Ngawadalkeun Nyawa (Bagian 10) - Karya Moh. Ambri
Ajengan: "Ah, teu perelu. Montong ngahajakeun, engke bae dina lebaran, ambeh teu katangar."
Sajeroning sasauran kitu, manehna bingah, wireh ki Walia teu diapi-lainkeun ku Dirman jeung ku santri-santri nu sejen oge henteu diheureuykeun teuing, malah aya nu resepeun anu rek saadat mah.
Hiji poe tutup ngaji, Ajengan henteu buru-buru angkat, tapi api-api ngilari kitab. Barang santri-santri katingali geus budal, ngan kari Walia sorangan, anjeunna malik, Walia digupayan. Srog nyampeurkeun.
Ajengan: "Kumaha Walia, ngaji teh?"
Walia: "Aya hibar Ajengan, parantos aya karaosna."
Ajengan: "Lain nanyakeun karasana, kumaha aya nu nyantel?”
Walia: "Teu acan ari ngartos mah, mung aya hiji dua kecap nu nyangsang."
Ajengan ngahuleng, ningali ka luhur.
Walia: "Ti barang disaurkeun basa nembe tepang dongkap ka ayeuna, emut bae kana saur Ajengan: ''Pek wakca, supaya hampang nu jadi kabeurat hate."
Ajengan: ''Na boga picaritaeun deui?"
Walia: "Sumuhun.
Ajengan: "Cing pek caritakeun."
Walia: "Barang ngupingkeun Ajengan ngawuruk dina dintenan kahiji pisan, reup abdi peureum, bet raraosan teh abdi asa di tengah leuweung, tebih ka mana-mana panas poe mentrang-
mentring, abdi ngaraos halabhab teu kinten. Di katebihan nguping sora cai ngocor, enggal abdi ngabujeng nuturken dongkapna sora, aneh disampeurkeun teh bet cai kawas nyampeurkeun,
beuki gancang abdi leumpang, beuki tarik cai ngadeukeutanana. Beh kapendak tetela walungan ngocor, sirahna di sawarega. Regot abdi ngium, ni'matna langkung ti nanaon, margi caina herang ngagenyas, tiisna tiis anu matak seger, karaosna semu amis.
Nanging pibahyaeun diri abdi, ngagugu ka nu ngagoda, majarkeun eta mah lepat, aya anu leuwih aheng. Abdi nurut ngincid uruteun anu ngawujuk, neang cinyusu rasiah, nu sacorna ti
sawarega. Leguk-leguk abdi nginum moho, da abdi eukeur hanaang. Na ari parantos mutiktrik, horeng teh cai baruang. Abdi gagalapakan mehmehan kapisanan. Teungteuingeun nu ngawujuk tadi, ari parantos kitu mah bet ninggalkeun. Nanging pitulung Nu
Agung, nu welas asih ka abdina, abdi wangsul deui bade ka walungan, nanging naha bet asa tebih-tebih teuing. Ari sorana kakuping kawas nu caket, dijugjugna gagancangan, itu kawas
nyampeurkeun, abdi gancang, itu gancang, nanging kapendak teu acan. Hate abdi wuwuh nyongsrong."
Ajengan: "Alhamdulillah sukur, muga-muga diparengkeun maneh tereh pinanggih bagja."
Walia: "Sumuhun, abdi teh moal weleh ngarep-ngarep."
Ajengan: "Tadi cek maneh geus aya karasana, cara omongan keur tatamba."
Walia: "Sumuhun, kapan abdi teh teu cageur."
Ajengan: "Enya bener. Kumaha aya karasana teh?"
Walia: "Sumuhun, kenging leleberan ti Ajengan kadieunakeun, raraosan hate abdi robah. Abdi teh asa jadi manuk, manukna seueur sareng pepek, disadana rupi rupi. Aya manuk gede naker, buluna beureum, pamatukna siga pamatuk heulang, sukuna siihan, kukuna ranggoas sareukeut, disadana tarik teu kinten, dongkap ka sora manuk nu sanes sering kasirep sareng sok maksa ka nu sanes kedah nyenggakan, ngahaminan. Anu teu nurut, dipacok mung sakeak, paragat pegat beuheungna. Disadana ngahaleuang tembang pangkur:
Aing Keur nandang siksaan,
leungit aji liwung pariek pikir,
tapi mo saumur hirup,
aing nandang sikaan,
meureun engke tembong deui aing unggul,
da asal ge aing mulya,
lubar dosa mulya deui.
Manuk-manuk anu sanes raong nyarenggakan, diembihan ku pamuji pangoloan. Manuk beureum beki beger, ngong deui lalamunan:
"Lamun aing geus lugina,
enggeus lesot tina sedih prihatin,
paham deui kana elmu,
moal galak bantahan,
tapi arek ampuh nurutan nu luhung,
supaya pada mercaya,
sakarep aing ngajadi."
Breng deui manuk-manuk nu sejen nyarenggakan jeung pada ngabenerkeun. Cek nu sawareh puguh wae, na keur naon boga elmu, lamun hirup henteu senang, henteu mulya, ku batur henteu diugung. Kilangbara nepi ka disembah-sembah teh, atuh pada-
pada ngambeuan, pada mikaserab jeung diturut sabutuhna. Keur rame manuk-manuk disarada, paloba-loba nembongkeun lamun, ngalamun mulya di dunya, jol aya wong alim sumping,
ngadangukeun manuk disarada, teras nempo kana kurung, saurna: "Aeh-aeh, bet muji-muji jelema ngarep-ngarep pamujina, malar wedi asihna, ngarah pangaruhna, nyiar kamulyaan dunya.
Poho kana kamulyaan aherat, poho ka nu ngahirupkeun maraneh. Repeh leuwih hade pireu tinimbang puji maraneh dipake ma'siat."
Jep manuk-manuk repeh sakedapan, reuwas sareng rumaos kana kelepatanana. Nanging barang alim mungkur, manuk-manuk curinghak deui. Kadangu ku alim, malik deui kana
kurung. "Repeh!" saurna bari heos niup. Ana hiuk teh angin.panas tarik sakalangkung. Kurung teh gugalawingan manuk-manuk tinggarapak, tinggerepek, teu lami per sadayana ngeleper,
ngagaloler paraeh sapada harita
Waktos abdi ngupingkeun Ajengan ngawuruk, aya kecap anu nyangsang di abdi. Eta jadi banyu pangurip ngahirupkeun deui manuk nu gempar tea. Saban kecap ngahirupkeun manuk hiji. Ngawitanana kulisik-kulisik nyah beunta, teras cengkat, kukuliatan. Kikiplik, pek disada. Ya Allah, matak watir, cacat-cicit culang-cileung, semu nu keueung semu nalangsa. Wuwuh seueur nu hirup, disaradana wuwuh tarik, wuwuh raos benten pisan sareng kapungkur sareng eusina oge ayeuna mah muji kaagungan kamujaan Nu Mahasuci. Ayeuna manuk-manuk teh
parantos hirup deui sadayana. Upami abdi keur dihandapeun itu kembang nu ngarunggunuk, mani raong manuk-manuk maca tasbeh. Nanging ana reup wengi, manuk-manuk teh gempar deui teu aya nu hirup hiji-hiji acan. Manuk beureum nu panggedena tea, ari sonten paehna sok pangheulana, enjing-enjing hirupna sok pangpandeurina.
Kitu raraosan abdi dongkap ka waktos ieu. Eta mah sadaya-daya supados kauninga wae ku Ajengan.
"Alhamdulillah sukur, Walia," saur Ajengan, "tuh Allah mah sipat murah, sipat asih, najan urang gede dosa kalah kumaha oge, moal burung dihampura, asal urang banget tobat, rosa ibadah,"
Ajengan maos doa, sukur ka Pangeran.
Walia: "Kedah kumaha abdi teh, supados ulah angger wae kieu?"
Ajengan: "Euweuh deui ngan kudu tambah banget tobat. Kami oge moal ngantep, insya Allah dibantuan."
Tutup Ajengan sasaran, nu adan lohor tutup. Geus komat breng nu salat, biasa bae cara sapopoena. Bada salat Walia ngincid kana ruyuk kembang tea, ngadeluk dikir.
***
V. AJENGAN BINGBANG
Dina hiji mangsa Ajengan angkat ka taman, isuk keneh pisan palay uninga lebah mana parantina Walia numpi. Anu geus kapoyanan ngan pucuk-pucuk tatangkalan nu laluhur. Ajengan angkatna ngeteyep bari ngagandong panangan. Panganggona surup panganggo sepuh, dikukudung sorban koneng, diraksukan takwa bodas landung naker, sinjangna poleng doblang.
"Euh, itu meureun paranti si Walia teh," saurna lalaunan, da euweuh nu dicandak sasauran.
Maksud anjeunna arek ngaliwat bae ka lebah dinya, da tadi oge ngan hoyong uninga lebahna. Gebeg teh anjeunna ningali oray dua tingeuleugeug dina tangkal kacapiring, anggangna tina ruyuk paranti Walia kira-kira sapuluh lengkah. Bareng jeung ngagebeg
Ajengan diinkisap ku Nu Mahasuci, dadaksakala ngadangu jeung ngartos kana omong sasatoan. Tetela naker oray teh silih bageakeun. Geuwat Ajengan nyalingker, supaya ulah katenjoeun ku oray.
Demi oray nu hiji oray matih teu kira-kira, tapi Ajengan geus uningaeun, oray nu aya di urang. Nu hiji deui Ajengan kakara mendak harita, matihna moal gagal, dan huluna juru tilu.
Cek oray pribumi: "Bagea, ieu teh baraya ti mana?
Oray semah: "Jauh kula teh ti alas peuntas."
Oray pribumi: "Ambu-ambu, kutan ti alas peuntas. Kumaha pang bisa nepi ka dieu?"
Oray semah: "Ah, entong nanyakeun kumaha-kumahana rasiah"
Oray pribumi: "Lain kitu baraya, aya naon jauh-jauh datang ka dieu?
Oray semah: "Kula teh saterangna lain jauh-jauh tambuh laku, lain lentang tanpa beja, aya pisan nu diseja, rek macok jelema."
#CAG_HANCA.