu sejen

nyieun peta kitu ka manehna, ditampana ku kabungahan, aya keneh nu malire, atoh hirupna guna keur ngabubungahkeun hate batur. Ku manehna dieunteupkeun kana bodor. Cek itungan manehna, bodor mah nyieun pikabungaheun, pikaseurieun teh

ngahaja ku barang-pake mahiwal, tingkah polah minculak, budi parangi jeung ucapna jijieunan ari manehna nu sacerewelena matak jadi kasukaan batur. Jadi ana diheureuyan ku nu deukeut diukna, ngalawanna ngan ku seuri.

    Ajengan ngaluarkeun masalah, santri-santri pada nembongkeun pahamna sarta didalilan boh ku ayat qur'an, boh ku hadis Walia teu pipilueun, cicing wae ngadengekeun. Bubar ngaji, riab santri-santri sawareh ka pondokna nareundeun kitab, sawareh deul ting koloyong handapeun kai, ngadon niis. Walia inditna pangpanderina, tuluy ka taman karalan-kuriling neangan nu buni

mangih ruyuk tangkal kembang, duka kembang naon, teu nyahoeun ngaranna.

    Repeh sora bedug ngong nu adan. Di sisi balong deukeut masigit regreg nu wulu. Walia oge mili ma'mum salat lohor. 

    Bada salat Walia ngincid  kana ruyuk tea, sup ka  jerona iuh pisan, gek dina akar nyangsaya kana dapuran. Reup peureum, pok ngapalkeun nu tadi disaurkeun ku Ajengan.

    Dirman katatang-koteteng neangan, heug nanyakeun ka santri duaan tiluan. Kabeneran nu saurang nyahoeun losna ka deukeut ruyuk, omongna: "Kaka teh neangan aki-aki tujuh Mulud?..

    Dirman: "Lain aki-aki pantar ujang wae,

    Santri: "Enya, nu diiteuk tea."

    Dirman: "Tah eta.

    Santri: "Eyang Kucelod, itu keur tapa di guha larangan."

    Dirman: "Naha make kucelod-kucelod kitu?"

    Santri nu sejen nyampeurkeun, pok milu ngomong: "Nya kucel nya lodro, luad-leod, logodor iteukna panjang.

    Dirman: "Hih, teu pararuguh teuing. Ka mana losna?"

    Santri: "Kaditu tuh, kana ruyuk, duka rek nyileungleum duka rek megar.

    Dirman indit ngajugjug ka nu dituduhkeun ku santri tea. Anggang keneh oge ku Dirman geus kadenge nu ngapalkeun beuki deukeut beuki tetela. Pek digeroan: "Jang! Jang!"

    "Nun," tembal Walia, "aya naon Kaka?”

    Dirman: "Nyarakahkeun, beubeulian naker make kudu diala. Na teu hayang dahar?"

    Walia: "Keun wae, kuring mah rek puasa."

    Dirman: "Moal dahar, nya?"

    Walia: "Wah, engke wae buka."

    Dirman: "Kajeun ari moal mah. Isukan kudu hideng, entong ngahesekeun make kudu diteangan.

    Walia: "Mangga. Dirman balik, di dapur ngagorah nyaritakeun Walia.

  Saterusna Walia saban poe puasa, saban entas ngaji terus kana parantina nyingkur. Walia daharna teu bareng jeung santri-santri nu rea, da diberena ti dapur Ajengan, ngadagoan seredan. Anu 

sejen mah isuk-isuk, memeh ngaji jeung pasosore bada magrib. Ari Ajengan katumanan keur jadi sudagar keneh, tuangna tengah poe jeung peuting bada isa.

  Sakali mangsa Dirman unjukan ka Ajengan, pokna Ajengan pun Walia teh sanes kitu, jelema anu mabok ku ajian mah?"

    Ajengan: "Naha make nanyakeun kitu?"

    Dirman: "Sumuhun eta wae, abdi sieun kasiku pedah emh, sumuhun sok, emh taeun....kumawani sumun, bade neda dihampura."

#CAG_HANCA.

Comment Policy: Mangga dihaturanan nulis komentar perkawis artikel dina halaman ieu. Mugia kumpulan carita pondok sunda ieu tiasa janten jalan silaturahmi kangge urang sadayana.
Buka Komentar
Tutup Komentar